Tingkesan Modul BS D 150 Final (3 mei 2016)EDIT

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 18 Penguatan matéri dina Kurikulum 2013 dipilampah ku cara ngurangan jumlah matéri anu teu luyu, sarta ngajeroan jeung ngalegaan matéri anu luyu pikeun siswa.Karakteristik Kurikulum 2013di antarana baé: 1 mekarkeun saimbangna antara sikep spiritual jeung sosial, pangaweruh, jeung kaparigelan, sarta ngalarapkeunana dina rupa-rupa situasi di sakola jeung di masarakat, 2 mérénahkeun sakola minangka bagian tina masarakat anu méré pangalaman diajar sangkan siswa mampuh ngalarapkeun materi pangajaran anu dicuprih di sakola dina kahirupan masarakat.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék akurkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu bener, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur kamampuh Sadér‘ek nyangkem materi ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu bener Tahap pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa bahan ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun kamampuh Sadérék ngahontal 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana Kagiatan Diajar 2. Tapi, lamun kamampuh Sadérék kurang ti 80, pék malikan ngaderes deui matéri dina Kagiatan Diajar 1, pangpangna matéri nu tacan kacangke. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 19 KAGIATAN DIAJAR 2 SKL, KI, KD, JEUNG IPK BASA SUNDA

A. Tujuan

Ieu di handap tujuan kagiatan diajar 2. 1. Sanggeus maca modul pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun wangenan SKL kalawan bener. 2. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi ambahan SKL kalawan taliti. 3. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi KI kalawan taliti. 4. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh méré conto KD basa Sunda kalawan bener. 5. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun wangenan IPK kalawan jelas. 6. Sanggeus latihan, pamilon diklat mampuh méré conto IPK basa Sunda kalawan bener.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

Ieu di handap indikator kahontalna Kompeténsi kagiatan diajar 2. 1. Ngajéntrékeun wangenan SKL. 2. Ngaidéntifikasiambahan SKL. 3. Ngaidéntifikasi KI. 4. Méré conto KD basa Sunda. 5. Ngajéntrékeun wangenan IPK. 6. Méré conto IPK basa Sunda.

C. Pedaran Matéri 1. Standar Kompeténsi Lulusan SKL

a. Wangenan jeung Tujuan SKL

Numutkeun Permendikbud no 54 taun 2013, SKL Kurikulum 2013 nyaéta kritéria ngeunaan kualifikasi kamampuh lulusan anu ngawengku: sikep, pangaweruh, jeung kaparigela. SKL digunakeun