29
Bab 2 Pituduh Husus
G.  DIAJAR MACA 2 No.
Kagiatan
29. Dina  pangajaran  Diajar  Maca  2  anu  kudu  diéjah  téh  kecap  anu  diwangun
ku  opat  engang,  nyaéta  balédésa,  kacapanon,  panonpoé,  sandiwara,  olahraga, babakaur, katumbiri, jeung majaléngka.
30. Anu kudu dibaca téh kecap kantétan anu diwangun ku dua kecap. Ngajarkeunana
masih  kénéh  kudu  dituyun  ku  guru.  Kecapna  dibaca  ku  guru,  murid  sina nurutan. Prak-prakan ngajarkeunana mah teu béda ti anu enggeus-enggeus.
H.  MACA KALIMAH 2 No.
Kagiatan
31. Tina diajar maca kecap kantétan, saterusna murid dibéré deui pangajaran maca
kalimah anu kecapna aya anu diwangun ku opat engang. 32.
Kalimah anu kudu dibaca téh kabéhna aya dalapan. Prak-prakanana teu béda ti  nu enggeus-enggeus.
I.   MACA BEDAS No.
Kagiatan
33. Murid diwanohkeun kana téks winangun wacana. Témana masih ngébréhkeun
kagiatan, dina hal ieu nyaéta olahraga. 34.
Ieu wacana téh sina dibaca bedas ku murid. Prak-prakanana dituyun ku guru. Dibaca sajajar-sajajar, murid sina nurutan.
35. Saluyu jeung judulna, eusi ieu wacana téh nyaéta nyaritakeun gunana olahraga:
penting  pikeun  kaséhatan,  ngalantarankeun  urang  jadi  gumbira,  nambahan kawawuhan, jeung ngaraketkeun duduluran.
36. Ngeunaan gunana olahraga ku guru terus diterangkeun, naon anu dimaksud
kaséhatan,  timbulna  rasa  gumbira,  jeung  nambahan  kawawuhan  katut ngaraketkeun duduluran. Guru bisa tumanya, upamana: “Ari hidep sok olahraga
naon? Reesep henteu?” Jeung saterusna. Murid sina ngajarawab dumasar kana pangalaman atawa pamanggihn masing-masing.
30
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas I
J.   NGEDALKEUN JAWABAN No.
Kagiatan
37. Pikeun ngukur kamampuh dina nyangkem eusi wacana, murid sina ngajarawab
pertanyaan sacara lisan. 38.
Pertanyaanana dibaca ku guru, terus sina dijawab ku murid, saurang-saurang. Hiji pertanyaan bisa waé diasongkeun ka sababaraha murid.
39. Jawaban murid kudu dipeunteun. Pikeun patokan guru dina meunteun bisa
dititénan ieu di handap. 1.  di mana senam poé ahad téh tempatna
jawabanana: di lapang balédésa
2.  tabuh sabaraha nu rék senam karumpulna
jawabanana: tabuh tujuh
3.  sok maraké naon anu mariluan senam téh
jawabanana: maraké baju jeung sapatu olahraga
4.  naha ari barudak ogé sok miluan senam
jawabanana: sabab barudak ogé resepeun
5.  penting pikeun naon ari olahraga téh
jawabanana: pikeun kaséhatan
6.  mun olahraga naha matak jadi gumbira
jawabanana: sabab bisa nambah kawawuhan
7.  penting henteu mun urang loba sobat
jawabanana: penting
8.  naon waé gunana mun urang loba sobat
jawabanana: pikeun silih tulungan
9.  ari kagiatan hidep sapopoé naon waé
jawabanana dipasrahkeun kana pangalaman murid séwang-séwangan
10.  di mana tempatna mun hidep olahraga
jawabanana dipasrahkeun kana pangalaman murid séwang-séwangan
31
Bab 2 Pituduh Husus
K.  MACA PAGUNEMAN No.
Kagiatan
40. Murid  diwanohkeun  kana  téks  winangun  wacana  paguneman.  Kabéhna  aya
dua  judul.  Kahiji,  judulna “Miluan  Senam”,  palakuna  papada  awéwé,  nyaéta Yanti jeung Sinta. Kadu, judulna “Piknik ka Ciwidéy”, palakuna papada lalaki,
nyaéta Pandu jeung Irman.
41. Ku  guru  ditémbongkeundituduhkeun  heula  gambarna,  bari  diterangkeun
éta téh gambar naon waé. 42.
Guru  nyontoan  maca  saban  wacana,  ku  murid  sina  diturutan  ngucapkeunana, babarengan. Geus kitu sina diturutan ku saurang-saurang.
L.   LATIHAN PAGUNEMAN No.
Kagiatan
43. Saterusna guru méré tugas molahkeun paguneman di hareupeun kelas. Pikeun
paguneman kahiji, anu dibéré tugas téh murid awéwé, saha anu jadi Yanti, jeung saha  anu  jadi  Sinta.  Pikeun  paguneman  kadua,  anu  dibéré  tugas  téh  murid
lalaki, saha anu jadi Pandu, jeung saha anu jadi Irman.
44. Alus pisan mun dina kagiatan molahkeun paguneman téh murid sina maca
téks sorangan. Tapi pikeun murid anu tacan lancar mah bisa bari dituyun ku guru.
45. Sajeroning  dua  murid  keur  molahkeun  paguneman,  murid  séjénna  sina
ngabarandungan.