NGAREGEPKEUN PEDARAN NGARIKSA BADAN No. NGAREGEPKEUN TEMBANG No.

11

Bab 2 Pituduh Husus

B. NGAREGEPKEUN PEDARAN NGARIKSA BADAN No.

Kagiatan 5. Guru nerangkeun yén Aa téh budak apik, tur geus baku ngariksa badanna sorangan. Ciri-cirina budak apik téh tara poho mandi, sapoé dua kali. Mandina maké sabun. 6. Guru bisa nyelang nanya heula ka murid, upamana: a Ari hidep mandi sok iraha waé? b Naha geus bisa mandi sorangan, atawa sok dimandian kénéh ku ibu? c Kumaha karasana lamun geus mandi? 7. Saterusna guru nerangkeun hal séjénna anu kaasup kana hirup apik dina ngariksa badan, nyaéta huntu kudu dikosok jeung kuku kudu dikeureutan ulah sina kalotor. Ngosok huntu ogé sarua, sakurang-kurangna dua kali dina sapoé. Lamun huntu langka dikosok engkéna bakal katerap nyeri huntu. Kitu deui lamun kuku teu dikeureutan, komo mun bari kalotor, engkéna bakal nularkeun kuman kana dahareun dina waktuna urang dahar. 8. Dina ngariksa badan téh kaasup kudu apik barangdahar deuih. Ulah sok tambarkan atawa sagal didahar, pangpangna kadaharan anu lada, sabab bisi katerap nyeri beuteung. 9. Sangkan séhat, urang kudu nyeuseup hawa nu beresih. Éta pangna jandéla kamar kudu dibuka, sangkan hawa beresih tur seger bisa asup ka kamar. Mana komo lamun ku mukakeun jandéla kamar téh cahaya panonpoé bisa asup. Éta téh matak séhat pikeun urang.

C. NGAREGEPKEUN TEMBANG No.

Kagiatan 10. Satutas ngaregepkeun carita ngeunaan Aa dina sapopoéna, saterusna murid sina ngaregepkeun tembang. Eusina ngébréhkeun miara badan, minangka bagian tina rasa sukur ka Gusti Nu Maha Agung, sabab hirup séhat. Kaséhatan téh kacida pentingna. Éta pangna wajib ngariksa sakujur badan. Lain waé nu mangrupa bagian tina jasmani atawa lahiriahna, tapi deuih rohanina. 11. Anu dipilih pupuh pucung, sabab katimbang babari dina nembangkeunana. Lian ti éta, ukur diwangun ku opat padalisan. 12 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas I 12. Mimitina ku guru digalantangkeun heula, sapadalisan-sapadalisan. Saterusna ku guru ditembangkeun sagemblengna, murid sina ngabarandungan. Dina hal ieu, guru kudu geus bisa nembangkeunana. Mun ku guru geus dicontoan, murid sina nurutan nembangkeunana, babarengan. Bakal leuwih alus mun guru bisa ngacapi, pikeun pamirig murid anu keur narembang.

D. NGALISANKEUN JAWABAN No.