MACA PAGUNEMAN No. LATIHAN PAGUNEMAN No. NGAREGEPKEUN CARITA No.

31

Bab 2 Pituduh Husus

K. MACA PAGUNEMAN No.

Kagiatan 40. Murid diwanohkeun kana téks winangun wacana paguneman. Kabéhna aya dua judul. Kahiji, judulna “Miluan Senam”, palakuna papada awéwé, nyaéta Yanti jeung Sinta. Kadu, judulna “Piknik ka Ciwidéy”, palakuna papada lalaki, nyaéta Pandu jeung Irman. 41. Ku guru ditémbongkeundituduhkeun heula gambarna, bari diterangkeun éta téh gambar naon waé. 42. Guru nyontoan maca saban wacana, ku murid sina diturutan ngucapkeunana, babarengan. Geus kitu sina diturutan ku saurang-saurang.

L. LATIHAN PAGUNEMAN No.

Kagiatan 43. Saterusna guru méré tugas molahkeun paguneman di hareupeun kelas. Pikeun paguneman kahiji, anu dibéré tugas téh murid awéwé, saha anu jadi Yanti, jeung saha anu jadi Sinta. Pikeun paguneman kadua, anu dibéré tugas téh murid lalaki, saha anu jadi Pandu, jeung saha anu jadi Irman. 44. Alus pisan mun dina kagiatan molahkeun paguneman téh murid sina maca téks sorangan. Tapi pikeun murid anu tacan lancar mah bisa bari dituyun ku guru. 45. Sajeroning dua murid keur molahkeun paguneman, murid séjénna sina ngabarandungan. 32 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas I PANGAJARAN 4 Tema : Kulawarga Bahan : Téks jeung gambar Waktu : 4 minggu KAGIATAN DIAJAR NGAJAR Saluyu jeung témana ngeunaan kulawarga, dina ieu pangajaran, murid diwanohkeun kana lingkungan anu leuwih lega. Maranéhna dipiharep bisa nataan anggota kulawargana masing-masing. Lian ti éta, dina ngipuk karakter positif, murid bisa nempatkeun dirina kalawan bener dina kahirupan kulawargna, utamana dina nerapkeun étika. Dina diajar maca, murid mimiti diwanohkeun kana fonem konsonan “ny”. Ti dinya ditéma ku latihan nuliskeunana. Masih kénéh dina diajar maca, murid dilalanyahan sina maca bedas, dumasar kana anggapan yén maranéhna geus bisa ngéjah aksara

A. NGAREGEPKEUN CARITA No.

Kagiatan 1. Murid maruka buku pangajaran basa Sunda. Ku guru diroris heula bisi aya anu salah muka kacana. 2. Guru némbongkeun gambar kulawarga Tisna anu keur tumpak délman. Aya lanceukna, aya adina, aya ibuna, jeung aya apana. Ku guru dijelaskeun heula yén ieu téh kulawarga Tisna, terus dituduhkeun hiji-hijina. 3. Guru maca téks nu judulna “Kulawarga Tisna”. Murid sina ngaregepkeun. Mimiti dibaca per kalimah, murid sina nurutan ngucapkeun. Geus kitu dibacana dua kalimah, dua kalimah. Ieu gé sarua ku murid sina diturutan ngucapkeunana. 4. Saréngséna ngaragepkeun téks anu dibaca ku guru, murid sina ngaregepkeun pedaran saterusna. Ku guru dicaritakeun deui kumaha layeutna Tisna sadudulur. Leuwih jauhna hal ieu bakal dipedar dina bagian B. Ngabandungan Piwuruk. 33

Bab 2 Pituduh Husus