Élemén Parobahan Kurikulum 2013

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 14 b. Standar Isi Kurikulum 2013 Standar Isi ngawengku KIjeung KD. SI nyaéta kritéria ngeunaan ambahan matéri jeung tingkat kompeténsi pikeun ngahontal kompeténsi lulusan dina jenjang jeung jenis pendidikan anu tangtu. SI ngawengku KI jeung KD. c. Standar Prosés Kurikulum 2013 Standar Proses patali jeung prosés diajar-ngajar. Pangajaran dina Kurikulum 2013 ngagunakeun pamarekan saintifik atawa pamarekan berbasis prosés kaélmuan. Pamarekan saintifik bisa ngagunakeun sababaraha stratégi saperti pangajaran kontekstual. Modél pangajaran téh hiji wangun pangajaran anu miboga ngaran, ciri, sintak, aturan, jeung budaya, saperti: discovery learning, project- based learning, problem-based learning, inquiry learning. Kurikulum 2013 ngagunakeun modus pangajaran langsung direct instructional jeung teu langsung indirect instructional. d. Standar Penilaian Kurikulum 2013 Standar Penilaian méré sarat ngagunakeun penilaian autentik authentic assesment. Sacara paradigmatik, penilaian autentik merlukeun pangajaran autentik authentic instruction jeung diajar autentik authentic learning. SKL K-13 téh nyaéta kritéria kualifikasi kamampuh lulusan anu ngawengku: sikep, pangaweruh, jeung kaparigelan. Standar Isi K-13 ngawengku KIjeung KD,nyaétakritéria ngeunaan ambahan matéri jeung tingkat kompeténsi pikeun ngahontal kompeténsi lulusan. Standar Prosés K-13, patali jeung prosés diajar ngajar. ngagunakeun pamarekan saintifik jeung discovery learning, project-based learning, problem-based learning, inquiry learning, ngagunakeun modus pangajaran langsung direct instructional jeung teu langsung indirect instructional. Standar Penilaian K-13 méré sarat ngagunakeun penilaian autentikauthentic assessment PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 15

5. Kurikulum 2013 Mata Pelajaran Muatan Lokal Basa Daérah Sunda

Mata pelajaran Muatan Lokal Basa jeung Sastra Daérah téh nyaéta mata pelajaran pikeun mekarkeun kompeténsi anu diluyukeun jeung ciri mandiri, poténsi, jeung kaunggulan daérah. Subtansi muatan lokal ditangtukeun ku satuan pendidikan ngaliwatan pamaréntah daérah, dina ieu hal Provinsi Jawa Barat ngaliwatan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Kawenangan pamaréntah daérah pikeun mekarkeun basa daérah diwewegan ku UU nomer 24 taun 2009 ngeunaan Bendera, Bahasa, dan Lambang Negara serta Lagu Kebangsaan. Pasal 42 ayat 1 jeung ayat 2 éta UU nétélakeun: a. Pemerintah daerah wajib mengembangkan, membina, dan melindungi bahasa dan sastra daerah agar tétap memenuhi kedudukan dan fungsinya dalam kehidupan bermasyarakat sesuai dengan perkembangan agar tétap menjadi bagian dari kekayaan budaya Indonesia. b. Pengembangan, pembinaan, dan pelindungan sebagaimana dimaksud pada ayat 1 dilakukan secara bertahap, sistematis, dan berkelanjutan oleh pemerintah daerah di bawah koordinasi lembaga kebahasaan. Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat ngaluarkeun Surat Keputusan No. 4232372.Set-Disdik tanggal 26 Maret 2013 ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa Daerah pada Jenjang SDMI, SMPMTs, SMASMKMA. Sajalan jeung kaluarna Kurikulum 2013 aya tilu rupa kurikulum, nyaéta Kurikulum Tingkat nasional, Kurikulum Tingkat Daérah, jeung Kurikulum Tingkat Sakola. Kurikulum Tingkat Nasional disusun jeung dilarapkeun sacara nasional. Kurikulum Daérah disusun jeung dilarapkeun di daérah dumasar kana Kurikulum Tingkat Nasional luyu jeung kawijakan daérah PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 16 masing-masing. Kurikulum Tingkat Sakola disusun jeung dilarapkeun di unggal-unggal jenjang sakola. Dina raraga nedunan Kurikulum Tingkat Daérah, Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat netepkeun KI jeung KD mata pelajaran bahasa jeung sastra daérah. Salian ti diluyukeun jeung dumasar kana Kurikulum Tingkat Nasional 2013, KI jeung KD mata pelajaran basa jeung sastra daérah dumasar kana Surat Édaran Kepala Dinas Provinsi Jawa Barat nomor 4232372Set-Disdik tanggal 26 Maret 2013 ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa Daerah pada Jenjang SDMI, SMPMTs,SMASMKMA. Di sagigireun éta, KI jeung KD mata pelajaran basa jeung sastra daérah dumasar kana Peraturan Daérah Provinsi Jawa Barat No. 5 taun 2003 ngeunaan Pemeliharaan Bahasa, Sastra, jeung Aksara Daérah, anu netepkeun basa daérah kudu diajarkan dijenjang pendidikan dasar jeung menengah di Jawa Barat. Ieu kawijakan luyu jeung jiwa UU No. 221999 ngeunaan Pemerintah Daérah jeung UU No. 202003 ngeunaan Sistem Pendidikan Nasional, anu sumberna tina UUD 1945 anu raket patalina jeung Pendidikan dan Kebudayaan. Hal ieu ogé luyu jeung Peraturan Pemerintah Republik Indonesia Nomer 19 Taun 2005 ngeunaan Standar Nasional Pendidikan, Bab III Pasal 7 Ayat 3 —8. Eusina nétélakeun yén SDMISDLB, SMPMTs. SMPLB, SMAMANSMALB, jeung SMKMAK dibérépangajaran muatan lokal anu relevan jeungrékoméndasi UNESCO taun1999 ngeunaan ―pemeliharaan bahasa-bahasa ibu di dunia ‖. Di Jawa Barat basa Sunda, basa Cirebon, jeung basa Melayu Betawimibanda kalungguhan salaku basa daérah . Basa daérah Sunda mangrupa basa indung pikeun masarakat Jawa Barat. Lian ti éta basa daérah Sunda jadi basa panganteur kagiatan diajar ngajar di kelas awal SDMI. Dina pangajaran basa daérah Sunda diwanohkeun kaarifan lokal minangka landasan étnopédagogis.Basa daérah Sunda jadi salah sahiji kabeungharan dina kebhineka-tunggalikaan basa jeung budaya Nusantara, turbaris jadi landasan pikeun pendidikan karakter jeung moral bangsa.