LatihanPancén Tingkesan Modul BS D 150 Final (3 mei 2016)EDIT

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 50 KI-3, jeung kaparigelan KD tina KI-4;b Hiji RPP bisa digunakeun dina hiji lawungan atawa leuwih;c niténan béda-bédana individu siswa;d museur ka siswa;e berbasis konteks;f pangajaran dioriéntasikeun kana mekarna élmu pangaweruh jeung téknologi, sarta ajén-inajén kahirupan jaman kiwari;g mekarkeun kamandirian diajar;h antara KI, KD, IPK, matéri pangajaran, kagiatan pangajaran, penilaian, jeung sumber diajar kudu dalit dina hiji beungkeutan pangalaman diajar;i RPP disusun kalawan ngaakomodasi pangajaran tématik terpadu, keterpaduan lintas mata pelajaran, lintas aspék diajar, jeung karagaman budaya;j ngamanpaatkeun téknologi informasi jeung komunikasi TIK;k RPP disusun kalawan niténan dilarapkeunana TIK bari terintegrasi, sistematis, jeung éféktif luyu jeung situasi sarta kondisi. Komponén jeung Sistimatika RPPngawengku: 1 idéntitas sakolamadrasah, mata pelajaran atawa téma, kelasseméster, jeung alokasi waktu; 2 Kompeténsi Inti, Kompeténsi Dasar, jeung indikator pencapaian kompeténsi; 3 matéri pangajaran ; 4 kegiatan pangajarananu ngawengku kagiatan bubuka, kagiatan inti, jeung kagiatan panutup; 5 penilaian, pangajaran rémedial, jeungpengayaan; sarta 6 média, alat, bahan, jeung sumber belajar. Dumasar kanalampiran Permendikbud Nomer 103 Taun 2014 201: 9 patali jeung sistematika RPP, léngkah nyusun RPP téh saperti ieu di handap: neuleumansilabus, nangtukeun idéntitas, nuliskeun kompeténsi inti jeung kompeténsi dasar, ngarumuskeun indikator, matéri pangajaran, métode pangajaran, kagiatan diajar-ngajar, nangtukeun alokasi waktu, mekarkeun penilaian pembelajaran, nangtukeun médiaalat, bahan jeung sumber pangajaran

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék akurkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 51 benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahapnyangkem Sadérék kana bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu bener Tahapan Pangabisa = x 100 5 Tahapan pangabisa bahan ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun ngahontal tahap ngawasa 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana Kagiatan Diajar 4. Tapi, lamun tahap ngawasa Sadérék kurang ti 80, pék malikan deui ngaderes bahan dina Kagiatan Diajar 3, pangpangna bahan nu tacan kacangkem.