7
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
108
sajak, novel, jste. Tapi, lamun tujuanana campuran, wangun .karangan nu cocog bisa biografi atawa otobiografi; d
Nangtukeun aprroach atawa pamarekan. Dina nulis bisa digunakeun pamarekan faktual atawa pamarekan imajinatif
atawa bisa baé campuran faktual-imajinatif. e Nyieun rangkay karangan. Rangkay karangan nu umum ngawéngku bubuka,
eusi, jeung panutup.
2 Tahap nuliskeun ide
Aya opat hal nu kudu dipilampah dina tahap nuliskeun ide. 1 Kudu bisa ngamimitian nulis. Aya pituduh pikeun
ngagampangkeun ngamimitian nulis. Éta pituduh téh disingget jadi TOP KUAT. Tesis ; mimiti nulis ku cara
ngébréhkeun tesis, pamanggih. O mongan; mimiti nulis dibuka ku omongan, dialog, paguneman. Paripolah; mimiti
nulis dibuka ku paripolah, tingkah laku, action. Kuriositas; mimiti nulis nyodorkeun hal-hal anu matak ngahudang
kapanasaran. Ungkapan; mimiti nulis ku ngébréhkeun ungkapan, babasan, atawa paribasa. Anekdot; mimiti nulis
ku cara ngébréhkeun anekdot, kutipan pangalaman. Tanya, mimiti nulis ku cara nyodorkeun
pertanyaan
2 Nu nulis kudu maher ngawangun paragraf. Paragraf
mangrupa wangun basa nu leuwih lega batan kalimah. Ku kituna, biasana paragraf diwangun ku sawatara kalimah.
Kalimah-kalimah dina hiji paragraf kudu mangrupa beungkeutan anu gembleng, nu silih lengkepan enggoning
ngébréhkeun hiji poko pikiran.
3 Nu nulis kudu parigel mungkaskeun karangan
Sanggeus paragrag-paragraf disusun, nu nulis dipiharep mungkaskeun karanganana. Aya sawatara cara
mungkaskeunkarangan, di antarana: paragraf pamungkas mangrupa ringkesan ide-ide poko atawa argumén-
7
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
109
argumén nu geus disodorkeun paragraf pamungkas mangrupa
ébréhan harepan
pangarang. paragrap
pamungkas mangrupa klimaks upama nu ditulis mangrupa carita. Paragraf pamungkas mangrupa kalimat anu
ngébréhkeun yén éta pagawéan téh geus rengse lamun karangan paparan
4 Nu nulis tapis nyieun judul. Judul mangrupa titel, label,
merk atawa ngaran karangan. Ku kituna, judul karangan téh kudu ngahudang kapanasaran ka nu maca. Lian ti éta, judul
téh kudu singget tur écés deui.
D. Kagiatan Diajar
Kagiatan diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan ieu di handap.
1. Niténan tujuan jeung indikator. 2. Maca pedaran bahan ngeunaan Kaparigelan Basa.
3. Diskusi kelompok pikeun migawé latihan pancén. 4. Maca tingkesan matéri.
5. Néangan tur maca réferénsi nu séjénna pikeun ngalengkepan
latihanpancén. 6. Tanya jawab jeung fasilitator lamun aya bangbaluh ngeunaan matéri dina
kagiatan diajar 7.
E. Latihantugas
1. Jéntrékeun naon anu dimaksud ku istilah kompetensi jeung performance dina kamahéran basa
2. Diajar kaparigelan basa téh ngaliwatan dua tahapan, cing jelaskeun 3. Tataan naon waé anu kaasup kana tujuan Ngaregepkeun
4. Nilik kana wandana, warna maca bisa dipasing-pasing deui jadi tujuh
rupa. Cing tataan tur jelaskeun 5. Tulisan téh dibagi jadi opat, nyaéta narasi, deskripsi, eksposisi, jeung
arguméntasi. Cing jéntrékeun hiji-hijina
7
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
110 F. Tingkesan
Kaparigelan basa Sunda diwangun ku opat aspék, nyaéta ngaregepkeun, nyarita, maca jeung nulis. Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda KUBS,
1985 kecap parigél ngandung harti bisa digawé jeung bisa usaha atawa pinter dina sarupaning perkara. Nu dimaksud mibanda kamampuh atawa
murba basa téh nurutkeun Chomsky dina Haerudin 2012 disebut kompeténsi competency jeung performansi performance téa.
Dina kahirupan sapopoé, aya dua tahapan diajar basa. Tahap kahiji diajar ngaregepkeun jeung nyarita. Kagiatan lumangsung kalawan otomatis
dilingkungan kulawarga, henteu karena diprogram atawa direncanakeun. Tahap kadua; diajar maca jeung nulis. Ieu tahapan téh mangrupa tahapan
anu dihaja jeung diprogram atawa direncanakeun. Ieu kagiatan téh biasana lumangsung di sakola-sakola atawa di lembaga-lembaga formal.
Ngaregepkeun mangrupa hiji prosés nguping, ngupingkeun ngadéngékeun sakumaha disebut kieu, puguh objékna, bari dibarengan ku rasa saregep,
enya-enya sarta daria. Tujuan atawa maksud ngaregepkeun bisa rupa-rupa, gumantung kana sipat jeung kaayaan. Upama dipasing-pasing mah tujuan
ngaregepkeun téh bisa digolongkeun jadi lima rupa: 1 nyangkem informasi; 2 ngumpulkeun data sangkan bisa nyieun kaputusan anu hadé;
3 sangkan bisa ‗ngarespon‘ anu leuwih mernah kana naon anu kadéngé; 4 pikeun hubungan éféktif jeung papada jalma; jeung 5 nangkep eusi
atawa caritaan, dina hubungan prosés diajar. Tujuan nyarita anu utama nyaéta pikeun komunikasi. Upama diwincik tujuan
nyarita di antarana pikeun: 1 ngarojong, 2 ngayakinkeun, 3 Migawémilampah hiji hal, 4 ngalaporkeun atawa nepikeun informasi, 5
ngabubungah atawa ngahibur batur, jsté. Nyarita mangrupa kagiatan komunikasi lisan. Aktivitas pembelajaranana bisa mangrupa: 1 nyarita
pikeun ngébréhkeun pamadegan, gagasan, pangaweruh, jeung kahayang. 2 nyarita ngeunaan rasa jeung pangalaman, 3 pidato, ngadongéng, 4
diskusisawala, 5 nyarita dina kalungguhan salaku pangatur acara, 6 ngawawancara, 7 nyarita dina telepon, 8 ngobrol, ngawangkong,