Métodeu Pangajaran Nyarita

7 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 102 e. Palanggeran Ngajén Kamampuh Nyarita Sawatara hal anu jadi pasaratan parigel dina nyarita ngawéngku sababaraha aspék, di antarana 1 nerangkeun poko caritaan, 2 kacangking henteuna bahan, 3 sistematika medar bahan, 4 wirahmaintonasilentong nyarita, 5 lafal, 6 milih kecapdiksi kabeungharan kecap, 7 paselapna kecap tina basa séjén, upamana basa Indonesia jeung nu séjénna, 8 paselapna kalimah tina basa séjén, upamana basa Indonesia jeung nu séjénna, 9 tatakrama basa atawa u dak-usuk basa, 10 volume sora, 11 tagogrengkuh nyarita, 12 kontak jeung pamiarsangabagi panempo, 13 kualitas naskah, écésna pedaran naskah, jeung 14 écesna medar dina nyarita. Saupama dibagankeun éta aspék nu jadi pasaratan kaparigelan nyarita téh bisa diwangun jadi skala peunteun ieu di handap. Conto Format Ajén Kaparigelan Nyarita No. Aspek Skala ajén 4 3 2 1 1. Nerangkeun poko caritaan 2 Kacangking henteuna bahan 3 Sistematika medar bahan 4 Wirahmaintonasilentong nyarita 5 Lafal 6 Milih kecapdiksikabeungharan kecap 7 Paselapna kecap tina basa Indonésia 8 Paselapna kalimah tina basa Indonesia 9. Tatakrama basa 10. Volume sora 11. Tagogrengkuh nyarita 12. Kontak jeung pamiarsangabagi panempo 13. Kualitas naskah 14. Écésna pedaran naskah 15. Écésna medar dina nyarita Jumlah ajénskor 7 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 103 5. Kaparigelan Maca

a. Watesan Maca

Maca mangrupa salah sahiji tina opat kaparigelan makéna basa. Éta hal saluyu jeung pamadegan Tambupulon 2008, yén maca téh mangrupa salah sahiji tina opat kaparigelan makéna basa sarta mangrupa bagian tina komunikasi tinulis. Burhan 2001 nétélakeun yén maca téh hiji pagawéan anu dilaksanakeun kalawan gawé bareng sababaraha kaparigelan nyaéta nengétan, maham, mikiran. Maca mangrupa hiji prosés nu dilakukeun sarta digunakeun ku nu maca pikeun nyangkem pesen nu ditepikeun ku nu nulis dina basa tinulis Tarigan, 1984:7. Nurutkeun Rusyana 1984:207-213 prosés maca kakara lumangsung lamun aya komponén-komponén nu ngarojongna, nyaéta aya nu maca, aya bahan bacaan, aya kagiatan maca jeung latar. Nu maca pamaca, nyaéta unggal jalma anu mibanda tingkat kamahéran maca séwang-séwangan saluyu jeung umur, jenis kelamin, pangalaman intelegénsi, kamahéran ngagunakeun basa, jeung minat baca. Bacaan patalina jeung objék atawa bahan bacaan anu diperlukeun tur kudu aya. Hiji jalma bisa ngalakukeun kagiatan maca upama aya bahan anu rék dibacana. Éta bahan bacaan téh bisa dipilih saluyu jeung pangaresep atawa kapentingan nu maca. Kagiatanmaca mangrupa paripolah anu dilakukeun kalawan sadar pikeun nyangkem informasi tina bahan anu dibacana. Latar patalina jeung waktu tempat, katut suasana. Kagiatan maca bisa lumangsung kalawan hadé lamun ditempat nu merenah. Upamana di imah, jeung di perpustakaan. Dumasar kana watesan nu diébréhkeun ku para ahli di luhur, bisa dicindekkeun yén maca téh nyaéta salah sahiji kaparigelan makéna basa nu dilakukeun sarta digunakeun ku nu maca pikeun nyangkém ma‘na, ide jeung gagasan boh nu kauni boh nu nyamuni.Maca lain n gan ukur narima, tapi aktif nyangkem ma‘na, ide, jeung gagasan boh nu kauni boh nu nyamuni dina wacana. 7 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 104 b. Warna Maca Warna maca bisa dipasing-pasing deui jadi tujuh rupa nyaéta: maca jero haté, maca gancang, maca téhnik, maca basa, maca éstétis, maca kritis, jeung maca kréatip. Maca jero haté nyaéta kagiatan maca kudu nyangkem sakabéh eusi bacaan kalawan gembleng ku jalan matalikeun eusi jeung pangalaman sarta pangaweruh nu kapimilik ku nu maca bari teu dibarengan ku sora. Maca gancang nyaéta kagiatan maca anu dilaksanakeun dina waktu anu singget tur gancang pikeun nyangkem gurat badag eusi bacaan. Maca téhnik atawa maca bedas nyaéta kagiatan maca anu dilaksanakeun kalawan dibedaskeun atawa ditarikeun luyu jeung randegan, lentong jeung wirahma. Maca basa nyaéta kagiatan maca anu miboga tujuan pikeun ngajembaran kabeungharan kecap, mekarkeun kamampuh nyusun kalimah, nyangkem gaya basa sagemblengna, nu dimangpaatkeun pikeun mekarkeun kamampuh basa nu maca. Maca éstétis nyaéta kagiatan maca anu miboga tujuan pikeun nyangkem sarta ngahargaan unsur-unsur karya sastra anu éndah. Maca kritis nyaéta kagiatan maca anu miboga tujuan pikeun ngajén unsur-unsur nu nyangkaruk dina karya sastra. Anu pamungkas nyaéta maca kréatif. Kagiatan maca anu mibanda tujuan pikeun nyangkem ajén-inajén anu aya dina karya sastra sarta digunakeun dina kahirupan sapopoé.