Indikator Kahontalna Kompetensi Modul BS D 150 Final (3 mei 2016)EDIT

7 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 90 jeung bisa usaha atawa pinter dina sarupaning perkara. Éta kecap téh méh sawanda jeung kecap tapis, paséhat, atawa mahér. Kecap paséhat asalna tina basa Arab fatsihat anu ngandung harti bisa ngucapkeun atawa ngunikeun kecap-kecap hususna basa Arab sakumaha mistina. Ari kecap mahér nurutkeun R Sacadibrata 2005 téh asalna tina kecap mahir Indonesia nu hartina percéka, pinter, kacida alusna atawa kacida bisana. Jadi, kecap parigél, tapis, paséhat, atawa kecap mahér téh ngandung harti mibanda kamampuh. Nu dimaksud mibanda kamampuh atawa murba basa téh nurutkeun Chomsky dina Haerudin 2012 disebut kompeténsi competency jeung performansi performance téa. Kompeténsi téh nyaéta kamampuh anu sipatna abstrak, nyangkarukna téh aya dina uteuk jeung batin diri manusa, nu mangrupa pangaweruh jeung sikep. Ari performansi mah kamampuh anu sipatna kongkrit. Dina kaparigelan basa mah wujudna nyampak dina kagiatan ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Jadi, kamahéran téh tegésna leuwih nyoko kana aspék performansi najan saéstuna mah hésé misahkeunana antara kompeténsi jeung performansi téh. Malah bisa disebutkeun yén kaparigelan basa téh enas-enasna mah adu-manisna antara kompeténsi jeung performansi téa. Kamahéran basa sipatna mékanistik, hartina kamahéran basa saurang jalma baris ngaronjat lamun mindeng latihan kalawan manjang berkesinambungan tur sistematis. Ieu hal téh ngandung harti yén sing saha baé nu hayang parigél ngagunakeun atawa maké basa Sunda, kudu remen latihan, maca, ngaregepkeun, nyarita jeung nulis ku basa Sunda. Implikasina pikeun siswa salaku subjék didik kudu loba dibéré lolongkrang pikeun latihan ngagunakeun basa Sunda dina rupa-rupa situasi jeung tujuan makéna basa. Upama dipasing-pasing, kaparigelan basa téh saéstuna ngurung dina dua beungkeutan, nyaéta mahér ngagunakeun 1 basa lisan jeung 2 basa tinulis.