43
Bab 2 Pituduh Husus
9. Naon anu kudu dicaritakeun ku murid ngeunaan pangalaman anu kungsi
karandapan ku dirina, dicukangan ku dalapan pertanyaan. Sakur murid sina ngajawab sacara lisan, dibagilirkeun saurang-saurang. Anu séjénna sina
ngabarandungan.
1. harita hidep nyaba ka mana murid sina nyebutkeun ngaran lokasi anu dijugjugna
2. di mana éta téh tempatna murid sina nyebutkeun wewengkonna aya di kabupatén mana
3. jeung saha hidep inditna murid sina nyebutkeun saha waé anu indit bareng jeung manéhna
4. kumaha ari kaayaan di jalanna murid sina nyaritakeun kaayaan anu katempo di jalanna
5. aya naon waé di tempat anu dituju murid sina nyaritakeun rupa-rupa obyek di tempat anu dijugjug
6. naon waé anu nyababkeun hidep ngarasa resep murid sina nyebutkeun alesan pangna resep ka tempat anu
dijugjugna 7. meunang oléh-oléh naon hidep ti tempat nyaba
murid sina nataan oléh-oléh naon waé ti tempat anu dijugjugna 8. naha hidep hayang deui nyaba ka éta tempat
murid sina nyebutkeun minat nyaba ka tempat anu dijugjugna 10.
Kamampuh murid dina nyaritakeun pangalaman dirina kudu dipeunteun. Aspék nu dipeunteunna di antarana ngawengku: sikep dina nyarita, kamampuh
lancar henteuna nyarita, jeung matéri anu dicaritakeunana.
D. NYARITAKEUN GAMBAR No.
Kagiatan
11. Anu dimaksud gambar di dieu téh saenyana potrét. Pangna milih potrét téh
sangkan leuwih auténtik dina nyaritakeun kaayaan anu diébréhkeun dina éta potrét.
12. Guru némbongkeunnuduhkeun potrét sakumaha anu aya dina buku
pangajaran. Kahiji, potrét di kebon binatang. Kadua, potrét di sisi basisir.
44
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas I
13. Guru nyaritakeun pangalaman Wéndi jeung Yunita patali jeung éta potrét.
Wéndi piknik ka kebon binatang, diajakan ku lanceukna. Loba sasatoan anu asalna Wéndi teu nyaho. Geuning mani rupa-rupa pisan. Kaasup sasatoan anu
geus langka. Di kebon binatang téh aya maung, gajah, banténg, biruang, uncal, jeung rupa-rupa sato lianna. Ari Yunita mah piknikna ka basisir. Pamandangan
di sisi laut kacida éndahna. Yunita diajakan tumpak parahu. Saméméh balik Yunita meuli heula barang karajinan tina kerang keur oléh-oléh. Pangalaman
Wéndi jeung Yunita bisa dititénan dina gambar. Kumaha ari kaayaan di kebon binatang, jeung kumaha ari pamandangan di sisi laut.
14. Sajeroning nyaritakeun pangalaman Wéndi jeung Yunita téh ku guru bari
dituduhkeun potrétna. Murid sina saregep ngabandungan. 15.
Saterusna guru méré tugas ka murid sangkan nyaritakeun deui pangalaman Wéndi jeung Yunita dumasar kana potrétna. Prak-prakanana mah bagilir waé
saurang-saurang.
16. Dina waktu salah saurang murid keur nyarita, anu séjénna sina
ngabarandungan.
E. NGAGALANTANGKEUN KALIMAH PANANYA No.
Kagiatan
17. Ieu pangajaran téh pikeun ngalatih murid dina ngalisankeun kalimah pananya.
Kahiji dina lentong atawa intonasina. Kadua, sangkan murid bisa ngagunakeun kecap pananya kalawan merenah.
18. Aya dua kecap pananya anu diajarkeun, nyaéta “saha” jeung “naon”. Ku guru
diterangkeun gunana éta kecap pananya. Saha digunakeun pikeun nanyakeun jalma. Ari naon digunakeun pikeun nanyakeun barang atawa hiji kajadian nu
patali jeung barang.
19. Mimitina dipidangkeun heula kalimah wawaran, terus disambung ku kalimah
pananyana. Ku cara kieu dipiharep murid meunang gambaran anu jelas dina ngagunakeun kalimah pananya.
20. Boh kalimah wawaranana boh kalimah pananyana, ku guru dibaca heula, terus
sina diturutan ku murid dina ngalantangkeunana. Saterusna mah bisa waé sina langsung dibaca ku murid.
21. Sakabéh murid kudu meunang giliran ngagalantangkeun kalimah pananya.
Kudu diperhatikeun kumaha kamampuh murid dina ngalisankeunana, utamana nu patali jeung lentong atawa intonasi.
45
Bab 2 Pituduh Husus