Kagiatan Diajar Modul BS D 150 Final (3 mei 2016)EDIT

7 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 110 F. Tingkesan Kaparigelan basa Sunda diwangun ku opat aspék, nyaéta ngaregepkeun, nyarita, maca jeung nulis. Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda KUBS, 1985 kecap parigél ngandung harti bisa digawé jeung bisa usaha atawa pinter dina sarupaning perkara. Nu dimaksud mibanda kamampuh atawa murba basa téh nurutkeun Chomsky dina Haerudin 2012 disebut kompeténsi competency jeung performansi performance téa. Dina kahirupan sapopoé, aya dua tahapan diajar basa. Tahap kahiji diajar ngaregepkeun jeung nyarita. Kagiatan lumangsung kalawan otomatis dilingkungan kulawarga, henteu karena diprogram atawa direncanakeun. Tahap kadua; diajar maca jeung nulis. Ieu tahapan téh mangrupa tahapan anu dihaja jeung diprogram atawa direncanakeun. Ieu kagiatan téh biasana lumangsung di sakola-sakola atawa di lembaga-lembaga formal. Ngaregepkeun mangrupa hiji prosés nguping, ngupingkeun ngadéngékeun sakumaha disebut kieu, puguh objékna, bari dibarengan ku rasa saregep, enya-enya sarta daria. Tujuan atawa maksud ngaregepkeun bisa rupa-rupa, gumantung kana sipat jeung kaayaan. Upama dipasing-pasing mah tujuan ngaregepkeun téh bisa digolongkeun jadi lima rupa: 1 nyangkem informasi; 2 ngumpulkeun data sangkan bisa nyieun kaputusan anu hadé; 3 sangkan bisa ‗ngarespon‘ anu leuwih mernah kana naon anu kadéngé; 4 pikeun hubungan éféktif jeung papada jalma; jeung 5 nangkep eusi atawa caritaan, dina hubungan prosés diajar. Tujuan nyarita anu utama nyaéta pikeun komunikasi. Upama diwincik tujuan nyarita di antarana pikeun: 1 ngarojong, 2 ngayakinkeun, 3 Migawémilampah hiji hal, 4 ngalaporkeun atawa nepikeun informasi, 5 ngabubungah atawa ngahibur batur, jsté. Nyarita mangrupa kagiatan komunikasi lisan. Aktivitas pembelajaranana bisa mangrupa: 1 nyarita pikeun ngébréhkeun pamadegan, gagasan, pangaweruh, jeung kahayang. 2 nyarita ngeunaan rasa jeung pangalaman, 3 pidato, ngadongéng, 4 diskusisawala, 5 nyarita dina kalungguhan salaku pangatur acara, 6 ngawawancara, 7 nyarita dina telepon, 8 ngobrol, ngawangkong,