Nuliskeun Kompeténsi Inti jeung Kompeténsi Dasar

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 34 d. Ngarumuskeun Indikator Indikator téh kamampuh anu bisa diobservasi pikeun nedunan KD dina KI 1 jeung KI2, jeung mangrupa kamampuh anu bisa diukur atawa diobservasi pikeun nedunan KD tina KI 3 jeung KI 4. Indikator mangrupa pananda kahontalna KD anu ditandaan ku ayana parobahan paripolah anu bisa diukur, ngawengku sikep, pangaweruh, jeung kaparigelan. Indikator dimekarkeun luyu jeung karakteristik siswa jeung poténsi daérah. Indikator digunakeun pikeun dasar nyusun alat penilaian. Dina ngarumuskeun indikator perlu niténan sawatara hal ieu di handap. 1 Sakabéh indikator nedunan pameredih kompeténsi anu aya dina kata kerja nu digunakeun dina KI-KD. 2 Indikator dimimitian ti tingkat mikir babari ka nu hésé, basajan ka nu kompléks, deukeut ka nu jauh, jeung tina konkrét ka nu abstrak. 3 Indikator kudu ngahontal kompeténsi minimal KD jeung bisa dimekarkeun ngaliwatan kompeténsi minimal luyu jeung potensi sarta pangabutuh siswa. 4 Indikator kudu ngagunakeun kata kerja operasional anu mérénah.

e. Materi Pangajaran

Matéri pangajaran nyaéta wincikan matéri pokok anu ngawengku: fakta, konsép, prinsip, jeung prosédur anu mérénah, jeung ditulis dina wangun gundukan-gundukan luyu jeung rumusan Indikator Pencapaian Kompeténsi. Matéri pangajaran bisa dicokot tina buku téks siswa, buku tuturus guru, atawa tina sumber diajar séjénna mangrupa muatan lokal, matéri kaayeunakeun mutakhir, kontéks pangajaran tina lingkungan sabudeureunana, anu dikelompokkeun jadi matéri pikeun pangajaran regulér, pangayaan, jeung rémedial.

f. Métode Pangajaran

Métode panghajaran téh wincikan kagiatan diajar, anu digunakeun ku guru pikeun ngawujudkeun suasana diajar jeung prosés pangajaran sangkan siswa ngahontal KD anu diluyukeun jeung karakteristik siswa jeung KD anu rék dihontal. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 35 g. Kagiatan Diajar-Ngajar Kagiatan pangajaran nu aya dina silabus didadarkeun dina wangun operasional kalawan ngagunakeun pamarekan saintifik anu diluyukeun jeung kondisi siswa sarta satuan pendidikan, kaasup digunakeunana média, alat, bahan, jeung sumber diajar. Kagiatan pangajaran museur kana pamarekan, stratégi, modél, jeung métode pangajaran anu bisa digambarkeun ieu di handap. 1. Pamarekan nyaéta pangajaran anu bisa nyiptakeun lingkungan pangajaran anu ngamungkinkeun lumangsungna prosés pangajaran jeung kahontalna kompeténsi anu geus ditangtukeun. 2. Stratégi pangajaran mangrupa léngkah-léngkah sistematis jeung sistemik anu digunakeun pendidik pikeun nyiptakeun lingkungan pangajaran anu ngamungkinkeun lumangsungna prosés pangajaran jeung kahontalna kompeténsi anu geus ditangtukeun. 3. Model pangajaran nyaéta karangka konséptual jeung operasional pangajaran anu miboga ngaran, ciri, runtuyan logis, aturan, jeung budaya. 4. Metode nyaéta cara atawa téhnik anu digunakeun ku pendidik pikeun ngungkulan hiji kagiatan pangajaran anu ngawengku: ceramah, tanya jawab, jeung diskusi. 5. Ngagunakeun pamarekan saintifikpamarekan berbasis prosés kaélmuan anu wujudna mangrupa ngaorganisasikeun pangalaman diajar nu runtuyanana logis ngawengku prosés pangajaran: nengetan, nanya, ngumpulkeun informasinyoba, nalarngaasosiasi, jeung ngomunikasikeun anu dimekarkeun jeung digunakeun dina hiji lawungan atawa leuwih.

h. Nangtukeun Alokasi Waktu

Alokasi waktu ditangtukeun luyu jeung kaperluan pikeun ngahontal KD jeung beban diajar kalawan merhatikeun jumlah jam pangajaran anu aya dina silabus jeung KD anu kudu dihontal. Satuluyna, alokasi waktu dibagi kana kagiatan bubuka, inti, jeung panutup.