DIAJAR MACA 3 No. DIAJAR MACA 4 No.

15

Bab 2 Pituduh Husus

H. NULISKEUN AKSARA 2 No.

Kagiatan 29. Pangajaran Nuliskeun Aksara 2 téh tuluyna ti pangajaran Nuliskeun Aksara 1. Bédana, dina pangajaran ieu mah taya latihan nuliskeun fonem vokal rangkap kawas dina Diajar Maca 1. 30. Hasil pagawéan murid dipariksa ku guru, terus dipeunteun.

I. NUDUHKEUN GAMBAR No.

Kagiatan 31. Murid sina nuduhkeun barang sakumaha nu ditugaskeun dina buku pangajaran. 32. Alusna mah guru nyadiakeun gambar minngka alat peraga anu ngebrehkeun rupa-rupa barang sakumaha anu aya dina buku pngajaran. 33. Guru anu méré paréntahna, terus ku murid sina dituduhkeun, bagilir saurang- saurang.

J. DIAJAR MACA 3 No.

Kagiatan 34. Dina Maca Munggaran 3, murid diwanohkeun kana pola engang V-KVK. Cara ngéjahna angger ngagunakeun metodeu SAS. 35. Kecap nu diajarkeun geus mimiti dilegaan ambahanana. Konsép anu diajarkeun mimiti nincak ka nu abstrak. Cindekna lain nu mirupa barang nyata wungkul. Kitu deui dina warna kecapna, henteu ngan sawates kecap barang wungkul. Murid mimiti diwanohkeun kana kecap bilangan, kecap pagawéan, kecap sipat, jeung kecap kaayaan. Prak-prakanana mah sarua waé jeung diajar maca saméméhna. 16 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas I

K. DIAJAR MACA 4 No.

Kagiatan 37. Dina Diajar Maca 4, murid mimiti diwanohkeun kana pola engang KV- KVK. Kecap anu dipaké conto dina diajar ngéjah ngawengku ngaran barang kongkrit, tur diwuwuh ku ilustrasi gambar. 38. Dina ngajarkeun pola engang KV-KVK, posisi saban fonem boh vokal boh konsonan mimiti dilegaan. Aya kecap anu sarua vokalna, tapi béda konsonanana. 1. Dua kecap anu ngandung dua vokal tur sarua susunananana, tapi béda konsonanana, contona: é – a : pérak – létak a – u : manuk – balur i – a : jidar – rikat a – i : rakit – kasir o – a : solar – solat 2. Dua kecap anu béda vokalna, tapi sarua susunan konsonanana, contona: l – t – k : létak – loték j – k – t : jukut – jékét 3. Dua kecap anu diwangun ku savokal, tapi béda konsonanana, contona: a – a : dahar – sabar i – i : mikir – kirim u – u : subur – jukut é – é : bérés – lébér o – o : botol – lohor 39. Saterusna murid diwanohkeun kana kecap anu diwangun ku tilu engang, polana KV-KV-KV, KVK-KV-KV, jeung KV-KV-KVK. Prak-prakan ngajarkeunana mah sarua waé jeung dina pangajaran diajar maca saméméhna. 17

Bab 2 Pituduh Husus

L. LATIHAN NULIS No.

Kagiatan 40. Pangajaran 1 dipungkas ku latihan nulis. Anu kudu disalin ku murid téh kalimat anu diwangun ku tilu engang, kabéhna aya sapuluh kalimah. 41. Ku guru dicontoan heula cara nuliskeunana dina bor, terus ku murid sina diturutan. Murid migawé ieu pancén téh dina buku tugas masing-masing. 42. Hasil pagawéan murid dipariksa ku guru, terus dipenteun.