49
Bab 2 Pituduh Husus
B. NGABANDUNGAN PEDARAN MIARA LINGKUNGAN
No. Kagiatan
6. Dina ieu bagian aya pedaran anu kudu dibaca ku guru, sina dibarandungan
ku murid. Wacanana ditulis dina wangun prosa déskripsi. Eusina nyaritakeun kaayaan alam, jeung kumaha kuduna dina lebah miarana sangkan teu
ngadatangkeun mamala.
7. Ku guru dibaca masing antaré. Malah alusna mah tepi ka dua balikan, sangkan
eusina enya-enya kacangkem ku murid. 8.
Saréngséna dibaca terus diterangkeun. Bakal leuwih alus mun guru bisa némbongkeun sawatara gambar anu patali jeung miara alam.
9. diajak paguneman ngeunaan matéri anu bieu diterangkeun, upamana waé ku
ngasongkeun pertanyaan anu patali jeung kaayaan di sabudeureun murid: 1 Lamun keur usum halodo, naha di tempat hidep sok hésé cai?
2 Lamun keur usm hujan, naha di tempat hidep sok banjir? 3 Naha di tempat hidep aya tempat pamiceunan runtah?
4 Ari runtahna sok terus dikumahakeun?
C. NGANGGEUSKEUN KALIMAH No.
Kagiatan
10. Satutasna ngabandungan pedaran miara lingkungan, murid sina nganggeuskeun
kalimah. Murid ngan kari ngeusian bagian anu dikosongkeun. Eusina mah cukup ku sakecap waé.
11. Ieu tugas téh pikeun ngukur kamampuh murid dina nyangkem pedaran nu ditepikeun
ku guru. Lian ti éta, pikeun ngukur katapis murid dina nuliskeun kalimah. 12.
Hasil pagawéan murid dibahas babarengan, terus ku guru dipeunteun. Pikeun padoman dina meunteun, bisa dititénan ieu di handap:
1. dina usum hujan langit mindeng ceudeum 2. ari rék turun hujan hawa robah jadi panas
3. turunna hujan téh jadi rahmat pikeun kahirupan 4. dina usum hujan sumur sok pinuh deui caina
5. cai hujan kudu sina gancang nyerep kana taneuh 6. solokan jeung walungan teu ngalir lantaran kapengpet
7. tangkal kai anu rungkad matak bahaya lamun ninggang 8. ceuk dina aturan urang entong miceun runtah ka solokan
50
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas I
D. DIAJAR MACA No.
Kagiatan
13. Guru némbongkeunnuduhkeun gambar jangkrik, angklung, semprong, jeung
congkrang. Guru nanya ka murid, ari ieu gambar naon waé? 14.
Dina pangajaran diajar maca ayeuna murid diwanohkeun kana fonem konsonan rangkep, nyaéta kr, kl, jeung pr. Ku kituna, dina ngéjhna ogé balik deui kana
métodeu SAS.
15. Guru nyontoan ngéjah aksara, murid ngabarandungan, terus babarengan sina
nurutan. Geus kitu dipentés saurang-saurang.
E. NGUCAPKEUN KALIMAH No.
Kagiatan
16. Patali jeung fonem konsonan rangkep sakumaha anu diéjah dina diajar maca,
saterusna murid dilatih ngucapkeunana dina kalimah. 17.
Aya lima kalimah nu kecapna ngandung fonem konsonn rangkep, nyaéta tr dina mantri jeung listrik, cr dina kancra, kr dina jangkrik, jeung bl dina
jemblung.
18. Kalimahna dibaca heula ku guru, murid sina ngabarandungan. Geus kitu
maranéhna sina nurutan ngucapkeunana babarengan. 19.
Murid dipentés ngucapkeun kalimah saurang-saurang, anu séjénna sina ngabarandungan. Ku guru kudu enya-enya diperhatiken bisi dina ngucapkeun
fonem konsonan rangkapna tacan jéntré.
F. NYALIN KALIMAH No.