PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
23
mibanda kaparigelan kreatif dan mandiri pikeun ngawujudkeun manusa nu rancagé gawéna actional quotient.
Tinimbangan di luhur téh mawa konsékwensi kana pungsi mata pelajaran basa jeung sastra Sunda, salaku: 1 sarana ngabina sosial budaya
régional Jawa Barat, 2 sarana ngaronjatkeun pangaweruh, kaparigelan, jeung sikep dina raraga ngamumulé jeung mekarkeun budaya, 3 sarana
ngaronjatkeun pangaweruh, kaparigelan, jeung sikep pikeun ngahontal jeung mekarkeun iemu pangaweruh, téknologi, jeung seni, 4 sarana
ngabakukeun jeung nyebarkeun digunakeunana basa Sunda pikeun rupa- rupa kaperluan, 5 sarana mekarkeun nalar, sarta 6 sarana maham
rupa-rupa budaya daérah Sunda.
3. Kompeténsi Dasar KD
Kompeténsi Dasar KD dirumuskeun pikeun ngahontal Kompeténsi Inti KI. Rumusan KD dimekarkeun ku cara niténan karakteristik jeung
kamampuh siswa. KD ngawengku opat kelompok luyu jeung kelompok KI, saperti ieu di handap.
Gambar 2.2 Kompetensi Dasar
Déskripsi anu lengkep ngeunaan KI KD mata pelajaran basa Sunda di SDMI, SMPMTs, SMAMA, jeung SMKMAK aya dina Peraturan
Gubernur Jawa Barat Nomer 69 taun 2013 ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan sastra Daerah pada jenjang Satuan
a. Kelompok 1: kelompok KD sikap spiritual dina raraga ngadadarkeun KI-1.
b. Kelompok 2: kelompok KD sikap sosil dina raraga ngadadarkeun KI-2.
c. Kelompok 3: kelompok KD pangaweruh dina raraga ngadadarkeun KI-3.
d. Kelompok 4: kelompok KD kaparigelan dina raraga ngadadarkeun KI-4.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
24
Pendidikan Dasar dan Menengah, saperti ieu di handap.Nomor KI jeung KD diluyukeun jeung nomor KI jeung KD dina Permendikbud No. 57
Tahun 2014 tentang Kurikulum 2013 Sekolah DasarMadrasah Ibtidaiyah, Permendikbud No. 58 Tahun 2014 tentang Kurikulum 2013 Sekolah
Menengah Pertama Madrasah Tsanawiyah, Permendikbud No. 59 Tahun 2014 tentang Kurikulum 2013 Sekolah Menengah AtasMadrasah Aliyah,
jeung Permendikbud No. 60 Tahun 2014 tentang Kurikulum 2013 Sekolah Menengah KejuruanMadrasah Aliyah Kejuruan.
4. Indikator Pencapaian Kompeténsi IPK a. Wangenan IPK
Numutkeun Permendikbud no. 103 taun 2014 ngeunaan Pembelajaran pada Pendidikan Dasar dan Pendidikan Menengah,
Indikator Kahontalna Kompeténsi IPK nyaéta: a paripolah anu bisa diukur jeungatawa diobservasi pikeun kompeténsi dasar KD dina
KompeténsiInti KI-3 jeung KI-4; jeung b paripolah anu bisa diobservasi pikeun nedunan KD dina KI-1 jeung KI-2, anu jadi acuan
panilaian mata pelajaran.
Dina mekarkeun indikator perlu niténan jeung nimbang-nimbang hal ieu di handap.
1 Pameredih kompeténsi anu bisa ditingal tina kecap pagawéan anu
digunakeun dina KD. 2 Karakteristik mata pelajaran, siswa, jeung sakola.
3 Poténsi jeung pangabutuh siswa, masarakat, jeung lingkungan daérah.
Dina mekarkeun pangajaran jeung penilaian, aya dua rumusan indikator:
1 Indikator Pencapaian Kompeténsi anu biasa aya dina RPP. 2 Indikator penilaian anu digunakeun dina nyusun kisi-kisi jeung
nulis soal anu biasa disebut indikator soal.