PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
16
masing-masing. Kurikulum Tingkat Sakola disusun jeung dilarapkeun di unggal-unggal jenjang sakola.
Dina raraga nedunan Kurikulum Tingkat Daérah, Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat netepkeun KI jeung KD mata pelajaran bahasa jeung sastra
daérah. Salian ti diluyukeun jeung dumasar kana Kurikulum Tingkat Nasional 2013, KI jeung KD mata pelajaran basa jeung sastra daérah
dumasar kana Surat Édaran Kepala Dinas Provinsi Jawa Barat nomor 4232372Set-Disdik tanggal 26 Maret 2013 ngeunaan Pembelajaran
Muatan
Lokal Bahasa
Daerah pada
Jenjang SDMI,
SMPMTs,SMASMKMA. Di sagigireun éta, KI jeung KD mata pelajaran basa jeung sastra daérah
dumasar kana Peraturan Daérah Provinsi Jawa Barat No. 5 taun 2003 ngeunaan Pemeliharaan Bahasa, Sastra, jeung Aksara Daérah, anu
netepkeun basa daérah kudu diajarkan dijenjang pendidikan dasar jeung menengah di Jawa Barat. Ieu kawijakan luyu jeung jiwa UU No. 221999
ngeunaan Pemerintah Daérah jeung UU No. 202003 ngeunaan Sistem Pendidikan Nasional, anu sumberna tina UUD 1945 anu raket patalina
jeung Pendidikan dan Kebudayaan. Hal ieu ogé luyu jeung Peraturan Pemerintah Republik Indonesia Nomer 19
Taun 2005 ngeunaan Standar Nasional Pendidikan, Bab III Pasal 7 Ayat 3
—8. Eusina nétélakeun yén SDMISDLB, SMPMTs. SMPLB, SMAMANSMALB, jeung SMKMAK dibérépangajaran muatan lokal anu
relevan jeungrékoméndasi UNESCO taun1999 ngeunaan ―pemeliharaan bahasa-bahasa ibu di dunia
‖. Di Jawa Barat basa Sunda, basa Cirebon, jeung basa Melayu Betawimibanda kalungguhan salaku basa daérah
. Basa
daérah Sunda mangrupa basa indung pikeun masarakat Jawa Barat. Lian ti éta basa daérah Sunda jadi basa panganteur kagiatan diajar ngajar di
kelas awal SDMI.
Dina pangajaran basa daérah Sunda diwanohkeun kaarifan lokal minangka landasan étnopédagogis.Basa daérah Sunda jadi salah sahiji
kabeungharan dina kebhineka-tunggalikaan basa jeung budaya Nusantara, turbaris jadi landasan pikeun pendidikan karakter jeung moral bangsa.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
17
D. Kagiatan Pangajaran
Paripolah atawa kagiatan diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap.
1. Niténan tujuan jeung indikator. 2. Maca pedaran bahan ngeunaan Rasional Mekarkeun Kurikulum 2013
3. Diskusi kelompok pikeun migawé latihanpancén. 4. Maca tingkesan matéri.
5. Néangan tur maca réferénsi nu séjénna pikeun ngalengkepan
latihanpancén. 6. Tanya jawab jeung fasilitator upama aya bangbaluh ngeunaan matéri dina
kagiatan diajar 1.
E. LatihanKasusPancén
1. Tuliskeun rasional mekarkeun Kurikulum 2013 ditilik tina faktor internal 2. Jéntrékeun penyempurnaan pola pikir Kurikulum 2013
3. Tuliskeun penguatan tata kelola kurikulum 2013 4. Jéntrékeunpenguatan materi dina Kurikulum 2013
5. Tuliskeun opat élemén parobahan Kurikulum 2013
F. Tingkesan
Kurikulum 2013 dimekarkeun dumasar kana ayana Pangabutuh internal jeung
éksternal. Kurikulum
2013 dimekarkeun
dumasar kana
penyempurnaan pola pikir penguatan : 1 pola diajar-ngajarnu museur ka siswa. Siswa kudu miboga kabébasan pikeun milih matéri jeung gaya diajar
learning style sangkan mibanda kompeténsi anu sarua, 2 pola diajar- ngajar interaktif, boh antara siswa jeung siswa, siswa jeung guru, siswa
jeung média, atawa siswa jeung sumber lingkungan, 3 pola diajar-ngajar sacara jejaring siswa nyuprih élmu ti saha waé jeungdi mana waé
ngaliwatan internét, 4 diajar-ngajar aktif néangan diajar-ngajar siswa aktif anu diwewegan ku pamarekan saintifik, 5 pola diajar mandiri jeung
kelompok dumasar kana tim work, 6 diajar-ngajar berbasis multimédia, 7 pola diajar-ngajar dumasar klasikal-masal anu tetep niténan mekarna poténsi
siswa.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
18
Penguatan matéri dina Kurikulum 2013 dipilampah ku cara ngurangan jumlah matéri anu teu luyu, sarta ngajeroan jeung ngalegaan matéri anu luyu
pikeun siswa.Karakteristik Kurikulum 2013di antarana baé: 1 mekarkeun saimbangna antara sikep spiritual jeung sosial, pangaweruh, jeung
kaparigelan, sarta ngalarapkeunana dina rupa-rupa situasi di sakola jeung di masarakat, 2 mérénahkeun sakola minangka bagian tina masarakat anu
méré pangalaman diajar sangkan siswa mampuh ngalarapkeun materi pangajaran anu dicuprih di sakola dina kahirupan masarakat.
G. Uji Balik jeung Lajuning Laku
Pék akurkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu bener,
tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur kamampuh Sadér‘ek
nyangkem materi ajar. Rumus:
Jumlah jawaban anu bener Tahap pangabisa =
x 100 5
Tahap pangabisa bahan ajar nu dihontal ku Sadérék: 90
- 100 = alus pisan
80 -
89 = alus 70
- 79
= cukup -
69 = kurang
Lamun kamampuh Sadérék ngahontal 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana Kagiatan Diajar 2. Tapi, lamun kamampuh Sadérék kurang ti
80, pék malikan ngaderes deui matéri dina Kagiatan Diajar 1, pangpangna matéri nu tacan kacangke.