Indikator Kahontalna Kompeténsi

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 30 museur kana silabus, buku téks, jeung buku tuturus guru. RPP ngawengku: a idéntitas sakolamadrasah, mata pelajaran jeung kelasseméster; b alokasi waktu; c KI, KD, Indikator Pencapaian Kompeténsi; d matéri pangajaran; e kagiatan pangajaran; f penilaian; jeung g médiaalat, bahan, sarta sumber diajar. Dumasar Pedoman Pembelajaran Tematik Terpadu Lampiran III Permen nomor 57 Tahun 2014 2014: 241 RPP téh rarancang kagiatan pangajaran tatap muka pikeun hiji lawungan sapoé. RPP dimekarkeun tina silabus tur niténan buku siswa jeung buku tuturus guru anu geus disiapkeun ku Kementerian Pendidikann dan Kebudayaan. Unggap-unggal guru wajib nyusun RPP bari lengkep tur sistematis sangkan pangajaran lumangsung sacara interaktif, inspiratif, gumbira, menantang, éfesién, ngamotivasi siswa pikeun aktif, sarta méré tempat anu cukup pikeun prakarsa, kréativitas, sarta mandiri luyu jeung bakat, minat, kaayaan fisik sarta psikologis siswa. RPP disusun dumasar KD atawa subtéma anu dilaksanakeun dina hiji lawungan atawa leuwih.

2. Prinsip-Prinsip Mekarkeun RPP

Prinsip-prinsip nyusun RPP dumasar Lampiran Permendikbud Nomor 103 Tahun 2014: 7-8 nyaéta saperti ieu di handap. a. Unggal RPP sacara gembleng ngawengku KD sikep spiritual KD tina KI-1, sosial KD tina KI-2, pangaweruh KD tina KI-3, jeung kaparigelan KD tina KI-4. b. Hiji RPP bisa digunakeun dina hiji pertemuan atawa leuwih. c. RPP disusun kalawan niténan béda-bédana kamampuh awal, tingkat inteléktual, minat, motivasi diajar, bakat, poténsi, kamampuh sosial, émosi, gaya diajar, kabutuh husus, gancangna diajar, kasang tukang budaya, norma, nilai, jeungatawa lingkungan siswa. d. Museur ka siswa. Prosés pangajaran dirarancang pikeun ngadorong motivasi, minat, kréativitas, inisiatif, kamandirian, jeung sumanget diajar, ngagunakeun pamarekan saintifik. e. Berbasis kontéks, ngandung harti yénproses pangajaran téh kudu diluyukeun jeung kaayaan lingkungan sabudeureun.