Kagiatan Inti Pedaran Matéri 1. Sarana Prasarana Praték Pangajaran anu Nedunan Standar

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 57 ngalarapkeun pamarekan saintifik anu luyu jeung karakteristik siswa jeung mata pelajaran basa Sunda. Guru masilitasan siswa pikeun ngalakukeun prosés niténan, nanya, ngumpulkeun informasinyoba, ngaasosiasikeun ngolah informasi, jeung ngomunikasikeun. Dina unggal kagiatan, guru kudu niténan mekarna sikep siswa dina KD tina KI-1 jeung KI-2, saperti:ngébréhkeun rasa sukur ka Alloh SWT, jujur, taliti, gawé bareng, disiplin, taat aturan, ngahargaan pamadegan nu séjén, jst.

c. Kagiatan Panutup

Kagiatan panutup ngawengku hal-hal ieu di handap. 1 Kagiatan guru babarenganjeung siswa, nyaéta: a nyieun ragumankacindekan pangajaran, b ngayakeun réfléksi kana pangajaran anugeus dilakonan, c mereunduring laku umpan balik kana prosés jeung hasil pangajaran. 2 Kagiatan guru, nyaéta: a meunteun, b ngararancang kagiatan lajuning laku tindak lanjut dina wangun pangajaran rémédial, program pengayaan, layanan konselingmérépancén boh pancén individu atawa pancén kelompok luyu jeung hasil diajar siswa, c nepikeun rarancang pangajaran keur lawungan satuluyna.

4. Prakték Ngajar a. Tujuan

Tujuan prakték ngalaksanakeun pangajaran téh nyaéta sangkan pamilon diklat mampuh ngalaksanakeun pangajaran basa Sunda anu ngalarapkeun pamarekan saintifik jeung penilaian autentik.

b. Lengkah-lengkah Kagiatan 1 Tatahar Prakték Ngajar

a Tataharkeun perangkat pangajaran saperti RPP, LKS, jeung instrumén penilaian pikeun prakték ngalaksanakeun pangajaran basa Sunda sacara kelompok b Tataharkeun alat praga jeung sumber diajar anu diperlukeun luyu jeung RPP. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 58 c Tangtukeun guru modél anu jadi wawakil kelompok d Baca format pengamatan prakték pangajaran pikeun mikapaham unggal-unggal aspék anu dipeunteu waktu lumangsungna pangajaran. 2 Prakna Prakték Ngajar a Pikeun Guru Modél Praktékkeun ngajar luyu jeung rancangan kelompok anu geus aya dina RPP Gunakeun waktu anu éfisien luyu jeung tahapan pangajaran b Pikeun Pengamat Lengkepan idéntitas format pengamatan Prakték Pelaksanaan Pembelajaran Titénan praktik pangajaran, béré tanda céntang V dina kolomaya atawa henteu luyu jeung panitén Sadérék Dina kolom catétan, béré catétan husus atawa saran pikeun ngoméan praktik pangajaran Béré peunteun kalawan ngagunakeun rumus anu geus aya