Watesan Pedaran Bahan 1. Opat Aspék Kaparigelan Basa

7 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 100 b. Tujuan jeung Mangpaat Nyarita Tujuan nyarita anu utama nyaéta pikeun campur gaul dina hirip kumbuh sapopoé. Upama diwincik tujuan nyarita di antarana pikeun: 1 ngarojong, 2 ngayakinkeun, 3 Migawémilampah hiji hal, 4 ngalaporkeun atawa nepikeun informasi, 5 ngabubungah atawa ngahibur batur, jsté. Anu kaasup kana mangpaat nyarita di antara waé pikeun 1 ngurangan rasa kéder,waswas, jeung gugup dina nyanghareupan jalma réa; 2 ngalatih numuwuhkeun kapercayaan diri; 3 ngalatih téhnik sora, artikulasi; 4 nyangking daya pérsuasi; 5 ngabina kamampuh pédagogis jeung psikologis; 6 nambahan pangaweruh kabeungharan kecap; 7 ngabina kamampuh ngaéksprésikeun diri, saperti pasemon jeung gerakan nonvérbal salila nyarita atawa dialog; 8 teu apriori jeung mampuh ngahargaan jalma anu keur cacarita; 9 ngalancarkeun dina prosés komunikasi; 10 teu hésé dina mangaruhan jalma séjén; 11 miboga sikep silihajénan; 12 mibanda sikep positif ka sasama; 13 teu hésé ngayakinkeun jalma réa sabab bisa ngébréhkeun eusi haté atawa buah pikiran anu singget, jéntré, tur pepel; 14 parigel sarta mibanda kakuatan dina mertahankeun pikiran atawa pamadegan; 15 mibanda sikep objéktif jeung toleran; sarta; 16 lancar dina campur gaul jeung komunikasi papada jalma.

c. Nyarita dina Pangajaran Basa

Dina pangajaran basa, nyarita mangrupa kagiatan komunikasi lisan. Aktivitas pembelajaran bisa mangrupa: 1 nyarita pikeun ngébréhkeun pamadegan, gagasan, pangaweruh, jeung kahayang. 2 nyarita ngeunaan rasa jeung pangalaman, 3 pidato, ngadongéng, 4 diskusisawala, 5 nyarita dina kalungguhan salaku pangatur acara, 6 ngawawancara, 7 nyarita dina telepon, 8 ngobrol, ngawangkong, silihtanya, paguneman, jeung sajabana. 9 Dina widang atikan di sakola, pembelajaran ngagunakeun basa lisan téh dilatih ku rupa-rupa téknik latihan nyarita, di anatarana waé: 10 ngawanohkeun diri, 11 midangkeun pakta, 12 nyieun atawa medar 7 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 101 hiji hal, 13 ngalaporkeun hiji hal, 14 ngoméntaran, 15 ngaréproduksi caritaan, jeung sajabana.

d. Métodeu Pangajaran Nyarita

Ieu métodeu dipaké pikeun ngaronjatkeun kamahéran murid dina nyarita. Guru ngaping jeung ngarahkeun murid. Saméméh nyarita murid diarahkeun heula, boh bahan picaritaeunana boh kumaha kuduna. Métodeu pangajaran nyarita dibagi jadi tilu bagian, nyaéta: terpimpin, semi terpimpin, jeung bébas. 1 Métodeu Terpimpin Métodeu terpimpim nyaéta métode nu digunakeun pikeun nungtun murid diajar nyarita ngeunaan hiji perkara kalawan diarahkeun kudu nyumponan sarat-sarat anu kudu diperhatikeun saméméhna, di antarana amaluruh heula hiji objék picaritaeun, b nyaritakeun objék nu kungsi ditingalina, c ngaréproduksi tina hasil bacaan, d paguneman dialog nu diterangkeun, e latihan nyarita ku cara kaulinan, f nyusun kalimah, g nyieun paraprase, h ngadongéng, i téhnik tembang jeung ngawih, j macapat, jsté. 2 Métodeu Semi Terpimpin Metode semi terpimpin nyaéta métode nu digunakeun pikeun nungtun murid diajar nyarita ngeunaan hiji perkara tanpa diarahkeun saméméhna di antarana a reproduksi informasi tina sumber wacana nu dilisankeun, b carita dumasar gambar, c nyaritakeun deui informasi ku cara tatalepa, d ngalaporkeun deui eusi bacaan, jeung e ngalaporkeun eusi pidato. 3 Métodeu Bébas Metode bébas nyaéta métode nu digunakeun pikeun nungtun murid diajar nyarita ngeunaan hiji perkara tanpa diarahkeun saméméhnatur dibébaskeun pikeun nangtukeun naon-naon anu baris ditepikeun dina nyarita, upamana a pidatobiantara, b wawancara, jeung, c diskusisawalagunem catur.