137
Bab IV
BAHAN PANGJEMBAR
Pangajaran 2: Warta
Warta nu dimaksud dina pangajarn ieu mah berita, anu biasa sok ditulis pikeun media massa, boh media tulis boh éléktronik. Warta pikeun koran,
majalah, atawa televisi, tangtau baé béda dina cara nulisna. Sacara umum, jenis tulisan warta téh aya dua:
1. feature tulisan anu ngadongéngkeun hiji kajadian 2. spot news warta péndék anu ngabéjakeun fakta-fakta nu penting dipikanyaho
ku anu maca Dina majalah –koran ogé sabagian gedé- jenis tulisan anu dimuat téh feature.
Tulisan feature téh aya anu ngandung unsur warta aya nu henteu. Lamun anu ngandung unsur warta mah biasana kapangaruhan ku waktu, patali jeung warta
anu keur ramé di masarakat. Najan ditulis dina wangun feature, eusina babari basi, kawatesanan ku waktu.Ukur saharitaeun, atawa salila masalahna diramékeun.
Sedengkeun tulisan feature anu teu ngandung unsur warta mah disebutna feature human interest. Jenis tulisan ieu mah teu babari basi, mun dibaca iraha
waé tetep aktual eusina. Jadi eusina teu méré informasi ngeunaan kapentingan umum anu sipatna vital, tapi ngan sakadar méré informasi ngeunaan hal-hal
nu jadi panitén saréréa, anu kapentinganna manjang teu kawatesana ku waktu. Upamana dina nyaritakeun musibah caah. Mun dina tulisan feature warta mah
ukur fakta-fakta 5W+1H wungkul, sedeng ari dina feature human interest mah diungkab kajadian-kajadian anu kaalaman ku korban anu matak nodél kana
mamaras rasa.
Unsur-unsur dina tulisan feature: 1. Kréativitas.
Teu jiga spot news, dina tulisan feature mah méré kaluasaan ka nu nulis
pikeun nyiptakeun hiji carita, najan angger kauger ku aturan nulis warta anu kudu akurat sarta teu meunang diselapan karang fi ktif atawa hayalan.
2. Subyéktifitas. Sababaraha tulisan feature ditulis dina wangun “kuring”, nepi ka bisa jadi
asup unsur émosi jeung pikiran anu nulis. Tapi gaya ieu mah alusna dipaké lamun taya deui gaya anu alus sangkan dipikaresep ku anu maca.
3. Informatif. Feature anu ajén wartana kurang, tetep bisa méré informasi ka masarakat
ngeunaan situasi atawa aspék kahirupan anu bisa jadi diliwat ku réporter koran biasa.
138
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
4. Ngahibur. Tulisan feature téh sabenerna jadi pakarang anu ampuh pikeun wartawan
koran jeung majalah, pikeun ngéléhkeun média radio jeung televisi. Najan kumaha waé, korang jeung majalah moal bisa ngéléhkeun radio jeung
televisi dina perkara paheula-heula nepina warta ka masarakat mah. tangu bakal leuwih ti heula radio jeung televisi da puguh wartana langsung nepi
ka masarakat teu kudu ngaliwatan prosés nyirak heula. Tah, ku téhnik nulis feature, daya tarik warta anu ditepikeun bakal ngaronjat sababaraha
tikel, ngéléhkeun warta anu ditepikeun ku radio jeung televisi anu biasana “garing” lantaran ngan ngasongkeun akta-fakta wungkul. Ari dina feature
mah lian ti ngasong fakta-fakta anu sipatna “kaku” téh ogé ngasongkeun carita nu aya disatungeun éta fakta, anu bisa nodél mamaras anu maca.
5. Awét Biasana, warta dina koran mah aktual wartana téh ngan sapoé. Isukna dipaké
bungkus céngék ogé moal masalah, da warta-warta aktual séjénna unggal poé tuluy datang. Unsur warta anu poé dianggap penting kabéh, isukna
geus basi deui. Tapi warta dina jenis feature mah awét nepi ka sababaraha bulan malah taunan.
6. Panjangna Tulisan feature, panjangna bisa ngan tilu alinéa bisa ogé 20 halaman.
Gumantung kana minat anu maca. Salila éta tulisan bakal terus pikaresepeun anu maca, bisa terus dipanjangan, asal nulisna ulah dihaja diambaykeun, nepi
ka matak bosen anu maca.
Aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun dina nulis warta,nyaéta: 1. Akurat
Dina warta dipahing pisan aya unsur imajinasi hayalan. Teu meunang bohong deuih, lantaran lamun kapanggih kapercayaan nu maca bakal
ngurangan. Pikeun nyingkahan fakta-fakta anu sipatna fi ktif, wartawan kudu ngumpulkeun informasi kalawan bener. Aya sababaraha cara pikeun
nyingkahan kasalahan fakta, nyaéta: a. Lamun keur ngawawancara narasumber, tanyakeun ngaran lengkepna,
umurna, alamatna, jeung nomer teleponna. Lamun geus meunang informasi, bacakeun deui éta sakabéh informasi hareupeun narasumber.
Jadi mun aya kasalahan téh bisa langsung dibenerkeun. Nomer telepon teu meunang ditulis dina warta, tapi wartawan perlu apal pikeun ngayakeun
kontak ka hareupna bisi aya fakta anu kudu ditanyakeun deui.
b. Lamun ngaran, umur, jeung alamat meunang informasina ti jalma séjén, tanyakeun deui sacara langsung ka narasumberna. Ulah langsung ditulis
kitu waé.
139
Bab IV
BAHAN PANGJEMBAR
c. Dipahing pisan ngarasa nyaho kana sagalarupana. Unggal informasi kudu ditanyakeun deui bener henteuna, saméméh dijieun tulisan. Istilah
populérna mah chek rechek. d. Lamun tulisan ngamuat hal-hal anu dianggap hésé, kudu yakin heula apal
nu sabenerna. Komo anu aya patalina jeung istilah-istilah téhnis nu béda jeung kasang tukang paélmuan anu dipimilik ku wartawan.
e. Mun dina tulisan ngagunakeun statistik atawa data-data matématis, wartawan kudu mariksa deui angka-angkana sarta tuluy diitung. Mun
wartawan teu paham, tanyakeun heula ka anu leuwih paham. 2. Ejahan jeung ngagunakeun kecap-kecap kudu luyu jeung aturan. Kasalahan
citak kudu dijauhan. Jadi tulisan kudu dipariksa sababaraha balikan, teu meunang ngandelkeun éditor.
3. Maké buku padoman. Gunana pikeun nyaragamkeun istilah-istilah sangkan katiténna konsistén dina nyieun tulisan.
4. Ngungkaban kasalahan Sajeroning ngetik, tangtu baé aya résiko salah ngetik kecap atawa maké éjahan.
Kadé ulah ngabenerkeun kecap atawa mukaan kamus bari ngetik, lantaran bisa ngaganggu kalancaran nulis. Engké baé lamun geus bérés ngetik kakara
dipariksa sakecap-sakecap. Kudu apik dipariksa nepi ka yakin taya anu salah. Dina warta, aya anu disebut lead. Anu disebut lead téh nyaéta paragraf
mimiti. Aya dua tujuan dijieunna lead téh: 1. pikeun narik minat anu maca sangkan kataji pikeun nuluykeun macana
2. pikeun ngalancarkeun alur carita. Lead téh modal utama hiji tulisan sangkan éta tulisan dibaca nepi ka tamat.
Lantaran, najan caritana hébat, ari lead-na teu matak kataji atawa teu ngahudang kapanasaran mah, éta tulisan bisa ditinggalkeun ku anu macana.
Rupa-rupa lead dina tulisan: 1. Lead ringkesan.
Eusina inti warta, anu parentingna wungkul. Biasana lead ieu mah
dipaké lamun wartawan boga warta bener-bener matak panasaran, nepi otomatis anu maca hayang nuluykeun bacaanana. Lantaran lead ieu mah
pangbabarina ditulis, remen dipaké ku wartawan anu keserempek waktu diudag deadline
2. Lead anu nyaritakeun Lead anu ieu mah dipikaresep ku tukang nulis fi ksi carpon atawa novel.