Kagiatan Pangajaran Modul BS D 150 Final (3 mei 2016)EDIT

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 27 6. Tanya jawab jeung fasilitaor lamun aya bangbaluh ngeunaan matéri dina kagiatan diajar 2.

E. LatihanKasusPancén

Jieun conto Indikator Pencapaian Kompetensi tina KD ieu di handap 1. Mensyukuri anugrah Tuhan Yang Maha Esa akan keberadaan basa Sunda dan menggunakan sesuai kaidah dan konteks sosial budaya sebagai sarana komunikasi melalui wawancara, cerita pantun, artikel, memandu acara, terjemahan, dan drama. 2. Menunjukkan perilaku jujur, disiplin, peduli, santun dan proaktif dalam menggunakan bahasa Sunda untuk mengapresiasi wawacan dan cerita pantun. 3. Mengidentifikasi dan menganalisis teks wawacan berdasarkan kaidah budaya secara lisan dan tulisan. 4. Menanggapi dan mengonversi teks wawacan sesuai dengan kaidah budaya.

F. Tingkesan

Numutkeun Permendikbud nomer 54 taun 2013, SKL Kurikulum 2013 nyaéta kritéria ngeunaan kualifikasi kamampuh lulusan anu ngawengku: sikep, pangaweruh, jeung kaparigelan. SKL digunakeun pikeun acuan utama Standar Isi SI, Standar Proses, Standar Penilaian Pendidikan, Standar Pendidik dan Tenaga Kependidikan, Standar Sarana dan Prasarana, Standar Pengelolaan, dan Standar Pembiayaan. SKL téh kritéria kualifikasi kamampuh siswa anu dipiharep tur bisa dihontal sanggeus ngaréngsékeun jangka waktu diajarna di satuan pendidikan dina jenjang Pendidikan Dasar jeung Pendidikan Menengah. Numutkeun Permendikbud No. 54 taun 2013, tujuan SKL nyaéta digunakeun pikeun acuan utama mekarkeun standar isi, standar proses, standar penilaian pendidikan, standar pendidik dan tenaga kependidikan, standar sarana jeung prasarana, standar pengelolaan, jeung standar pembiayaan. Kompeténsi Inti KI mangrupa tingkat kamampuh pikeun ngudag SKL anu kudu dipibanda ku siswa SDMI, SMPMTs. SMAMA, jeung SMKMAK dina PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 28 hiji tingkat atikan. KI dirarancang pikeun unggal kelas. Ngaliwatan KI, sinkronisasi horizontal rupa-rupa KD antarmata pelajaran dina kelas anu sarua bisa dijaga. Kompeténsi Dasar KD dirumuskeun pikeun ngahontal Kompeténsi Inti KI. Rumusan KD dimekarkeun ku cara niténan karakteristik jeung kamampuh siswa. KD ngawengku opat kelompok luyu jeung kelompok KI. Kompeténsi Dasar KD dirumuskeun pikeun ngahontal Kompeténsi Inti KI. Rumusan KD dimekarkeun ku cara niténan karakteristik jeung kamampuh siswa. KD ngawengku opat kelompok luyu jeung kelompok KI.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék akurkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu bener, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem Sadérék kana bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa matéri ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun kamampuh Sadérék ngahontal 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana Kagiatan Diajar 3. Tapi, lamun tahapan pangabisa Sadérék kurang ti 80, pék malikan ngaderes deui matéri dina Kagiatan Diajar 2, pangpangna matéri nu tacan dicangkem.