NGALENGKEPAN KALIMAH KU KECAP PANANYA No. NYUSUN KECAP JADI KALIMAH No.

45

Bab 2 Pituduh Husus

F. NGALENGKEPAN KALIMAH KU KECAP PANANYA No.

Kagiatan 22. Pangajaran ngeunaan kalimah pananya dilegaan deui ku ditambahna kecap pananya séjénné, nyaéta “iraha”, “kumaha”, “sabaraha”, “di mana”, jeung “ti iraha”. 23. Ku guru diterangkeun heula gunana éta kecap pananya. Iraha pikeun nanyakeun hal-hal anu patali jeung waktu, kumaha pikeun nanyakeun hal-hal nu patali jeung cara atawa prak-prakan migawé pagawéan, sabaraha pikeun nanyakeun hal-hal anu patali jeung jumlah, jeung di mana pikeun nanyakeun hal-hal anu patali jeung tempat. 24. Dina ieu pangajaran, murid dibéré tugas ngalengkepan kalimah pananya ku kecap pananya anu geus disayagikeun. Sina dipigawé dina buku tugas masing- masing. 25. Hasil pagawéan murid kudu dipariksa, terus dipeunteun.

G. NYUSUN KECAP JADI KALIMAH No.

Kagiatan 26. Ieu pangajaran pikeun ngukur kamampuh murid dina nyusun kalimah. Alusna ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing waé. Minggu hareupna ku guru dipariksa. 27. Kalimah anu kudu disusun téh aya anu diwangun ku opat kecap, jeung aya anu lima kecap. Pikeun nuyun murid dina migawéna, dina buku geus ditulis kecap anu mimiti. Jadi murid mah ngan kari nuluykeun. 28. Ku guru dicontoan heula cara migawéna: sapéda – mardani – boga – mini disusun jadi kalimah: mardani boga sapéda mini 29. Hasil pagawéan murid dina minggu hareupna ku guru dipenteun. Pikeun padoman dina meunteunna, bisa dititénan ieu di handap: 1. juara – jadi – penca - ibrahim ibrahim jadi juara penca 2. ngaji – keur – nurjanah - diajar nurjanah keur diajar ngaji 46 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas I 3. balik – déwi – olahraga – kakara déwi kakara balik olahraga 4. rék – kostaman – ménbal - latihan kostaman rék latihan ménbal 5. sedepmalem – melak – tangkal - ria ria melak tangkal sedepmalem 6. bénsin – iskandar – dititah – dagang iskandar dititah dagang bénsin 7. tukang – lukman – di buruan – sasapu lukman sasapu di buruan tukang 8. kuda – balap – resep – héryanti – lalajo héryanti resep lalajo balap kuda 9. carita – dina – pantun – purbasari – aya purbasari aya dina carita pantun 10. getol – sunat – puasa – jamaludin – pisan jamaludin getol pisan puas sunat

H. MIKAWANOH ISTILAH TEMPAT No.