Kagiatan Diajar LatihanPancén Uji Balik jeung Unduring Laku

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 76 F. Tingkesan 1. Anékdot téh carita anu pondok jeung singget, sarta dipikaresep lantaran eusina anu matak pikaseurieun. Caritana biasana ngeunaan jalma penting atawa sohor tur dumasar kana kajadian nu saenyana. Tapi aya ogé anu ngahartikeun yén saenyana anékdot téh carita rékaan, teu kudu dumasar kana kajdian anu enya-enya aya. Kitu deui tokoh anu dicaritakeunana, teu kudu jalma penting atawa nu geus sohor.kagolong kana wanda téks carita story genre. 2. Téks anékdot nyaéta karangan atawa téks anu eusina nyaritakeun anékdot atawa carita anu eusina pikaseurieun atawa lulucon. 3. Struktur téks anékdot ngawengku abstraksi, oriéntasi, krisis, réaksi, jeung koda. 4. Konsép téks anékdot bisa dilarapkeun jeung dimangpaatkeun dina kagiatan diajar basa Sunda pikeun siswa di sakola.

G. Uji Balik jeung Unduring Laku

Pék akurkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disadiakeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu bener, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur nepi ka tahap mana Sadérék nyangkem bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap pangabisa = x 100 5 Tahap bahan ajar nu kacangkem ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup 69 = kurang Lamun tahap ngawasa geus ngahontal 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun ngulik bahan dina Kagiatan Diajar 6. Tapi lamun tahap ngawasa PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 77 Sadérék kurang ti 80, pék deres deui bahan dina Kagiatan Diajar 5, pangpangna ngaderes matéri nu can kacangkem. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 78 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 79 KAGIATAN DIAJAR 6 TÉKS PROSÉDUR KOMPLÉKS

A. Tujuan

Tujuan kagiatan diajar 6 ngawengku ieu di handap: 1. Sabada maca pedaran, pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun wangenan téks prosédur kompléks. 2. Sabada maca pedaran, pamilon diklat mampuh nuduhkeun ciri-ciritéks prosédur kompléks. 3. Bari diskusi, pamilon diklat mampuh ngaanalisis struktur téks prosédur kompléks. 4. Sabada tanya jawab, pamilon diklat mampuh manggihan unsur kabasaan nu kakandung dina téks prosédur kompléks. 5. Sabada diskusi, pamilon diklat mampuh méré conto cara ngalarapkeun konsép téks prosédur komplékspikeun bahan pangajaran.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

Indikator Kahontalna Kompeténsi kagiatan diajar 6, ngawengku ieu di handap. 1. Ngajéntrékeun wangenan téks prosédur kompléks. 2. Nuduhkeun ciri téks prosédur kompléks. 3. Nganalisis struktur téks prosédur kompléks. 4. Manggihan unsur kabasaan nu kakandung dina téks prosédur kompléks. 5. Ngalarapkeun konsép téks téks prosédur kompléks pikeun bahan pangajaran.

C. Pedaran Matéri 1. Wangenan Téks Prosédur kompléks

Kecap prosédur téh biasa kadéngé ku urang dina kahirupan sapopoé. Réa pagawéan anu dipilampah saenyana nuduhkeun hiji prosédur. Upamana waktu arék nyieun SIM, aya prosédur anu kudu ditempuh ku urang. Upamana baé, daptar heula ka lokét, nyieun surat kaséhatan, miluan ujian tulis, miluan ujian prakték, dipoto jeung nyieun cap sidik jari, PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 80 mayar ka bank, jeung saterusna. Kitu deui waktu rék nyieun KTP, pasport, atawa ngajukeun kridit ka bank, aya prosédur-prosédur anu kudu ditempuh. Éta prosédur téh terkadang digambarkeun atawa diterangkeun dina téks, nepi ka urang boga cecekelan keur milampah léngkah-léngkah bari tartib, atawa keur migawé prosésna. Dina téks biasana ogé dijéntrékeun tujuan urang kudu nempuh éta prosés. Téks-téks siga kitu téh disebutna téks prosédur. Cindekna anu disebut téks prosédur procedure téh nyaéta téks anu eusina ngadadarkeun léngkah-léngkah nu kudu dipigawé ngarah hiji pagawéan atawa prosés bisa dijalankeun keur ngahontal hiji tujuan kalawan tartib. Téks prosédur téh aya dua rupa. Kahiji téks prosédur basajan, kadua téks prosédur kompléks. Dina téks prosédur basajan prosés nu kudu ditempuh téh henteu rumit. Upamana téks prosédur masak mih instan nu sok kapanggih dina bungkusna. Upamana: naheur cai nepi ka panas, asupkeun emihna, sabot emih can asak siapkeun bungbuna dina mangkok, geus kitu mih nu geus asak téh cicikeun kana mangkok kalawan dicaian saperluna, sarta aduk nepi ka siap keur didahar. Lamun prosédur anu dijalankeun téh léngkah-léngkahna ngarancabang atawa mibanda sub-sub léngkah, prosédur kitu téh disebut disebut kompléks. Téksna disebut téks prosédur kompléks.

2. Conto Téks Prosédur Kompléks

Pikeun mikapaham téks prosédur kompléks, ieu di handap aya contona. Baca sarta imeutan strukturna. Ngalikeun ku Ramo Urang ulin matematika bari ngagunakeun ramo. Biasana ramo mah keur ngajumlahkeun. Mun aya budak nu kérok ngajumlahkeun geuning sibuk ngagunakeun ramo. Malah lain ramo leungeun baé nu dipaké téh, sakapeung ramo suku gé dibabawa.