LatihanKasusPancén Tingkesan Modul BS D 150 Final (3 mei 2016)EDIT

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 28 hiji tingkat atikan. KI dirarancang pikeun unggal kelas. Ngaliwatan KI, sinkronisasi horizontal rupa-rupa KD antarmata pelajaran dina kelas anu sarua bisa dijaga. Kompeténsi Dasar KD dirumuskeun pikeun ngahontal Kompeténsi Inti KI. Rumusan KD dimekarkeun ku cara niténan karakteristik jeung kamampuh siswa. KD ngawengku opat kelompok luyu jeung kelompok KI. Kompeténsi Dasar KD dirumuskeun pikeun ngahontal Kompeténsi Inti KI. Rumusan KD dimekarkeun ku cara niténan karakteristik jeung kamampuh siswa. KD ngawengku opat kelompok luyu jeung kelompok KI.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék akurkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu bener, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem Sadérék kana bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa matéri ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun kamampuh Sadérék ngahontal 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana Kagiatan Diajar 3. Tapi, lamun tahapan pangabisa Sadérék kurang ti 80, pék malikan ngaderes deui matéri dina Kagiatan Diajar 2, pangpangna matéri nu tacan dicangkem. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 29 KAGIATAN DIAJAR 3 NYUSUN RPP BASA SUNDA A. Tujuan Tujuan kagiatan diajar 3 ngawengku ieu di handap. 1. Sanggeus maca modul, pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun hakékat RPP kalawan tétéla. 2. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi prinsip-prinsip mekarkeun RPP kalawan taliti. 3. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi komponén RPP kalawan taliti. 4. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi léngkah- léngkah nyusun RPP kalawan tétéla. 5. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh nyieun conto RPP mata pelajaran basa Sunda kalawan bener.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

Indikator kahontalna kompeténsi kagiatan diajar 3 ngawengku ieu di handap. 1. Ngajéntrékeun hakékat RPP. 2. Ngaidéntifikasi prinsip-prinsip mekarkeun RPP. 3. Ngaidéntifikasi komponén RPP. 4. Ngaidéntifikasi léngkah-léngkah nyusun RPP. 5. Nyieun conto RPP mata pelajaran basa Sunda.

C. Pedaran Matéri 1. Hakékat Rencana Pelaksanaan Pembelajaran RPP

Numutkeun Permendikbud no. 103 taun 2014 ngeunaan Pembelajaran pada Pendidikan Dasar dan Pendidikan Menengah, RPP nyaétararancang pangajaran anu dimekarkeun sarta museur kana silabus. RPP téh rarancang pangajaran anu dimekarkeun sacara wincik