14
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
C. Medar Eusi Kawih
1. Karatagan Pamuda Indonésia
Pancén kelompok hiji jeung dua NO
KAGIATAN
10. Murid dikelompokkeun, unggal kelompok anggotana opat urang.
Murid sina milih sorangan jeung saha batur sakelompokna, sangkan dina migawé pancénna leuwih sumanget. Tuluy kelompok hiji jeung dua
dibéjaan kudu nalungtik jeung mesék kawih Karatagan Pamuda Indonésia. Kadé dua kelompok ieu diukna ulah padeukeut, bisi silibéjaan.
11. Guru nyontoan ngawih atawa nyetél kasét kawih Karatagan Pamuda
Indonésia. Sababaraha balikan nyetélna ambéh murid babari apal.
12. Murid kelompok hiji jeung dua diajar kawih Karatagan Pamuda Indonésia
nepi ka bisana.
13.
Murid néangan kecap-kecap anu teu kaharti dina kamus sarta dilarapkeun kana kalimah:
1. Rempug Jukung hartina babarengan sauyunan, sabilulungan kana
kahadéan. Larapna dina kalimah:
a. Masarakat Kabupatén Garut rempug jukung ngawangun masjid Agung.
b. Masarakat Kabupatén Subang rempug jukung urunan réréongan sarupi.
2. Ariyatna asal kecapna iatna hartina ati-ati atawa enya-enya. Ariyatna hartina arati-ati.
Larapna dina kalimah: a. Sing ariyatna mun aya di panyabaan, bisi cilaka.
b. Ayeuna usum bangsat, kudu ariyatna mun ninggalkeun imah kadé koncian heula.
3. Raksa jaring hartina miara atawa ngajaga supaya luput tina bahaya. Kecap raksa jaring ukur jadi mamanis basa, kecap puitis anu
biasa dipaké dina kawih atawa sajak. Jadi tara dilarapkeun kana kalimah sagemblengna. Mun dilarapkeun kana kalimah biasa kudu
ditambahan ku rarangkén, upamana ngaraksa jeung ngajaring.
15
Bab II
PITUDUH HUSUS
13. 4. Raga hartina wujud jelema nyaéta raga badag anu katénjo.
Larapna dina kalimah: a. Manéhna nangkarak baeud, nyawa paturay jeung raga.
b.
Raga badag mah aya ngajentul, tapi lelembutanna mah teuing di mana.
Kecap Raga langka dipaké dina paguneman biasa mah, da sok maké kecap awak waé. Kecap raga mah biasana dipaké dina
sajak atawa kawihtembang. 5. Sukma hartina roh atawa jiwa
Larapna dina kalimah: a. Caritaanna nyerep kana sukma.
b. Sukmana ngalayang ninggalkeun raga badagna. Kecap sukma ogé kaasup kecap puitis anu biasa dipaké dina
karya sastra, da lamun dina paguneman biasa mah sok maké kecap nyawa waé.
6. Kukuh pengkuh hartina katetepan haté. a. Lamun hirup hayang tengtrem, kudu kukuh pengkuh nyekel
ajaran agama. b. Masarakat Kampung Adat Ciptagelar, kukuh pengkuh nyekel
tradisi warisan karuhunna. 7. Teguh hartina nu kahiji kukuh, kuat, teteg haté, nu kadua hartina
nebak hal anu tacan kanyahoan, upamana tatarucingan. a.
Sing teguh nya patékadan dina nyanghareupan pagawéan anu
sakumaha beuratna ogé. b. Cik teguh sabaraha hiji kaléci anu aya di jero kaléng.
8. Nempuh hartina kecap pagawéan ngalakonan gawé kalawan hésé- béléké. Asal kecapna tina tempuh.
a. Leumpang ti Bandung ka Dayeuh Kolot bisa ditempuh ku badarat jero dua jam.
b. Di Bandung macét téh di mana-mana, nempuh jalan ti Setiabudi ka Cihampelas aya kana tilu jamna.
14. Téma kawih Karatagan Pamuda Indonésia nyaéta Pancén Pamuda
Indonésia dina ngeusi kamerdékaan.
16
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
15. Kecap-kecap anu murwakanti dina kawih Karatagan Pamuda Indonésia:
1. Rempug jukung murwakanti dina sora u 2. Pamuda Indonésia murwakanti dina sora a
3. Tingkahna waspada ariyatna murwakanti dina sora a 4. Raksa raga sukma murwakanti dina sora a
5. Kukuh pengkuh murwakanti dina sora u 6. Kuat nahan cocoba murwakanti dina sora a
7. Lemah cai merdékana abadi murwakanti dina sora a jeung i 8. Urang pada kagiliran murwakanti dina sora a
9. Teguh nempuh murwakanti dina sora u 10. Perjuangan rakyat Indonésia murwakanti dina sora a
11. Darajat bangsa murwakanti dina sora a
16.
Nyaritakeun eusi kawih Karatagan Pamuda Indonésia: Dina nyaritakeun eusi kawih, murid dituyun sina nyaritakeun maké
basa sorangan. Murid sina maca heula nepi ka tamat kawihna, tuluy diparaprasekeunditulis deui dina basa lancaran. Conto eusi kawih
Karatagan Pamuda Indonésia anu dicaritakeun deui ku basa sorangan: 1. Pada kahiji
Eusi kawih Karatagan Pamuda Indonésia nyaéta nyaritakeun
parapamuda Indonésia anu babarengan sauyunan, teu weléh waspada caringring pageuh kancing saringset pageuh iket, ngariksa
raga sukma, sarta kuat dina nahan rupa-rupa cocoba. Pamuda
anu kuat jasmani reujeung rohanina, beuki kuat lantaran sauyunan jeung baturna.
2. Pada kadua Dina ngeusian kamerdékaan kabéh bakal kagiliran, kudu jejem
konsistén enggoning ngalakonan berjuang pikeun ngajungjung darajat bangsa.
17. Mun geus bérés mesék kawihna, kelompok hiji jeung dua bagilir ka
hareup. Kagiatan kahiji nembangkeun kawihna babarengan. Kagiatan anu kadua, macakeun hasil paniténna kana kawih Karatagan Pamuda
Indonésia. Dua kelompok dibandingkeun hasil paniténna, kelompok séjénna sina ngoméntaran, nepi ka jadi diskusi kelas.
18. Kelompok hiji jeung kelompok dua dituyun nyindekkeun hasil diskusi.
17
Bab II
PITUDUH HUSUS
2. Kawih Sabilulungan