Lead gabungan Loba koran atawa majalah anu ngagunakeun lead gabungan tina sababaraha

140 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII

3. Lead déskriptif Lead déskriptif bisa ngaréka gambaran dina pikiran anu maca ngeunaan

tokoh jeung tempat kajadian. Lead modél kieu cocok pikeun nulis profi l pribadi.

4. Lead kutipan Kutipan omongan hiji tokoh atawa narasumber anu jero tur ringkes, bisa

ngeurad nu maca sangkan tuluy maca tulisan. Tapi omat, kutipanna ulah kaluar tina jalur tulisan.

5. Lead pertanyaan Lead ieu bisa épéktif lamun ngahudang rasa panasaran anu maca. Lead ieu

mah ngan saukur taktik, tapi hasilna teu salawasna alus. 6. Lead nunjuk langsung anu maca. Dina lead nu modél ieu mah nu maca langsung ditunjuk ku anu nulis. Biasana ngagunakeun kecap “anjeun”. Lead modél kieu langsung ngajak nu maca asup kana tulisan, nepi ka rasa panasaranana kahudang sarta hayang nuluykeun macana.

7. Lead anu ngagoda Lead anu ngagoda mah biasana pondok jeung énténg. Biasana sok dibarung

ku heureuy. Tujuanana sangkan anu maca ngarasa kataji sarta panasaran hayang nuluykeun bacaanana. 8. Lead nyéntrik Lead modél kieu matak kataji jeung informatif. Gayana has, béda ti nu séjén, sarta bakal ngajak anu maca nganggeuskeun bacaanana. Lead modél kieu mah teu kudu dina wangun kalimah waé tapi bisa ngan ukur sakecap. Upaman nuduhkeun sora.

9. Lead gabungan Loba koran atawa majalah anu ngagunakeun lead gabungan tina sababaraha

jenis lead. Biasana dicokotan anu ralusna wungkul. Upamana lead kutipan digabungkeun jeung lead déskriptif, atawa lead anu ngagoda jeung lead kutipan. Tehnik Nulis Lead: 1. Nulisna kecap-kecapna sing ringkes 2. Nulis alinéana ogé sing ringkes. 3. Gunakeun kecap-kecap anu aktip. 4. Kudu bisa narik panitén nu maca dina sababaraha kecap anu mimiti. Warta anu hadé téh anu ngahiji antara sirah, awak, jeung buntut. Anu jadi sirahna lead, anu jadi awakna eusi warta, sedeng anu jadi buntutna panutup warta. Lolobana warta ditulis dina wangun “piramid terbalik”. Anu disebut piramid terbalik téh tulisan informasi disusun ti anu penting heula. 141 Bab IV BAHAN PANGJEMBAR Beuki ka handap informasina beuki teu penting sarta loba detail. Dina hal ieu, panutup ogé kacida pentingna. Kudu bisa méré hiji kacindekan anu diperlukeun ku anu maca. Aya sababaraha jenis panutup, nyaéta: 1. Panutup anu mangrupa ringkesan. Panutup modél kieu mah ngan ukur mangrupa ihtisar, ngan nandeskeun tungtung carita tuluy balik deui ka lead. 2. Panutup anu nyeureud Panutup modél ieu mah méré “kejutan” ka nu maca di ahir carita, nepi ka karasana nyeureud. Alur carita kudu disusun nepi ka panutupna najan nyeureud tapi tetep asup akal sarta teu méngpar tina informasi poko. 3. Panutup klimaks. Biasana kapanggih dina tulisan anu disusun sacara kronologis. Jiga tulisan sastra tradisional. Ngan dina warta feature mah lamun klimaksna geus jelas, tulisan buru-buru ditutup, henteu diantep sina ngayayay nepi ka antiklimaks. 4. Taya kacindekan open ending Nu nulis kalawan dihaja ngeureunkeun tulisan bari nekenkeun kana pertanyaan penting anu teu kajawab. Biasana lantaran mémang ahir caritana can kanyahoan atawa ngahaja sangkan carita ngagantung nepi ka anu maca bisa milu nganggeuskeun dumasar kana kahayangna sorangan. Tapi najan kumaha waé, dina tulisan feature mah ahir tulisan téh kudu asup akal. Wangun tulisan: 1. Piramid tibalik 2. Pramid feature Lead Bridgepameungkeut Awakeusi Lead Bridgepameungkeut Awakeusi Panutup 142 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII Pangajaran 3: Guguritan Guguritan téh karangan pondok anu disusun maké patokan pupuh Yus Rusyana, 1978. Mun nilik kana wangenan di luhur, guguritan téh wangun ugeran teu bébas, lantaran kauger ku patokan pupuh téa. Ari eusina, diwangun ku hiji jejer utama, sarta pikiran jeung perasaan pangarang ogé museur ka dinya. Lantaran karangan pondok téa, tangtu baé ditulisna leuwih ti sapada, bari jeung jejerna angger hiji. Mun karanganna panjang sarta ngalalakon, biasana disebut wawacan. Pupuh dina sastra Sunda aya 17, béda jeung di Jawa anu jumlahna ngan 15. Anu 17 téh aya nu disebut sekar ageung atawa istilahna téh KSAD Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula. Tah sésana, anu 13 pupuh, disebutna sekar alit, nyaéta Pucung, Maskumambang, Magatru, Mijil, Wirangrong, Pangkur, Durma, Lambang, Gambuh, Balakbak, Ladrang, Jurudemung, jeung Gurisa. Tah, pupuh Lambang jeung Landrang teu kapanggih dina sastra Jawa. Sok padahal pupuh téh kapangaruhan ku sastra Jawa sarta asup ka Sunda-na téh dina jaman Karajaan Mataram. Aya ogé anu nyebutkeun jaman Kasultanan Demak. Bisa jadi, husus pupuh Lambang jeung Ladrang, jieunan asli urang Sunda, atawa datang ti pangaruh séjén tuluy diropéa ti nu geus aya jadi wangun pupuh nu mandiri Lima Abad sastra Sunda, Wahyu Wibisana, 2000. Guguritan téh geus lila gelarna dina sastra Sunda. Dina abad ka-19 geus loba anu nganggit guguritan, di antarana R.H. Muhamad Musa, R.A. Bratawijaya, haji hasan Mustapa, Kalipah Apo, jeung M.A. Salmun. Sedeng pangarang kabéhdieunakeun anu sok nganggit guguritan téh R.A.F Rahmatullah Ading Affandi, Wahyu Wibisana, Apung S.W., Deddy Windyagiri, Dyah Padmini, Etti RS, Dian Hendrayana, jsb. Saméméh nengetan conto-conto guguritan, aya hadéna mikawanoh heula pupuh anu 17. Geura urang cutat contona sapada-sapada: 1. Kinanti watekna pikeun ngagambarkeun prihatin, harepan, atawa ngadago- dago. Contona: Budak leutik bisa ngapung, babaku ngapungna peuting, ngalayang kakalayangan, néangan nu amis-amis, sarupaning bungbuahan, naon baé nu kapanggih. 143 Bab IV BAHAN PANGJEMBAR 2. Sinom watekna pikeun ngagambarkeun rasa gumbira atawa senang. Contona: Panonpoé rék pamitan, layungna beureum jeung kuning, hurung ngempur semu ruhay, matak resep nu ningali, bangunna warna-warni, siga sato siga manuk, sawaréh sisiakan, jeung paul paselang-seling, siga ombak lautan sagara emas. 3. Asmarandana watekna pikeun ngagambarkeun silihasih atawa naséhat. Contona: Eling-éling murangkalih, kudu apik jeung berséka, ulah odoh ku panganggo, mun kotor geuwat seuseuhan, soéh geuwat kaputan, ka nu buruk masing butuh, ka nu anyar masing lebar. 4. Dangdanggula watekna pikeun ngagambarkeun kabungah atawa kaagungan. contona: Téténjoan singsarwa raresmi, pilemburan reujeung pasawahan, écés ébréh témbong kabéh, lembur pating jarumpluk, gunung-gunung jeung pasir-pasir, parentul narémbongan, sawaréh ngalamuk, kahalangan méga bodas, najan kitu teu matak ngurangan sari, teu matak suda éndah. 5. Maskumambang watekna pikeun ngagambarkeun rasa prihatin atawa nalangsa. Contona: Duh manusa mana kaniaya teuing, teu aya ras-rasan, abong ka mahluk nu laip, nyiksa henteu jeung aturan. 144 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII 6. Pucung, watekna pikeun ngagambarkeun piwuruk papatah, wawaran béja, reuwas, atawa éling. Contona: Utamana jalma kudu réa batur, keur silihtulungan, silihtitipkeun nya diri, budi akal lantaran ti pada jalma. 7. Balakbak, watekna pikeun ngagambarkeun pikaseurieun atawa lulucon. Contona: Aya warung sisi jalan ramé pisan, Citaméng, awéwéna luas-luis jig ka dapur, ngagoréng, lalakina los ka pipir nyoo monyét, nyanggéréng. 8. Mijil, watekna pikeun ngagambarkeun sedih, tiiseun, atawa cilaka. Contona: Mesat ngapung putra Sang Arimbi, jeung méga geus awor, beuki lila beuki luhur baé, larak-lirik ningali ka bumi, milari kang rayi, Pangéran Bimanyu 9. Durma, watekna pikeun ngagambarkeun ngambek, paséa, gelut, atawa perang. Contona: Beureum bodas bandéra Indonésia, beureum tandana wani, bodas kasucian, wani sarta bener tékad, babakti ka lemah cai, béla nagara, henteu sieun ku pati. 10. Pangkur, watekna pikeun ngagambarkeun anu lumampah, napsu, atawa sadia rék perang. Contona: Seja nyaba ngalalana, ngitung lembur ngajajah milang kori, henteu puguh nu dijugjug, balik Paman sadaya, nu ti mana tiluan semu rarusuh, lurah bégal ngawalonan, aing ngaran Jayapati. 145 Bab IV BAHAN PANGJEMBAR 11. Ladrang, watekna banyol heureuy. Contona: Aki Dartam leumpangna ngagidig, gancang pisan, gancang pisan, bari aya nu dijingjing, mawa kisa eusina ucing anakan. 12. Lambang, watekna banyol heureuy. Contona: Nawu kubang sisi tegal, nyiar bogo meunang kadal, atuh teu payu dijual, rék didahar da teu halal. 13. Gambuh, watekna ngagambarkeun tambuh laku, samar polah, atawa bingung. Contona; Ari dug bedug subuh, arék hudang masih kénéh tunduh, rarasaan diengké-engké guguling, tatapi lamun diturut, tangtu salat kudu kodo. 14. Jurudemung, watekna pikeun ngagambarkeun rasa kaduhung atawa hanjakal. Contona: Badan anu katempuhan, da bongan ngalajur napsu, peurihna kapanggih, rék bongan bongan ka saha, ayeuna bati kaduhung. 15. Magatru, watekna pikeun lulucon atawa prihatin. Contona: Nun sumuhun nu ieu namina curuk, nu alit namina cinggir, anu panengah jajangkung, ari ngadi ka jariji, anu pangageungna jempol. 16. Wirangrong, watekna pikeun ngagambarkeun rasa éra, wirang, apes, atawa rugi. Contona: Deudeuh teuing nu prihatin, Rukmantara nu kabendon, sedih manahna kalangkung, henteu lirén-lirén nangis, angkat sakaparan-paran, kawas anu nuju gundam. 146 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII 17. Gurisa, watekna pikeun lulucon tamba kesel atawa pangangguran. Contona: Hayang teuing geura beurang, geus beurang rék ka Sumedang, nagih ka nu boga hutang, mun meunang rék meuli soang, tapi najan henteu meunang, teu rék buru-buru mulang. Mun ditilik tina eusina guguritan téh rupa-rupa, upamana: 1. Piwulangnaséhat upaman Wulang Krama, Wulang Murid, Wulang Guru karangan R.H.Muhamad Musa jeung Asmarandana Lahir Batin karangan R.A.Bratadiwijaya, jsb. Contona: Wulang Murid ieu tembang pangajaran, pilampaheun anak murid, poma-poma masing yatna, metakeun awak pribadi, kudu cengeng nya pikir, nya diajar masing cucud, ulah salah tarima, nu asih dipulang sengit, masing nyaah ka ibu sarta ka rama. Kacida ngarep-ngarepna, nu matak matak diperih pati, diasupkeun ka iskola, dipalar pinter jeung rajin, sepuh téh moal sudi, mun bijil teu mawa élmu, léngoh taya kabisa, rugi henteu meunang bati, taya pisan kabalesna kasusahan. Sabot aya di sakola, sepuh pirang-pirang rugi, makayakeun awak urang, sasat urang hutang asih, kudu ogé dipikir, pigeusaneun urang naur, 147 Bab IV BAHAN PANGJEMBAR nyaéta pamayarna, ku wekel temen nya ngaji, sepuh suka ningalikeun urang bisa.

2. Pangalaman Kabatinan upamana Kinanti Ngahurun Balung jeung