Pangabutuh Internal Pedaran Matéri 1. Rasional Mekarkeun Kurikulum 2013

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 11 Gambar 1. 2 Rasional Mekarkeun Kurikulum 2013

b. Pangabutuh Éksternal

Pangabutuhéksternal raket patalina jeung arus globalisasi sarta rupa-rupa isu ngeunaan masalah lingkungan hidup, kamajuan téhnologi jeung informasi, nguliatna industri kréatif jeung budaya, sarta mekarna atikan di tingkat internasional. Arus globalisasi baris ngagésér pola hirup masarakat tina agraris jeung perniagaan tradisional kana masarakat industri jeung perdagangan modérn saperti World Trade Organiéation WTO, Association of Southeast Asian Nations ASEAN Community, Asia-Pacific Economic Cooperation APEC, jeung ASEAN Free Trade Area AFTA. Pangabutuh éksternal raket patalina jeung ngagésérna ékonomi dunya, pangaruh tina héabna teknosains jeung mutu, invéstasi, sarta trasformasi dina widang atikan. Indonesia ilubiung dina studi International Trends in International Mathematics and Science Study TIMSS jeung Program for International Student Assessment PISA ti taun 1999. Préstasisiswa Indonésia dina sababaraha kali laporan anu dikaluarkeun TIMSS jeung PISAteu pati alus. Ieu hal dibalukarkeun lantaran lobana matéri uji dina TIMSS jeung PISA teu aya dina kurikulum Indonésia.

2. Penyampurnaan Pola Pikir Kurikulum 2013

Kurikulum 2013 dimekarkeun dumasar kana penyampurnaan pola pikir ieu di handap. Rasional Mekarkeun Kurikulum 2013 Tantangan Eksternal Tantangan Internal PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 12 a. Panguatan pola diajar-ngajar nu museur ka siswa. Siswa kudu miboga kabébasan pikeun milih matéri jeung gaya diajar learning style sangkan miboga kompeténsi anu sarua. b. Panguatan pola diajar-ngajar interaktif, boh antara siswa jeung siswa, siswa jeung guru, siswa jeung média, boh siswa jeung sumber lingkungan. c. Panguatan pola diajar-ngajar sacara jejaring siswa nyuprih élmu ti saha waé jeung di mana waé ngaliwatan internét. d. Panguatan diajar-ngajar aktif néangan diajar-ngajar siswa aktif anu diwewegan ku pamarekan saintifik. e. Panguatan pola diajar mandiri jeung kelompok dumasar kana team work. f. Panguatan diajar-ngajar berbasis multimédia. g. Panguatan pola diajar-ngajar dumasar klasikal-masal bari tetep niténan mekarna poténsi siswa. h. Panguatan pola diajar-ngajar ilmu pangaweruh jamak multidicipplines i. Panguatan pola diajar-ngajar kritis.

3. Karakteristik Kurikulum 2013

Kurikulum 2013 dirancang dumasar kana karakteristik ieu di handap. a. Mekarkeun saimbangna antara sikep spiritual jeung sosial, pangaweruh, jeung kaparigelan, sarta ngalarapkeunana di sakola jeung di masarakat. b. Mérénahkeun sakola minangka bagian tina masarakat, sangkan siswa mampuh ngalarapkeun materi di sakola dina kahirupan masarakat. c. Mérélolongkrang anu laluasa pikeun mekarkeun rupa-rupa sikep, pangaweruh, jeung kaparigelan. d. Mekarkeun kompeténsi anu diébréhkeun dina wangun Kompeténsi Inti KI kelas tur diwincik deui kana Kompeténsi Dasar KD. e. Mekarkeun Kompeténsi Inti KI kelas jadi unsur pengorganisasian organicing elements KD.