59
Bab 2 Pituduh Husus
24. Najan ukur tina ngaregepkeun, sakumaha anu diajarkeun dina Pangajaran 1,
tapi murid dipiharep geus bisa nembangkeunana, sabab pupuhna sarua jeung nu aya dina ieu pangajaran. Bédana téh ukur dina eusina wungkul. Dina pupuh
anu ayeuna, eusina nyaritakeun mikanyaah sasatoan jeung tatangkalan. Hal ieu saluyu jeung kompeténsi dasar anu nyampak dina kurikulum.
25. Guru nyontoan nembangkeun, sina diturutan ku kabéh murid. Mimitina
sapadalisan-sapadalisan. Lamun sakirana murid dianggap geus mampuh nurutan, terus ditingkatkeun jadi nembangkeun sapada.
26. Murid sina nembang babarengan, henteu dituyun ku guru. Geus kitu terus
dipentés saurang-saurang, anu séjénna sina ngabarandungan. Saban murid cukup nembangkeun sapada waé.
F. NGEDALKEUN OMONGAN No.
Kagiatan
27. Pangajaran dina ieu bagian pikeun nambahan kaweruh murid ngeunaan
sasatoan jeung tatangkalan. Salian ti éta, murid dipentés sina sonagar ngedalkeun omongan, dumasar kana kaweruh anu dipiboga ku masing-masing.
28. Patali jeung sasatoan, anu kudu diterangkeun ku guru téh ngeunaan rupa-
rupa sasatoan. Upamana waé ku nyaritakeun yén anu ilahar dikukut upamana domba, hayam, jeung japati. Sato anu galak pikasieuneun nyaéta maung. Cing
sebutkeun, di mana hidep kungsi nempo maung? Kumaha ari warna buluna? Naon ari kabeukina? Maung téh ayana misalna waé di kebon binatang. Ari
warna buluna belang coréléng, disebutna maung lodya. Aya deuih mung anu bulun totol-totol, disebutna maung tutul. Ari nu warna buluna hideung
disebutna maung kumbang. Maung téh kabeukina daging.
29. Ti dinya murid terus sina ngucapkeun pamanggihna ngeunaan sasatoan. Pikeun
ngahontal ka dinya, dina buku pangajaran geus dicukangan ku sapuluh pertanyaan. 30.
Jawaban anu diasongkeun ku murid teu matok kudu sarupa, tapi bisa waé aya variasi, apan tujuanana ogé pikeun ngukur kaweruh murid.
31. Hiji pertanyaan bisa waé sina dijawab ku sababaraha murid. Nya lebah dieu
engkéna bakal aya variasi jawaban téh. 32.
Pikeun padoman guru dina ngajén jawaban murid, bisa dititénan ieu di handap: 1. kumaha ari hayam jago disadana
jawabanana: kongkorongok
2. kumaha ari cakcak jeung toké disadana
jawabanana: cak-cak-cak, toké-toké-toké
60
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas I
3. kumaha ari jangkrik disadana
jawabanana: krik-krik-krik-ker
4. sato naon waé anu sok diarah tanagana
jawabanana: kuda, munding, sapi
5. sato naon waé anu kabeukina jukut jeung dangdaunan
jawabanana: kelenci, domba, embé, sapi, munding
6. sato naon waé anu hirupna di cai
jawabanana: lauk, buruy, utek-utek
7. sato naon waé anu bogaeun tanduk
jawabanana: domba, embé, sapi, munding
8. sato naon waé anu biseun hiber
jawabanana: manuk, kukupu, papatong
33. Patali jeung tatangkalan upamana bisa diterangkeun kieu yén tatangkalan mun
seug bener ngurusna bakal ngadatangkeun hasil. Aya nu diala buahna, daunna, kembangna, atawa kaina. Kadaharan urang sapopoé loba anu sumberna
tina tatangkalan. Kadaharan poko kayaning sangu atawa roti apan hasil tina tatangkalan.
34. Ti dinya murid terus sina ngucapkeun pamanggihna ngeunaan sasatoan.
Pikeun ngahontal ka dinya, dina buku pangajaran geus dicukangan ku sapuluh pertanyaan.
35. Jawaban anu diasongkeun ku murid teu matok kudu sarupa, tapi bisa waé aya
variasi, apan tujuanana ogé pikeun ngukur kaweruh murid. 36.
Hiji pertanyaan bisa waé sina dijawab ku sababaraha murid. Nya lebah dieu engkéna bakal aya variasi jawaban téh.
37. Pikeun padoman guru dina ngajén jawaban murid, bisa dititénan ieu di
handap: 1. tangkal naon waé anu biasa dipelak di taman
jawabanana: tangkal kembang, palem, kaktus
2. tangkal naon waé anu biasa dipelak di kebon
jawabanana: tangkal jagong, sampeu, hui, taleus
3. tangkal naon waé nu sok diarah buahna
jawabanana: buah, alpuket, nangka, dukuh, rambutan
4. tangkal naon waé nu sok diarah beutina
jawabanana: sampeu, hui, taleus
5. tangkal naon waé nu sok diarah kembangna
jawabanana: angkrék, eros, sedep malem
61
Bab 2 Pituduh Husus