41
Bab 2 Pituduh Husus
5. Saréngséna maca, eusi téks ku guru diterangkeun saliwat, utamana matéri nu
patali jeung kaayaan alam. Ngeunaan hal ieu nyambung jeung bakal dipedar leuwih lega dina pangajaran saterusna. Kahiji, dina ngabandungan pedaran
pangalaman. Kadua, dina nyaritakeun pangalaman anu kungsi karandapan.
B. NGABANDUNGAN PEDARAN PANGALAMAN No.
Kagiatan
6. Dina ieu bagian, guru nerangkeun anu dimaksud pangalaman nyanyabaan,
anu tangtu waé ku sakabéh murid ogé kungsi karandapan. Nyanyabaan téh di antarana aya anu patali jeung silaturahmi, upamana nganjang ka dulur
atawa baraya. Lian ti éta, nyanyabaan bisa waé pikeun tujuan rékréasi atawa darmawisata.
7. Pangalaman Tisna diajak nyaba ka Panyirapan ku uana bisa dipedar leuwih
lengkep, sakumaha anu dipidangkeun dina buku pangajaran. Matérina ngan kari dibaca ku guru, sina dibarandungan ku sakabéh murid.
8. Dina medar lalakon Tisna nyaba ka Panyirapan bisa waé ku guru divariasikeun
jeung aspék séjénna, upamana kumaha pentingna miara alam. 9.
Guru bisa tumanya ka murid, upamana saha waé anu kungsi nyaba, ka mana ngajugjugna, jeung kumaha resep henteuna. Ieu téh pikeun nyukangan kana
pangajaran saterusna, waktu murid dibéré pancén nyaritakeun pangalaman anu karandapan ku dirina.
C. NYARITAKEUN PANGALAMAN No.
Kagiatan
10. Dina ieu bagian, murid dités kamampuhna, tepi ka mana maranéhna nyangkem
eusi téks anu geus dibaca bedas. Carana sina ngajawab pertanyaan patali jeung pangalaman Tisna diajakan nyaba ka Panyirapan.
11. Guru nyontoan kumaha prak-prakan ngajawabna. Saterusna mah saban
pertanyaanana sina dibaca ku murid, tur langsung dijawab saharita.
42
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas I
12. Éta pertanyaan katut jawabanana téh kieu:
1. ka mana tisna téh diajak nyabana
jawabanana: ka panyirapan
2. saha ari ngaran nini jeung akina tisna téh
jawabanana: nini rahmi jeung aki suganda
3. naon anu dipigawé ku akina tisna
jawabanana: ngebon melak palawija
4. tangkal naon waé nu diarah buahna
jawabanana: alpuket nangka peuteuy jeung limus
5. naon waé gunana tatangkalan téh
jawabanana: miara sumber cai
6. kumaha di tempat nu taya tatangkalan
jawabanana: hawana beresih tur seger jeung nambahan éndah pamandangan
7. naha kanyaho tisna jadi nambahan
jawabanana: sabab jadi nyaho kana kaayaan alam
8. naon sababna tisna betaheun di lembur akina
jawabanana: sabab akina sok ngadongéng ngeunaan alam
9. naha tisna maké kudu mulang deui ka dayeuh
jawabanana: sabab waktu peréna geus béak
10. rék kumaha mun engké tisna peré deui sakola
jawabanana: rék nyaba deui ka lembur akina
8. Pikeun ngahudang minat murid dina nyaritakeun pangalaman nyanyabaan
anu kungsi kaalaman ku dirina, guru bisa nerangkeun kieu heula: Anu dibaca bieu ku hidep téh pangalaman Tisna salila peré sakola. Tisna téh
apan imahna di dayeuh atawa di kota. Ari akina Tisna matuh di lembur anu jauh ti kota. Kaayaan di kota mah ramé, béda jeung di lembur. Tapi najan kitu
Tisna ngarasa betah. Hawana seger sabab loba tatangkalan. Kitu deui kaayaan alamna ogé éndah.
Kanyaho Tisna jadi nambahan. Akina nerangkeun rupa-rupa tatangkalan. Loba gunana geuning tatangkalan téh. Miara tatangkalan sarua jeung miara
lingkungan. Ngaruksak tatangkalan sarua jeung ngaruksak alam. Hidep ogé tangtu boga pangalaman anu matak resep. Kumaha tah pangalaman
hidep téh? Di mana ari tempatna?
43
Bab 2 Pituduh Husus