DIAJAR MACA 3 No. NGUNIKEUN KECAP No. LATIHAN NYALIN KALIMAH No.

21

Bab 2 Pituduh Husus

18. Guru nyontoan macana, kalawan prak-prakanana kawas pangajaran anu ti heula waktu ngajarkeun diajar maca. Murid sina ngaregepkeun, terus sina nurutan ngucapkeun. Mimitina babarengan, terus saurang-saurang.

F. DIAJAR MACA 3 No.

Kagiatan 19. Mun dina diajar maca saméméhna ngagunakeun gambar pikeun alat peragana, dina Diajar Maca 3 mah langsung waé kana ungkara kecap. 20. Anu kudu diéjah téh kecap tilu engang, polana KV-V-KV piala, KV-KV-V radio, AK-KV-KV aksara, V-KVK-KV arimbi, KV-KV-VK kiloan, KV- KVK-KV karamba, KV-KVK-KVK tarumpah, jeung KVK-KV-KVK komputer. 21. Guru nyontoan macana, kalawan prak-prakanana kawas pangajaran anu ti heula waktu ngajarkeun diajar maca. Murid sina ngaregepkeun, terus sina nurutan ngucapkeun. Mimitina babarengan, terus saurang-saurang.

G. NGUNIKEUN KECAP No.

Kagiatan 22. Ieu pangajaran téh tujuanana pikeun ngalatih murid dina ngunikeun kecap, tepi ka sora fonem vokal nu diucapkeun téh tétéla bédana. Dina hal ieu, béda antara ngunikeun “é” jeung “e”, upamana dina kecap dua engang “kéré” jeung “keré”. Aya kecap anu foném vokalna “é – é”, “e – é”, jeung “e – e”. 23. Ku guru dicontoan cara ngucapkeunana, geus kitu murid sina babarengan nurutan, terus saurang-saurang.

H. MACA KALIMAH No.

Kagiatan 24. Ieu pangajaran mangrupa tuluyna tina anu saméméhna. Bédana, anu kudu dibaca ku murid téh ayeuna mah ungkara kalimah basajan. Sajaba ti pikeun latihan diajar maca, patali jeung kamampuh dina ngunikeun kecap deuih. 22 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas I 25. Dina ieu pangajaran murid mimiti diwanohkeun kana prosés robahna kecap, nyaéta tina kecap barang jadi kecap pagawéan poé – moé, baju – dibaju, tur kumaha larapna dina kalimah. Tangtu waé hal éta mah teu kudu diterangkeun, ukur pikeun kaweruh guru wungkul. Murid mah cukup sina maca wungkul, tur éta ogé bari dituyun ku guru. 26. Kalimahna ku guru dibaca, terus sina diturutan ku murid. Mimitina murid ngucapkeun kalimahna babarengan, geus kitu terus sina saurang-saurang.

I. LATIHAN NGALENGKEPAN KALIMAH No.

Kagiatan 27. Pangajaran Latihan Ngalengkepan Kalimah téh sina dipigawé sacara tinulis dina buku tugas séwang-séwangan. 28. Murid ngan kari nuliskeun kecap dina bagian anu dikosongkeun sangkan kalimahna jadi lengkep. Dina buku pangajaran geus disayagikeun conto cara migawéna. Saméméhna ku guru diterangkeun heula cara-carana kalawan jéntré. 29. Ieu latihan téh pikeun ngukur kamampuh murid dina nuliskeun kecap, tepi ka tétéla bédana antara vokal “é” jeung “e”. 30. Hasil pagawéan murid kudu dipariksa ku guru, jeung kudu dibéré peunteun. Anu jadi patokan dina meunteun téh bener-henteuna nuliskeun kecap.

J. LATIHAN NYALIN KALIMAH No.

Kagiatan 31. Murid mimiti diwanohkeun kana pangajaran nyalin sagemblengna kalimah, sok sanajan ukur kalimah basajan anu diwangun ku tilu kecap, tur saban kecapna diwangun ku dua engang. Ieu pangajaran téh patali jeung aspék nulis dina kagiatan ngagunakeun basa. 32. Anu kudu disalin kabehna aya dalapan kalimah. Aya anu polana subyék jeung prédikat wungkul, aya deuih anu ditambahan ku obyék. 33. Murid migawéna dina buku tugas masing-masing. Saméméhna ku guru dicontoan heula cara migawéna. Ieu tugas téh bisa waé sina dipigawé di imah, tur minggu hareupna dipariksa. 34. Hasil pagawéan murid dipariksa rapih-henteuna jeung bener-henteuna, terus ku guru dibéré peunteun. 23

Bab 2 Pituduh Husus

No. Kagiatan 35. Murid sina diajar nyarita sanggeus maranéhna niténan gambar anu patali jeung migawé pangaresep. Ku guru ditémbongkeundituduhkeun heula gambarna. Aya tilu budak, nyaéta Nastiti, Koswara, jeung Soléh. 36. Ku guru diterangkeun, Nastiti karesepna ngurus taman hareupeun imahna. Di taman téh loba tangkal kembang. Saban poé ku Nastiti sok dicébor. Kembangna sok dipetikan, terus dipaké papaés dina luhur méja tamu. Ari Koswara mah karesepna kana langlayangan. Sok nyieun sorangan, tara meuli. Biasana pasosoré Koswara sok ngapungkeun langlayangan di lapang. Di dinya téh tempat ngumpulna barudak anu ngadon arulin. Ari Soléh mah karesepna ulin paparahuan di sisi balong. Sarua Soléh ogé sok nyieun paparahuan sorangan. Lain paparahuan meunang meuli. 37. Sajeroning dicaritakeun téh, ku guru bari ditémbongkeundituduhkeun gambarna, murid sina ngabarandungan. Geus kitu murid sina nyaritakeun deui, ngagunakeun basana sorangan. 38. Saban murid dibéré tugas nyarita, ku guru dipeunteun, tepi ka lebah mana kamampuh maranéhna dina napsirkeun gambar.

L. LATIHAN NULISKEUN PANGARESEP No.

Kagiatan 39. Sanggeus diajar nyarita, saterusna murid sina diajar nuliskeun pangaresep masing-masing. Anu ditulis ku murid téh ukur dina tahap anu paling basajan. Dina nuliskeunana téh bari dicukangan heula. Cindekna murid mah ngan kari nuliskeun sakecap, sangkan kalimahna jadi lengkep. 40. Murid sina niténan contona, bari ku guru terus diterangkeun, kumaha cara nuliskeunana. Anu dipaké nyukangan murid nuliskeun pangaresepna téh aya lima kalimah, nyaéta: 1. abdi resep kana ___________ 2. tempatna sok di ___________ 3. ari waktuna tabuh __________ 4. biasana dina poé __________ 5. alat anu dipakéna __________