Materi Pangajaran Métode Pangajaran

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 35 g. Kagiatan Diajar-Ngajar Kagiatan pangajaran nu aya dina silabus didadarkeun dina wangun operasional kalawan ngagunakeun pamarekan saintifik anu diluyukeun jeung kondisi siswa sarta satuan pendidikan, kaasup digunakeunana média, alat, bahan, jeung sumber diajar. Kagiatan pangajaran museur kana pamarekan, stratégi, modél, jeung métode pangajaran anu bisa digambarkeun ieu di handap. 1. Pamarekan nyaéta pangajaran anu bisa nyiptakeun lingkungan pangajaran anu ngamungkinkeun lumangsungna prosés pangajaran jeung kahontalna kompeténsi anu geus ditangtukeun. 2. Stratégi pangajaran mangrupa léngkah-léngkah sistematis jeung sistemik anu digunakeun pendidik pikeun nyiptakeun lingkungan pangajaran anu ngamungkinkeun lumangsungna prosés pangajaran jeung kahontalna kompeténsi anu geus ditangtukeun. 3. Model pangajaran nyaéta karangka konséptual jeung operasional pangajaran anu miboga ngaran, ciri, runtuyan logis, aturan, jeung budaya. 4. Metode nyaéta cara atawa téhnik anu digunakeun ku pendidik pikeun ngungkulan hiji kagiatan pangajaran anu ngawengku: ceramah, tanya jawab, jeung diskusi. 5. Ngagunakeun pamarekan saintifikpamarekan berbasis prosés kaélmuan anu wujudna mangrupa ngaorganisasikeun pangalaman diajar nu runtuyanana logis ngawengku prosés pangajaran: nengetan, nanya, ngumpulkeun informasinyoba, nalarngaasosiasi, jeung ngomunikasikeun anu dimekarkeun jeung digunakeun dina hiji lawungan atawa leuwih.

h. Nangtukeun Alokasi Waktu

Alokasi waktu ditangtukeun luyu jeung kaperluan pikeun ngahontal KD jeung beban diajar kalawan merhatikeun jumlah jam pangajaran anu aya dina silabus jeung KD anu kudu dihontal. Satuluyna, alokasi waktu dibagi kana kagiatan bubuka, inti, jeung panutup. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 36 i. Mekarkeun Penilaian Pangajaran Penilaian, ngamuat prosédur jeung instrumén penilaianprosés jeung hasil diajar diluyukeun jeung Indikator kahontalnakompeténsi anu museur kana Standar Penilaian. Penilaian pembelajaran dimekarkeun ku cara nangtukeun lingkup, tehnik, jeung instrumen penilaian, sarta nyieun padoman meunteun penskoran. Saterusna nangtukeun stratégi pangajaran rémedial.

j. Nangtukeun MédiaAlat, Bahan jeung Sumber Pangajaran

1 MédiaAlat pangajaran nyaéta alat bantu proses pangajaran pikeun nepikeun matéri pangajaran ka siswa. 2 Bahan nyaéta rupaning bahan anu digunakeun salila proses pangajaran lumangsung. 3 Sumber diajar bisa mangrupa buku, media cétak jeung éléktronik, alam sabudeureunana, atawa sumber séjénna anu luyu. 4 Nangtukeun média, alat, bahan, jeung sumber diluyukeun jeung média, alat, bahan, jeung sumber anu geus ditangtukeun dina léngkah-léngkah prosés pangajaran. Catetan: Komponén RPP anu diwincik di luhur téh komponén minimal. Hartina unggal-unggal satuan pendidikan dibéré kabébasan pikeun nambahan komponen séjén anu baris méré kalancaran jeung ngababarikeun guru dina ngalaksanakeun pangajaran. Conto RPP pikeun SMP