63
Bab 2 Pituduh Husus
PANGAJARAN 8
Tema
: Kajadian Alam
Bahan
: Téks jeung gambar
Waktu
: 4 minggu
KAGIATAN DIAJAR NGAJAR
Pangajaran 8 jadi panutup ieu buku jilid I. Téma anu kudu dipidangkeun dina ieu pangajaran nyaéta ngeunaan kajadian atawa peristiwa alam. Dipiharep murid wanoh kana
sakur peristiwa alam anu lumangsung di sabudeureun maranéhna. Pikeun ngukur kamampuh murid dina nyangkem matéri pangajaran, aya sawatara
tugas anu kudu dipigawé ku maranéhna. Hasil pagawéan murid dibahas babarengan, terus ku guru dipeunteun.
A. MACA BEDAS No.
Kagiatan
1. Téks anu kudu dibaca téh judulna “Katumbiri”. Saluyu njeung téma anu
ditangtukeun dina KI-KD, eusi ieu téks téh ngeunaan peristiwa alam, anu dina hal ieu katumbiri. Ku maca ieu téks dipiharep kaweruh murid ngeunaan
kajadian alam anu lumangsung di sabudeureunana bisa nambahan.
2. Kajadian alam anu dipidangeun pikeun nedunan téma pangajaran téh dwadahan
dina hiji wacana anu nyaritakeun kaayaan pasosoré. Harita loba barudak keur arulin di buruan.
3. Guru méré conto ku maca sawatara kalimah dina téks, sina dibarandungan ku
murid, terus sina nurutan. 4.
Murid dititah maca téks, dibedaskeun, bagilir saurang-saurang, anu séjénna ngabarandungan. Mimitina macana téh cukup sakalimah-sakalimah waé, ti
dinya terus ditingkatkeun jadi dua kalimah, dua kalimah.
5. Sakabéh murid kudu kabagian giliran, sangkan kanyahoan saha-sahana anu
macana geus lancar, jeung saha-sahana anu tacan lancar. Murid anu tacan lancar macana kudu diperhatikeun sacara husus, jeung terus dilatih.
64
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas I
6. Saréngséna maca, eusi téks ku guru diterangkeun saliwat, utamana matéri nu
patali jeung kajadian alam. Ngeunaan hal ieu nyambung jeung bakal dipedar leuwih lega dina pangajaran saterusna.
B. NGABANDUNGAN PEDARAN NGEUNAAN KAJADIAN ALAM No.
Kagiatan
7. Dina ieu bagian, guru nerangkeun anu dimaksud kajadian alam. Tangtuna ogé
anu ilahar kapanggih sapopoé waé, upamana guru tumanya heula, “Saha anu kungsi nempo katumbiri? Pastina gé kungsi, nya. Lain hal anu anéh katumbiri
téh. Di langit melengkung warna-warni. Kabéhna téh aya tujuh rupa, nyaéta beureum, oranyeu, koneng, héjo, biru, nila, jeung wungu.
Katumbiri témbong di langit lamun tas aya hujan poyan. Hidep apal nu dimaksud hujan poyan? Hujan poyan téh nyaéta ongkoh hujan, tapi angger
aya cahaya panonpoé. Tah timbulna katumbiri téh lantaran cai hujan anu kasorot ku cahaya panonpoé. Témbongna katumbiri téh tara lila. Lamun
hujanna geus euweuh mah, katumbirina ogé leungit. Jadi saenyana katumbiri téh teu ngawujud barang, da éta mah beunang disebutkeun ukur kalangkang
cai hujan.”
8. Guru nerangkeun ruparupa kajadian alam séjénna anu umumna karandapan
ku murid dina kahirupan sapopoéna, upamana ngeunaan panonpoé. Isuk-isuk panonpoé mucunghul ti beulah wétan, dunya jadi caang. Di lemah cai urang
mah caang téh kurang leuwih salila dua welas jam. Panonpoé tilem di beulah kulon, dunya jadi poék, nyaéta nu disebut datangna peuting. Ieu gé sarua
kurang leuwih dua welas jam. Dina wanci peuting urang sok reureuh, sangkan isukna karasa seger.
9. Saterusna guru medar ngeunaan ayana usum halodo jeung usum hujan. Aya
usum halodo, jeung aya usum hujan. Lamun keur usam halodo, loba tempat anu hésé cai. Sok aya kahuruan deuih lamun keur usum halodo téh. Anu matak
hidep ulah sok nyoo seuneu. Sumur, balong, jeung walungan loba nu saat. Sabalikna ari keur dina usum hujan mah sumur, balong, jeung walungan téh
parinuh deui ku cai. Tapi usum hujan téh bisa nyababkeun caah deuih. Imah jeung wawangunan lianna kakeueum. Kitu deui jalan tepi ka kendaraan teu
barisa maju. Turunna hujan ogé rupa-rupa. Aya hujan ngegbrét dibarung ku dor-dar gelap. Aya anu dibarung ku tarikna angin, disebutna hujan angin. Aya
nu disebut hujan poyan. Lamun hujanna henteu gedé disebut hujan miripis atawa girimis. Tah, mun hujan murupuy mah leuwih leutik ti girimis.
65
Bab 2 Pituduh Husus