37
Bab 2 Pituduh Husus
G. NGAGALANTANGKEUN KALIMAH No.
Kagiatan
25. Ieu pangajaran téh pikeun ngalatih murid dina ngucapkeun kalimah. Kahiji,
dina lebah artikulasina tepi ka jéntré dina ngucapkeun saban fonem. Kadua, ngalatih dina ngagunakeun lentong atawa intonasi.
26. Kecap-kecap anu aya dina kalimah téh aya anu diwangun ku saengang, dua
engang, jeung tilu engang. Dina saban kalimah aya kecap anu ngagunakeun fonem konsonan “ny”.
27. Guru ngucapkeun saban kalimah, terus ku murid sina diturutan. Mimiti
babarengan, terus dipentés saurang-saurang.
H. NGALENGKEPAN KALIMAH No.
Kagiatan
28. Dina ieu pangajaran, murid sina ngeusikeun kecap kana bagian kalimah
anu dikosongkeun. Kecap anu kudu dieusikeun téh geus disadiakeun, tur kabéhanana ngagunakeun fonem konsonan “ny”. Sina dipigawé dina buku
tugas masing-masing.
29. Kecap anu ngagunakeun fonem konsonan “ny” dina ieu tugas téh aya dua
rupa. Dina kelompok kahiji, sagemblengna kecap asal, kayaning penyu, anyar, konyal, nyiruan, jeung saterusna. Ari dina kelompok kadua mah kecap anu
geus dirobah ku ngagunakeun rarangkén nasal, kayaning sugu jadi nyugu, susun jadi nyusun, surung jadi nyurung, jeung sajabana. Kadé murid bisi salah
migawéna, anu kudu dieusikeun téh kecap anu geus maké rarangkén nasal, lain kecap asalna.
30. Ku guru dicontoan heula cara migawéna. Bagian kalimah anu kosong dieusian
ku kecap, tepi ka jadi kalimah lengkep. Sanggeus kitu éta kalimah téh dibaca ku guru, sina dibarandungan ku murid.
31 Sakabéh murid migawé tugas, ku guru kudu diroris bisi aya anu tacan merenah
dina prak-prakanana. 32.
Mun geus bérés dipigawé, kalimah anu meunang ngalengkepan téh sina dibaca bedas, dibagilirkeun. Lamun murid katimbang héséeun kénéh, ku guru
dicontoan cara macana.
38
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas I
I. MOLAHKEUN PAGUNEMAN No.
Kagiatan
33. Dina ieu pangajaran aya opat wacana anu kudu dipolahkeun ku murid. Kahiji,
prak-prakan narima sémah. Kadua, nginjeum barang. Katilu, dititah balanja ka warung. Kaopat, diajakan piknik ku bibi. Ieu paguneman téh lumangsung
dina basa ragam hormat, pikeun ngalatih murid dina ngagunakeun étika basa. Dipolahkeunana mah sacara basajan waé, teu kudu dibarung ku peta, tapi
cukup dina lentongna.
34. Ku guru dicontoan heula cara ngucapkeun sakur paguneman, murid sina
ngabarandungan. Paguneman anu kahiji ukur diwangn ku opat kalimah. Paguneman kadua jeung saterusna dipanjangan ku cara nambahan kalimahna.
35. Ku guru tangtukeun heula murid anu molahkeun hiji tokoh dina paguneman.
Murid anu jadi tokoh paguneman téh sina maéa téksna, patémbalan. Lamun katimbang murid tacan lancar macana, ku guru dituyun heula.
36 Sajeroning murid molahkeun hiji tokoh dina paguneman, ku guru dititénan
cara ngucapkeun saban kalimahna.
J. MACA BEDAS No.
Kagiatan
37. Dina ieu pangajaran, murid diwanohkeun kana sesebutan di lingkungan
kulawarga. Ieu téh pikeun ngabiasakeun murid ngagunakeun étika basa di lingkungan kulawarga.
38. Guru nuduhkeunnémbongkeun bagan kulawarga. Di dinya ditétélakeun aya
aki jeung nini, indung jeung bapa, jeung barudakna. 39
Guru maca téks anu judulna “Sesebutan di Lingkungan Kulawarga”, murid sina nurutan ngucapkeunana.
40. Guru nerangkeun pancakaki di éta lingkungan kulawarga dumasar kana éta
gambar. Pedaran ngeunaan hal ieu diébréhkeun dina buku pangajaran anu ku murid sina dibaca bedas.
41. Sajaba ti hubungan pancakaki, bari diterangkeun deuih sesebutan atawa
istilahna.
39
Bab 2 Pituduh Husus
K. NATAAN KULAWARGA JEUNG DULUR No.
Kagiatan
42. Satutasna meunang katerangan ngeunaan hubungan pancakaki katut
sesebutanana, murid dibéré tugas nataan kaayaan kulawarga maranéhna masing- masing. Anu kudu disebutkeun téh ngaran indung-bapa, jumlah dulur katut
ngaranna masing-masing, ngaran aki jeung nini, ngaran emang jeung bibi, jeung ngaran uwa.
43. Ieu tugas mun katimbang rada hésé, bisa waé sina dipigawé di imah masing-
masing. Ku kituna, murid bisa nanyakeun heula ka kolotna. Jawabanana bisa waé dituliskeun dina buku tugas. Dipariksa ku guru dina minggu hareupna.
44 Hasil pagawéan murid sina dibaca, dibarandungan ku anu séjén. Ku guru kudu
dipeunteun, dumasar kana lengkep henteuna jawaban anu ditulis terus dibaca. Bisa waé aya murid anu teu bogaeun emang jeung bibi, atawa teu bogaeun
uwa. Bisa waé teu bogaeun adi, atawa teu bogaeun lanceuk deuih. Hal éta teu kudu matak ngurangan peunteun.
L. NATAAN KAAYAAN DI IMAH JEUNG SABUDEUREUNANA No.
Kagiatan
45. Patali jeung tugas nataan anggota kulawarga, murid sina sakalian nataan kaayaan
di imah jeung sabudeureunana. 46.
Anu ditanyakeun téh alamat imah, anggangna ka sakola, di buruan imah aya naon waé, ari keur di imah sok migawé naon, di mana ari diajar ngaji, kaulinan
naon anu dipikaresep, jeung saha waé ulinna, jeung di mana tempatna.
47 Ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing. Dipariksana minggu hareupna,
sakumaha dina tugas nataan anggota kulawarga. Hasil pagawéa maranéhna kudu dipeunteun.