Penyampurnaan Pola Pikir Kurikulum 2013

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 12 a. Panguatan pola diajar-ngajar nu museur ka siswa. Siswa kudu miboga kabébasan pikeun milih matéri jeung gaya diajar learning style sangkan miboga kompeténsi anu sarua. b. Panguatan pola diajar-ngajar interaktif, boh antara siswa jeung siswa, siswa jeung guru, siswa jeung média, boh siswa jeung sumber lingkungan. c. Panguatan pola diajar-ngajar sacara jejaring siswa nyuprih élmu ti saha waé jeung di mana waé ngaliwatan internét. d. Panguatan diajar-ngajar aktif néangan diajar-ngajar siswa aktif anu diwewegan ku pamarekan saintifik. e. Panguatan pola diajar mandiri jeung kelompok dumasar kana team work. f. Panguatan diajar-ngajar berbasis multimédia. g. Panguatan pola diajar-ngajar dumasar klasikal-masal bari tetep niténan mekarna poténsi siswa. h. Panguatan pola diajar-ngajar ilmu pangaweruh jamak multidicipplines i. Panguatan pola diajar-ngajar kritis.

3. Karakteristik Kurikulum 2013

Kurikulum 2013 dirancang dumasar kana karakteristik ieu di handap. a. Mekarkeun saimbangna antara sikep spiritual jeung sosial, pangaweruh, jeung kaparigelan, sarta ngalarapkeunana di sakola jeung di masarakat. b. Mérénahkeun sakola minangka bagian tina masarakat, sangkan siswa mampuh ngalarapkeun materi di sakola dina kahirupan masarakat. c. Mérélolongkrang anu laluasa pikeun mekarkeun rupa-rupa sikep, pangaweruh, jeung kaparigelan. d. Mekarkeun kompeténsi anu diébréhkeun dina wangun Kompeténsi Inti KI kelas tur diwincik deui kana Kompeténsi Dasar KD. e. Mekarkeun Kompeténsi Inti KI kelas jadi unsur pengorganisasian organicing elements KD. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 13 f. Mekarkeun KD dumasar kana prinsip kumulatif, silih wewegan reinforced,jeung ngabeungharan enriched antarmata pelajaran.

4. Élemén Parobahan Kurikulum 2013

Standar Nasional Pendidikan ngawengku: Standar Kompeténsi Lulusan, Standar Isi, Standar Prosés, Standar Kependidikan, Standar Sarana dan Prasarana, Standar Pembiayaan, Standar Penilaian Pendidikan UU No. 32 Tahun 2013 ngeunaan Sisdiknas. Dina raraga mekarkeun Kurikulum 2013, tina dalapan Standar Nasional Pendidikan sakumaha anu kaunggel dina UU Sisdiknas, opat standar anu robah nyaéta: Standar Kompeténsi Lulusan SKL, Standar Isi SI, Standar Proses, jeung Standar Penilaian. Ilikan gambarna. S TANDAR K OMPETENSI L ULUSAN S TANDAR P ROSES S TANDAR I SI S TANDAR PENILAIAN Gambar 1. 3 Élemén Parobahan Kurikulum 2013 a. SKL Kurikulum 2013 SKL téh nyaéta kritéria kualifikasi kamampuh lulusan anu ngawengku: sikep, pangaweruh, jeung kaparigelan. SKL digunakeun pikeun acuan utama Standar Isi SI, Standar Proses, Standar Penilaian Pendidikan, Standar Pendidik dan Tenaga Kependidikan, Standar Sarana dan Prasarana, Standar Pengelolaan, jeung Standar Pembiayaan. SKL téh kritéria kualifikasi kamampuh siswa anu dipiharep, tur bisa dihontal sabada ngaréngsékeun. Permendikbud No. 57, 58,59,60 Tahun 2014 Permendikbud No. 103 Tahun 2014 Permendikbud No. 104 Tahun 2014 Permendikbud No.54 Tahun 2013 ElEEeEmeeen EPerubahan Elemen Perubahan