DIAJAR MACA 1 No. NGUCAPKEUN KECAP No. MACA KALIMAH 1 No.

27

Bab 2 Pituduh Husus

10. Matéri pertanyaan pikeun nyukangan murid sina nyaritakeun kagiatan nu karandapan ku dirina téh kieu: 1. tabuh sabaraha hidep ka sakola 2. sok bareng jeung saha ari inditna 3. jauh henteu ti imah ka sakola téh 4. méméh ka kelas sok naon heula 5. terus ka mana bubar ti sakola téh 6. di imah naon waé nu dipigawé 7. iraha hidep ulin jeung babaturan 8. hidep resep kana kaulinan naon 11. Alus pisan mun saban murid boga kasempetan ngajawab sakabéh pertanyaan, sabab bakal kagambar leuwih écés naon waé kagiatan maranéhna sapopoé. Tapi dina kondisi waktu teu nyukupan, bisa wé saban murid ukur ngajawab dua pertanyaan.

C. DIAJAR MACA 1 No.

Kagiatan 12. Ngajarkeun matéri Diajar Maca 1 masih kénéh dituyun ku guru. Dina ieu pangajaran, murid diwanohkeun kana vokal “eu”. Dina basa Sunda, ieu vokal téh bisa nempatan posisi di hareup eurih, di tengah careuh, jeung di tukang sampeu. 13. Guru némbongkeun gambar eurih, careuh, jeung sampeu, katut katerangan kecapna. Ku murid sina ditengetan, terus guru nanya, “Ari ieu gambar naon?” bari nuduhkeun. Murid sina ngajarawab. 14. Guru mimiti ngéjah aksara sakumaha anu aya di handapeun gambarna, ngagunakeun métodeu SAS, murid sina nurutan. Mimiti anu nurutan maca téh saréréa, geus kitu sina saurang-saurang. 15. Guru nugaskeun murid tanp dicontoan heula pikeun ngéjah aksara. Mimiti anu maca téh saréréa, geus kitu sina saurang-saurang. 16. Mun katimbang geus lancar, ngéjahna diteruskeun kana anu dua kecap. Ieu ogé sarua, mimitina saréréa sina bareng, geus kitu sina saurang-saurang. 17. Saterusna guru ngawanohkeun konsonan “ng”. Pikeun nyukanganana, guru némbongkeun gambar buah jeung gambar bango. 18. Prak-prakanana teu béda ti waktu ngajarkeun ngéjah “eu”, boh dina métodeuna boh dina nugaskeun ka murid pikeun maca kecap anu geus nyampak. 28 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas I

D. NGUCAPKEUN KECAP No.

Kagiatan 19. Ieu pangajaran Ngucapkeun Kecap téh maksudna mah sangkan murid béntés dina ngunikeun sora-sora basa, utamana vokal “eu” jeung konsonan “ng”. 20. Ku guru dibaca per kecap, sina diturutan ku murid. Mimitina diturutanana téh ku saréréa, terus sina ku saurang-saurang.

E. MACA KALIMAH 1 No.

Kagiatan 21. Murid diwanohkeuh kana pangajaran maca kalimah basajan. Ieu pangajaran téh patali jeung anu saméméhna, nyaéta latihan ngucapkeun kecap kalawan béntés. Utamana ngabédakeun kecap anu ngagunakeun vokal “é”, “e”, jeung “eu”. 22. Kecap anu dipaké conto téh nyaéta: lebet jeung leubeut, bener jeung beuneur, énténg jeung eunteung, hideng jeung hideung”. 23. Conto kecap anu bieu ditataan téh mimitina diucapkeun heula ku guru, sina diturutan ku murid. Kudu diperhatikeun sangkan anu diunikeun ku murid téh tétéla bédana. 24. Saterusna guru maca kalimahna, sina dibarandungan ku murid. Guru maca per kalimah, terus sina diturutan ku murid. Mimitina murid anu nurutan téh saréréa, geus kitu sina ku saurang-saurang.

F. LATIHAN NGALENGKEPAN KALIMAH No.