65
Bab 2 Pituduh Husus
10. Naon ari lini? Sanajan ieu kajadian alam téh tara lumangsung saban poé,
tapi bisa jadi murid kungsi ngadéngé atawa ngarandapan kajadian dina keur aya lini. Lamun taneuh karasa ngarieg éta téh aya lini. Lamun linina gedé
sakapeung bisa nyababkeun wawangunan runtuh. Éta téh sok nimbulkeun korban. Datangna lini téh sakapeung lantaran aya gunung bitu.
11. Kitu deui ngeunaan samagaha anu kaasup kana peristiwa alam. Lamun
pabeubeurang dina keur panas poé ngadadak jadi poék éta téh lantaran aya samagaha. Henteu ngan beurang wungkul samagaha téh, da dina keur caang
bulan gé sakapeung sok aya samagaha.
12. Guru bisa tumanya ka murid, upamana saha waé anu kungsi nempo katumbiri,
saha anu kungsi ngarasa aya lini, atawa saha anu kungsi nyaksian aya samagaha, boh beurang boh peuting. Ieu téh pikeun nyukangan kana pangajaran saterusna,
waktu murid dibéré pancén nyaritakeun pangalaman anu karandapan ku dirina.
C. NGEDALKEUN OMONGAN NU PATALI JEUNG PERISTIWA ALAM No.
Kagiatan
13. Pikeun ngukur kamampuh murid dina nangkep pedaran guru, maranéhna
sina ngedalkeun omongan anu patali jeung peristiwa alam. Anu dikedalkeun ku murid téh dicukangan heula ku sawatara pertanyaan.
14. Aya 15 pertanyaan anu kudu dijawab ku murid sacara lisan. Pertanyaanana
dibaca ku guru, terus murid sina ngajarawab. Hiji pertanyaan bisa waé dijawab ku sababaraha murid. Jawaban murid terus dibahas babarengan.
15. Pikeun padomman dina ngukur kaweruh murid, sagemblengna pertanyaan
katut jawabanana bisa dititénan ieu di handap. 1. lamun langit ceudeum biasana bakal aya naon
jawabanana: bakal aya hujan 2. naon anu karasa ku hidep mun keur usum halodo
jawabanana: hawa karasa nyongkab matak jadi hareudang 3. kumaha kaayaan lamun keur hujan angin
jawabanana: matak keueung 4. naon anu karasa ku hidep lamun keur aya lini
jawabanana: taneuh oyag atawa karasa ngarieg 5. kumaha karasana dina wanci tengah poé
jawabanana: panas jeung hareudang
66
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas I
6. kumaha karasana mun aya angin ngahiliwir jawabanana: matak seger kana badan
7. naon anu karasa ku hidep lamun aya samagaha jawabanana: matak keueung sabab alam jadi poék
8. ari keur aya hujan sakapeung sok kadéngé sora naon jawabanana: sora guludug atawa sora gelap
9. di mana témpatna anu biasa sok aya ombak jawabanana: di laut
10. naon anu ku hidep katempo mun keur aya angin puyuh jawabanana: anu katebak angin jadi muter
11. naon anu nyababkeun langlayangan bisa ngapung jawabanana: sabab aya angin
12. lamun dilétak kumaha ari rasana cai laut jawabanana: rasana asin
13. kumaha ari kaayaan panonpoé dina wanci magrib jawabanana: panonpoé geus surup di kulon
14. lamun peuting naon anu sok caang di langit jawabanana: bulan jeung béntang
15. bakal kumaha lamun panonpoé kahalangan méga jawabanana: jadi karasa iuh
D. MACA DINA JERO HATÉ No.
Kagiatan
16. Dina ieu bagian, murid diwanohkeun kana wacana anu patali jeung peristiwa
alam. Sina dibaraca dina jero haté tepi mka eusina bisa kacangkem. 17.
Ku guru diterangkeun deui, kumaha carana ari maca dina jero haté. Lantaran ieu téh pangajaran nutupkeun di kelas I, murid dianggap geus lancar macana.
18. Murid dibéré waktu kurang leuwih 20 menit pikeun maca téks dina jero haté.
Sajeroning maraca, ku guru kudu dititénan bisi aya murid anu tacan enya-enya macana.
67
Bab 2 Pituduh Husus