47
Bab 2 Pituduh Husus
I. NGALENGKEPAN KALIMAH KU ISTILAH TEMPAT No.
Kagiatan
33. Nyambung jeung pangajaran di luhur, saterusna murid dibéré pancén
ngalengkepan kalimah ku istilah tempat anu geus disayagikeun. Pikeun ngalengkepanana, murid ngan kari milih.
34 Ku guru dicontoan heula cara migawéna. Cukup sanomer atawa dua nomer
waé tina sapuluh kalimah anu kudu dipigawé. 35.
Ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing. Minggu hareupna terus dibahas babarengan, jeung dipeunteun.
36. Kalimah anu geus dilengkepan téh kieu unina:
1. paré di sawah téréh dipanén 2. sakitu halodo gé sumur teu saat
3. cai di walungan palidna ka hilir 4. hawa di luhur gunung tiris pisan
5. di talaga ciremis loba wisatawan 6. barudak latihan maénbal di lapang
7. kamari aya mobil ragrag ka jurang 8. kendaraan di jalan raya mani tararik
9. pamayang ngala lauk di tengah laut 10. teu kudu éra najan imah di kampung
J. NEMBANGKEUN PUPUH No.
Kagiatan
38. Pangajaran 5 dipungkas ku nembangkeun pupuh magatru. Eusina nyaritakeun
sasatoan anu aya di kebon binatang. 39
Rumpaka ieu pupuh mimitina sina dibaraca heula ku murid dina jero haté, sangkan maranéhna meunang gambaran ngeunaan eusina.
40. Guru nyontoan nembangkeunana, murid sina ngabarandungan. Dina prak-
prakanana, nyontoan téh sapadalisan-sapadalisan heula, terus murid sina nurutan nembangkeunana. Geus kitu kakara ditingkatkeun jadi gembleng sapada.
41.. Murid sina nembangkeun éta pupuh babarengan, terus dipentés saurang-
saurang, anu séjénna sina ngabarandungan.
48
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas I
PANGAJARAN 6
Tema
: Lingkungan Sabudeureun
Bahan :
Téks jeung gambar
Waktu
: 4 minggu
KAGIATAN DIAJAR NGAJAR
Téma dina Pangajaran 6 téh pikeun nyukangan tumuwuhna kaweruh ngeunaan alam jeung sikep positif murid dina miara alam. Murid sina wanoheun kana kaayaan di
sabudeureun dirina, kaasup hal-hal nu patali jeung cuaca. Dina lebah tumuwuhna sikep, dipiharep murid kajurung pikeun babarengan miara alam di sabudeureun dirina.
Dina Pangajaran 6, murid diwanohkeun kana fonem konsonan rangkep. Kumaha macana, jeung kumaha nuliskeunana
A. MACA BEDAS No.
Kagiatan
1. Téks anu kudu dibaca téh judulna “Mimiti Usum Hujan”. Eusina nyaritakeun
kaayaan di hiji tempat dina rék mimiti nincak usum hujan. Ku maca ieu téks dipiharep kaweruh murid ngeunaan kaayaan lingkungan alam katut eusina
bisa nambahan, utamana anu patali jeung iklim.
2. Guru méré conto ku maca sawatara kalimah dina téks, sina dibarandungan ku
murid, terus sina nurutan. 3.
Murid dititah maca téks, dibedaskeun, bagilir saurang-saurang, anu séjénna ngabarandungan. Mimitina macana téh cukup sakalimah-sakalimah waé, ti
dinya terus ditingkatkeun jadi dua kalimah, dua kalimah.
4. Sakabéh murid kudu kabagian giliran, sangkan kanyahoan saha-sahana anu
macana geus lancar, jeung saha-sahana anu tacan lancar. Murid anu tacan lancar macana kudu diperhatikeun sacara husus, jeung terus dilatih.
5. Saréngséna maca, eusi téks ku guru diterangkeun saliwat, utamana matéri nu
patali jeung kaayaan alam dina usum hlodo jeung usum hujan. Ngeunaan hal ieu nyambung jeung bakal dipedar leuwih lega dina pangajaran saterusna.
49
Bab 2 Pituduh Husus