Karakteristik Kurikulum 2013 Pangabutuh Éksternal

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 13 f. Mekarkeun KD dumasar kana prinsip kumulatif, silih wewegan reinforced,jeung ngabeungharan enriched antarmata pelajaran.

4. Élemén Parobahan Kurikulum 2013

Standar Nasional Pendidikan ngawengku: Standar Kompeténsi Lulusan, Standar Isi, Standar Prosés, Standar Kependidikan, Standar Sarana dan Prasarana, Standar Pembiayaan, Standar Penilaian Pendidikan UU No. 32 Tahun 2013 ngeunaan Sisdiknas. Dina raraga mekarkeun Kurikulum 2013, tina dalapan Standar Nasional Pendidikan sakumaha anu kaunggel dina UU Sisdiknas, opat standar anu robah nyaéta: Standar Kompeténsi Lulusan SKL, Standar Isi SI, Standar Proses, jeung Standar Penilaian. Ilikan gambarna. S TANDAR K OMPETENSI L ULUSAN S TANDAR P ROSES S TANDAR I SI S TANDAR PENILAIAN Gambar 1. 3 Élemén Parobahan Kurikulum 2013 a. SKL Kurikulum 2013 SKL téh nyaéta kritéria kualifikasi kamampuh lulusan anu ngawengku: sikep, pangaweruh, jeung kaparigelan. SKL digunakeun pikeun acuan utama Standar Isi SI, Standar Proses, Standar Penilaian Pendidikan, Standar Pendidik dan Tenaga Kependidikan, Standar Sarana dan Prasarana, Standar Pengelolaan, jeung Standar Pembiayaan. SKL téh kritéria kualifikasi kamampuh siswa anu dipiharep, tur bisa dihontal sabada ngaréngsékeun. Permendikbud No. 57, 58,59,60 Tahun 2014 Permendikbud No. 103 Tahun 2014 Permendikbud No. 104 Tahun 2014 Permendikbud No.54 Tahun 2013 ElEEeEmeeen EPerubahan Elemen Perubahan PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 14 b. Standar Isi Kurikulum 2013 Standar Isi ngawengku KIjeung KD. SI nyaéta kritéria ngeunaan ambahan matéri jeung tingkat kompeténsi pikeun ngahontal kompeténsi lulusan dina jenjang jeung jenis pendidikan anu tangtu. SI ngawengku KI jeung KD. c. Standar Prosés Kurikulum 2013 Standar Proses patali jeung prosés diajar-ngajar. Pangajaran dina Kurikulum 2013 ngagunakeun pamarekan saintifik atawa pamarekan berbasis prosés kaélmuan. Pamarekan saintifik bisa ngagunakeun sababaraha stratégi saperti pangajaran kontekstual. Modél pangajaran téh hiji wangun pangajaran anu miboga ngaran, ciri, sintak, aturan, jeung budaya, saperti: discovery learning, project- based learning, problem-based learning, inquiry learning. Kurikulum 2013 ngagunakeun modus pangajaran langsung direct instructional jeung teu langsung indirect instructional. d. Standar Penilaian Kurikulum 2013 Standar Penilaian méré sarat ngagunakeun penilaian autentik authentic assesment. Sacara paradigmatik, penilaian autentik merlukeun pangajaran autentik authentic instruction jeung diajar autentik authentic learning. SKL K-13 téh nyaéta kritéria kualifikasi kamampuh lulusan anu ngawengku: sikep, pangaweruh, jeung kaparigelan. Standar Isi K-13 ngawengku KIjeung KD,nyaétakritéria ngeunaan ambahan matéri jeung tingkat kompeténsi pikeun ngahontal kompeténsi lulusan. Standar Prosés K-13, patali jeung prosés diajar ngajar. ngagunakeun pamarekan saintifik jeung discovery learning, project-based learning, problem-based learning, inquiry learning, ngagunakeun modus pangajaran langsung direct instructional jeung teu langsung indirect instructional. Standar Penilaian K-13 méré sarat ngagunakeun penilaian autentikauthentic assessment