53
Bab 2 Pituduh Husus
7.  kumaha lamun dahan anu peunggas ninggang jawabanana: matak bahaya
8.  kudu kumaha mun aya jalan anu legok jeung leueur jawabanana: kudu disaeur
9.  ti tabuh sabaraha mimiti kerja baktina téh jawabanana: ti saméméh haneut moyan
10.  naon waé konsumsi dina kerja bakti téh jawabanana: leupeut goréngan goréng ulén papais jeung bandrék
J.   NITÉNAN GUNANA PAKAKAS No.
Kagiatan
36. Guru  némbongkeunnuduhkeun  rupa-rupa  gambar  pakakas  sakumaha  anu
aya dina buku pangjaran, kabéhna aya dalapan rupa, nyaéta arit, pacul, singkup, lori, hapé, kaméra, komputer, jeung blénder. Kabeh ogé dianggap pakakas anu
geus  ilahar  kapanggih  dina  kahirupan  sapopoé,  di  antarana  aya  pakakas  anu kagolongkeun modéren.
37. Ku guru diterangkeun gunana éta pakakas. Guna anu énténg tur basajan waé,
anu sakirana kahontal ku pamikiran murid kelas I, nyaéta: 1  arit pikeun ngala atawa ngababad jukut
2  pacul pikeun ngali taneuh 3  singkup pikeun nyodokan taneuh atawa runtah
4  lori pikeun ngakutan barang 5  hapé pikeun nelepon atawa ngirim SMS
6  kaméra pikeun motrét 7  komputer pikeun nulis atawa nyieun gambar
8  blénder pikeun nyieun jus bungbuahan atawa ngalemeskeun bungbu 38.
Murid  dipentés  sina  nerangkeun  deui  gunana  éta  sakur  pakakas.  Bisa  waé anu dicaritakeun ku murid téh aya di saluareun anu diterangkeun ku guru.
Aya  alusna  mun  bisa  kitu  téh,  sabab  éta  hartina  aya  kaweruh  lianna  anu dipiboga ku murid.
54
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas I
No. Kagiatan
39. Pangajaran  dina  ieu  bagian  aya  patalina  jeung  pedran  dina  pangajaran
saméméhna, nyaéta perkara gunana pakakas. 40.
Murid dipentés sina ngalengkepan kalimah ku ngaran pakakas atawa barang. Ieu  tugas  sina  dipigawé  di  imah  masing-masing.  Minggu  hareupna  terus
dibahas babarengan, sarta dipeunteun.
41. Ku guru dicontoan heula cara migawéna, bari diterangkeun naon maksudna.
Kecap pikeun ngalengkepan éta kalimah téh bisa waé henteu sarupa. 42.
Anu dipigawé ku murid téh sagemblengna kieu: 1.   héni nyiksikan bawang maké péso
2.   ageng nyeukeutan patlot maké uril 3.   néngsih ngaréndos bungbu maké mutu
4.   dudi ngarapet langlayangan maké elém 5.   mang dadan meulahan papan maké ragaji
6.   bibi sumarni nyeuseuhan baju maké sabun 7.   rustono keur nyodokan runtah maké pengki
8.   édi ngajulan jambu tina tangkal maké gantar 9.   karmila meresihan kaca jandéla maké elap
10.  déwi motongan lawon bahan baju maké gunting
55
Bab 2 Pituduh Husus