LATIHAN NULIS No. NGAREGEPKEUN CARITA No.

17

Bab 2 Pituduh Husus

L. LATIHAN NULIS No.

Kagiatan 40. Pangajaran 1 dipungkas ku latihan nulis. Anu kudu disalin ku murid téh kalimat anu diwangun ku tilu engang, kabéhna aya sapuluh kalimah. 41. Ku guru dicontoan heula cara nuliskeunana dina bor, terus ku murid sina diturutan. Murid migawé ieu pancén téh dina buku tugas masing-masing. 42. Hasil pagawéan murid dipariksa ku guru, terus dipenteun. 18 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas I PANGAJARAN 2 Tema : Bahan : Téks jeung gambar Waktu : 4 minggu KAGIATAN DIAJAR NGAJAR Tatahapan dina Pangajaran 2 masih kénéh sarua jeung dina pangajaran saméméhna. Dimimitian ku aspék ngagunakeun basa nu pangbasajanna, nyaéta ngaregepkeun. Ti dinya disambungku aspék nyarita, terus maca, jeung mungkaskeunana nulis. Dina pangajaran maca, murid diwanohkeun kana fonem vokal “e”, jeung fonem konsonan “p”, “g”, “c”, “w”, jeung “y”. Dina diajarna, murid mimiti diwanohkeun kana konsép kabasaan anu leuwih kompléks. Dina diajar maca, teu salawasna dicukangan ku gambar, tapi langsung kana ungkara kecapna.

A. NGAREGEPKEUN CARITA No.

Kagiatan 1. Guru nerangkeun, ayeuna urang dialajar deui basa Sunda. Mimitina urang nyaritakeun pangaresep. Murid sina maruka buku pangajaranana. Ku guru diroris heula bisi aya anu salah muka kacana. 2. Guru némbongkeun gambar japati jeung kelenci. Ti dinya terus nanya ka murid, ari ieu gambar naon? Ku guru dijelaskeun heula yén ieu téh japati jeung kelenci bogana Tisna nu sok biasa disebut Aa téa. Tisna téh karesepna ngukut sasatoan. 3. Guru maca téks nu judulna “Resep Miara Sato”. Murid sina ngaregepkeun. Mimiti dibaca per kalimah, murid sina nurutan ngucapkeun. Geus kitu dibacana dua kalimah, dua kalimah. Ieu gé sarua ku murid sina diturutan ngucapkeunana. 4. Saréngséna ngaragepkeun téks anu dibaca ku guru, murid sina ngaregepkeun pedaran saterusna. Ku guru dicaritakeun deui yén lamun urang resep miara sasatoan, peupeujeuh kudu diurus kalawan tulatén, kawas Tisna. Ulah tepi ka poho maraban, jeung kandangna kudu diberesihan. Lamun miaran teu bener, matak jadi dosa éta téh. 19

Bab 2 Pituduh Husus