NGAREGEPKEUN CARITA No. NYARITAKEUN KAGIATAN No.

25

Bab 2 Pituduh Husus

PANGAJARAN 3 Tema : Kagiatan Bahan : Téks jeung gambar Waktu : 4 minggu KAGIATAN DIAJAR NGAJAR Téma dina Pangajaran 3 téh ngeunaan kagiatan. Maksudna, kagiatan anu patali jeung diri murid. Pikeun nyumponn éta téma, anu diajarkeun téh ngeunaan kagiatan saban isuk dina rék indit ka sakola, jeung kagiatan salila diajar. Lian ti éta, dina wacana séjénna diwanohkeun wacana anu midangkeun kagiatan olahraga. Pikeun ngalengkepanana, ditambahan ku téks paguneman. Dina pangajaran ayeuna, hususna dina Diajar Maca, murid diwanohkeun kana vokal “eu” jeung konsonan “ng”. Prak-prakan ngajarkeunana teu béda ti pangajaran saméméhna.

A. NGAREGEPKEUN CARITA No.

Kagiatan 1. Murid maruka buku pangajaran basa Sunda. Ku guru diroris heula bisi aya anu salah muka kacana. 2. Guru némbongkeun gambar barudak di buruan sakola, jeung gambar dua budak keur laleumpang, indit ka sakola. Ku guru dijelaskeun heula yén ieu téh Tisna atawa nu sok biasa disebut Aa téa. Tisna téh indit ka sakolana sok bareng jeung Oki, batur sakelasna. 3. Guru maca téks nu judulna “Indit ka Sakola”. Murid sina ngaregepkeun. Mimiti dibaca per kalimah, murid sina nurutan ngucapkeun. Geus kitu dibacana dua kalimah, dua kalimah. Ieu gé sarua ku murid sina diturutan ngucapkeunana. 4. Saréngséna ngaragepkeun téks anu dibaca ku guru, murid sina ngaregepkeun pedaran saterusna. Ku guru dicaritakeun deui kumaha kagiatan Tisna jeung Oki saban isuk dina waktu rék indit ka sakola. Kudu disabit-sabit kumaha suhudna éta dua budak dina rék indit ka sakola, tepi ka tara kungsi kabeurangan. Terus deuih dicaritakeun, kumaha ari pangajaran geus dimimitian. Sakabéh murid saregep diajar, tara aya anu heureuy atawa malaweung. 26 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas I

B. NYARITAKEUN KAGIATAN No.

Kagiatan 5. Pikeun ngukur tepi ka mana kamampuh murid dina mahamkeun carita, maranéhna sina ngajawab pertanyaan patali jeung eusi téks anu dibaca ku guru. 6. Éta pertanyaan sina bagilir dijawab ku murid. Hiji pertanyaan bisa waé sina dijawab ku sababaraha murid. Kabéh murid kudu meunang giliran. Sabot aya murid nu ngajawab, murid séjénna sina ngabarndungan. 7. Pertanyaan jeung jawabanana téh kieu: 1. saha nu disampeur ku tisna téh jawabanana: oki 2. naha inditna sok laleumpang jawabanana: sabab deukeut 3. naon sababna tara kabeurangan jawabanana: sabab tara léléda 4. kumaha mun keur kagiliran pikét jawabanana: inditna sok tanginas 5. kumaha ngabagi giliran pikét téh jawabanana: kabéh kagiliran saminggu séwang 6. naon sababna diajar kudu saregep jawabanana: sabab diajar mah teu meunang bari heureuy 7. naha di kelas teu meunang garandéng jawabanana: matak ngaganggu kana diajar 8. naha di kelas ulah silih balédog jawabanana: bisi matak cilaka 8. Anu diregepkeun ku murid, katut jawaban maranéhna kana saban pertanyaan di luhur kabéh gé patali jeung kagiatan tokoh Tisna katut Oki. Saterusna murid sina nyaritakeun pangalaman kagiatan dirina sorangan. Pok-pokan guru dina nugaskeun nyaritakeun kagiatan, upamana: “Kumaha ari kagiatan hidep sapopoé? Cing pék ku hidep caritakeun. Carana mah jawab waé pananya anu aya di handap. Tangtu hidep bakal bisa nyaritakeun kagiatan sorangan.” 9. Kagiatan anu dicaritakeun ku murid tangtu moal persis sarua. Éta nu dipiharep, sangkan maranéhna ludeung nyarita. 27

Bab 2 Pituduh Husus