57
Bab 2 Pituduh Husus
11. Saterusna  diterangkeun  étika  dina  nginjeum  barang  batur.  Lamun  urang
nginjeum barang batur, kudu gancang dipulangkeun deui ka anu bogana. Ulah terus dikeukeuweuk. Dina mulangkeunana, urang kadé poho nyebut nuhun.
12. Pedaran  guru  anu  dibarandungan  ku  murid  téh  bakal  kasampeur  deui  dina
bagian saterusna, nyaéta waktu murid dibéré tugas ngalengkepan kalimah.
C.  NGALENGKEPAN KALIMAH No.
Kagiatan
13. Satutas  ngabandungan  pedaran  guru,  murid  dipentés  kamampuhna,  sina
ngalengkepan kalimah, patali jeung eusi pedaran. 14.
Aya dalapan kalimah anu kudu dipigawé ku murid. Eusina cukup ku sakecap waé.  Ieu  tugas  ngalengkepan  kalimah  téh  sina  dipigawé  dina  buku  tugas
masing-masing.
15. Ku  guru  dicontoan  heula  cara  migawéna,  tur  diterangkeun  yén  kecap  anu
kudu dieusikeun téh aya dina pedaran dina pangajaran saméméhna. 16.
Hasil pagawéan murid dibahas babarengan, terus dipeunteun. 17.
Pikeun padoman dina meunteunna, bisa dititénan ieu di handap:
1.  barang anu tadina alus ahirna mah bakal ruksak 2.  lamun barang hayang awét urang kudu apik
3.  barang anu geus ruksak moal payu kana duit 4.  lamun apik ngurusna umur barang bisa panjang
5.  kudu leuwih apik mun nginjeum barang ti batur 6.  lamun barang batur leungit ku urang kudu digantian
7.  urang moal dibéré deui nginjeum da batur kapokeun 8.  dina mulangkeun barang batur kudu nyebut nuhun
D.  NYUSUN KALIMAH No.
Kagiatan
18. Ieu  pangajaran  pikeun  ngukur  kamampuh  murid  dina  ngagunakeun  basa
sacara  tinulis.  Murid  dibéré  tugas  nyusun  kalimah  ngagunakeun  kecap  anu geus disayagikeun. Anu kudu disusun pikeun saban kalimah téh lobana lima
kecap.
58
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas I
19. Minangka pikeun nuyun murid dina migawéna, kecap awal dina kalimah geus
disadiakeun. Jadi murid mah ngan kari neruskeun waé. Anu kudu disusun ku murid téh aya sapuluh kalimah.
20. Guru méré heula conto, kumaha prak-prakan nyusun kalimahna. Saméméhna
titénan heula, anu geus disadiakeun téh kecap naon waé. 21.
Ieu  tugas  sina  dipigawé  di  imah  masing-masing.  Minggu  hareupna  terus dibahas babarengan, sarta dipenteun.
22. Pikeun padoman dina meunteunna, bisa dititénan ieu di handap:
1.  entong – kahadé –baju – kotor – maké
kahadé entong maké baju kotor
2.  séhat – maké – henteu – kotor - baju
maké baju kotor henteu séhat
3.  tacan – awét – tangtu – mahal – barang
barang mahal tacan tangtu awét
4.  hartina – barang – kana – hémat – apik
apik hartina hémat kana barang
5.  batur – bébéja – kudu – maké – barang
maké barang batur kudu bébéja
6.  henteu – ngaku – batur – hadé – barang
ngaku barang batur henteu hadé
7.  kawajiban – kana – apik – jadi – barang
apik kana barang jadi kawajiban
8.  kudu – sangkan – sapatu – awét - disemir
sangkan awét sapatu kudu disemir
9.  baju – maksakeun – ulah – maké – baseuh
ulah maksakeun maké baju baseuh
10.  dipakéna – beresih – baju – genah – matak
baju beresih dipakéna matak genah
E.   NEMBANGKEUN PUPUH KINANTI No.