35
Bab 2 Pituduh Husus
7. kudu kumaha ari adi ka lanceuk?
jawabanana: kudu nurut jeung ulah ngalawan
8. alus henteu ari jalma korét téh?
jawabanana: henteu
9. naséhat saha anu wajib diturut téh?
jawabanana: naséhat indung jeung bapa
10. bakal jadi kumaha mun urang nurut?
jawabanana: bakal salamet dunya ahérat
D. NGANGGEUSKEUN KALIMAH No.
Kagiatan
14. Murid dibéré tugas nganggeuskeun kalimah dumasar kana pedaran guru
ngeunaan piwuruk anu patali jeung kawajiban anggota kulawarga. Anu kudu dipigawé ku murid téh kabéhna aya sapuluh sual.
15. Ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing. Gedé kamungkinan dina
migawéna téh bakal bari dituyun ku kolotna atawa ku lanceukna. Dina minggu hareupna, hasil pagawéan murid dipariksa saurang-saurang, terus dipeunteun.
16. Pikeun padoman dina méré peunteun, bisa dititénan ieu di handap:
1. ari jeung dulur teu meunang paséa 2. budak harak moal aya nu maturan
3. lanceuk kudu bisa méré conto ka adi 4. ari ka adi urang téh kudu daék ngasuh
5. lanceuk ulah sok bangor jeung carékeun 6. urang ulah ulin anu matak jadi cilaka
7. mun lanceuk keur digawé kudu dibantuan 8. alus pisan mun bisa ngapalkeun babarengan
9. mun urang dibantuan kudu nyebut nuhun 10. kanyaah indung jeung bapa urang taya watesna
36
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas I
E. DIAJAR MACA No.
Kagiatan
17. Dina pangajaran ayeuna, murid diwanohkeun kana fonem konsonan “ny”. Ku
guru dituduhkeun heula, bari dicontoan cara ngucapkeunana. 18.
Kecap anu maké fonem konsonan “ny” dilarapkeun kana kalimah. Éta kalimah téh meunang nyutat tina matéri anu dipidangkeun saméméhna. Ku kituna,
dina diajar maca ayeuna mah murid mimiti dilalanyahan ngéjah kalimah.
19. Ku guru dicontoan heula cara macana, murid sina nengetan. Geus kitu
maranéhna sina nurutan sakur anu dibaca ku guru. 20
Murid dibéré tugas sina ngalalanyahan diajar maca sorangan, utamana dina ngéjah kecap anu ngandung fonem konsonan “ny”. Alusna mah sakabéh
murid meunang giliran, sangkan bisa kanyahoan kamampuh macana.
F. NGÉJAH AKSARA BARI NUDUHKEUN GAMBARNA No.
Kagiatan
21. Aya dua tujuan nu kudu dihontal dina pangajaran ayeuna, nyaéta murid bisa maca,
jeung sakaligus bisa nuduhkeun gambar dumasar kana kecap anu dibacana. 22.
Aksara anu kudu diéjah téh aya dina kecap kantétan, kabéhna aya dalapan. Saméméhna ku guru ditémbongkeundituduhkeun heula gambar anu patali
jeung éta kecap kantétan.
23. Anu kudu diéjah téh kecap anu diwangun ku dua jeung tilu engang, anu
polana sakumaha anu geus diajarkeun dina pangajaran saméméhna. 24
Pikeun ngabeungharan kaweruh murid, ku guru kudu diterangkeun sakur kecap kantétan anu aya gambarna téa. Upamana waé: naon ari gunana sapu
nyéré, anu kumaha ari anu dimaksud sayang rinyuh, naon ari manuk manyar, jeung bakal kumaha mun nyiruan nyeureud.
37
Bab 2 Pituduh Husus