Pancén Kelompok BUKU GURU SUNDA KLS 8 2014

117 Bab II PITUDUH HUSUS 4. conto kalimah trilingga 1. Nu keur masak mani brang-bréng-brong di dapur 2. Basa titah maca ka hareup, jajantung mani ratug dag-dig-dug. 5. conto kalimah dwipurwa 1. Ari poé peré téh sok kesel, sapopoé ulukutek waé di imah. 2. Sapaparat jalan ngan galécok waé ngobrol. 6. conto kalimah dwimadya 1. Keun baé sababaraha ogé beuli wé, da butuh. 2. Duit ngan sakikituna, hayoh dipénta.

D. Pancén Kelompok

NO KAGIATAN 13. Dina pancén kelompok, murid ngawincikngaanalisis unsur-unsur intrinsik anu aya dina carpon Tarawéh karangan Alzahra Pramanik. Mimitina murid dikelompokkeun anu sakelompokna opat urang. Tuluy unggal kelompok diukna sina ngariung. 14. Murid maca carpon Tarawéh kalawan gemet. Guru kudu niténan, bisi aya anggota kelompok anu gawé bareng jeung kelompok séjénna, buru-buru dicaram. Anu dipiharep, hasilna rupa-rupa pamanggih ti unggal kelompok pikeun bahan diskusi kelas. 15. Jawaban pananya ngeunaan carpon Tarawéh: 1. Galur caritana dimimitian ku kuring nyaritakeun datangna bulan puasa. Si kuring nyaritakeun pangalamanna salila ngalakonan ibadah puasa. Ti mimiti beurang nepi ka waktuna buka. Lain ngan sakadar ngadéskripsikeun kajadian lahir wungkul, tapi ogé nyaritakeun kajadian batinna perasaanna dina waktu ngalakonan puasa. Réngsé buka, tuluy indit tarawéh jeung kulawargana. Dina waktu tarawéh Si Kuring diukna sok ngaréndéng jeung mamahna. Si kuring nyaritakeun rupa-rupa pamolah barudak lalaki sapantaranana salila solat tarawéh. Dina waktu nangtung, waktuna ruku, jeung waktuna sujud. Estu loba pikaseurieunana. Nepi ka dina peutingan pangahirna, aya kajadian anu matak guyur seuseurian saréréa, nyaéta dina sujud anu panungtung. 118 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII Harita imam lila pisan sujudna. Si Kuring gé ngagambarkeun kumaha keselna nonggéng salila-lila. Keur kitu, aya nu iseng nyebut Allahu Akbar. Atuh loba jamaah anu katipu, da disangkana komando ti imam, ngadon cengkat méméh waktu. Atuh saréréa jadi saleuseurian. Ceuk mamahna Si Kuring mah éta téh lantaran imam can masagi élmu kamanusaanana. 2. Palaku utama dina carpon Tarawéh nyaéta Kuring. Palaku panambahna aya Mamah, Bapa, Adé, Ustad, jeung barudak lalaki anu kasebut ku tokoh kuring. Husus palaku Mamah milu ngalalakon malah milu nyarita najan ukur dicutat omonganan ku tokoh kuring. 3. Watek palakuna, tokoh kuring nurut pisan ka indungna. Tokoh Mamah tegas dina ngatik putra-purina sarta tukuh kana bebeneran jeung wijaksana. Tokoh séjénna mah teu pati kagambar dina carita. 4. Latarsetting waktuna. Tempatna di imah kuring jeung di masigit. Waktuna beurang jeung peuting dina waktuna solat tarawéh. 5. Témana ngeunaan kaagamaan. 6. Amanatna nyaéta ulah sok ngaheureuykeun ibadah sarta mun jadi imam kudu nu masagi élmuna, boh élmu kaagamaanna boh élmu kamanusaanna. 7. Kecap-kecap anu langka dipaké dina paguneman sapopoé: a. Tikoro nyaéta bagian beuheung paranti ngaliwatna dahareun b. lébér hartina pinuh nepi ka mudalllimpas c. tanggal lilikuran nyaéta tanggal sanggeus tanggal 20. Tanggal 21 disebutna tanggal salikur, tanggal 22 dua likur, jeung saterusna. d. rempeg hartina lobaan nu datangna nepi ka pinuh bari lengkep 8. Larapna dina kalimah: a. tikoro, hartina liliwatan kadaharan atawa cai tina sungut kana beuteung; mungguh di jelema atawa di sabagian sato héwan. 1. Nempo dahareun anu sakitu pikabiateunna, tikoro elok- elokan. 2. Keur halabhab nginum cai tiis, mani asa ngageleser kana tikoro téh. b. lébér, hartina pinuh teuing ku cai nepi ka rata jeung sisina nu jadi wadah tampolana nepi ka mudal 1. Nyician gelas téh mani nepi ka lébér, atuh caina ngalémbéréh kana méja. 2. Nu datang rapat téh loba pisan, nepi ka nu dariuk ogé lébér ka émpér balé. 119 Bab II PITUDUH HUSUS c. tanggal lilikuran, hartina tanggal dua puluh ka luhur 1. Dina tanggal lilikuran bulan puasa sok loba nu silihanteuran dahareun. 2. Piknik téh alusan mah engké baé tanggal lilikuran. d. rempeg, hartina loba bari lengkep 1. Alhamdulillah nu datang ka pangaosan téh rempeg minggu ieu mah. 2. Basa aya pintonan tembang Cianjuran, nu lalajo rempeg pisan. 9. Nu kaasup kecap rajékan dwiréka dina carpon Tarawéh: 1. ngeunah-ngeunahna : asal kecapna ngeunah, disebut dua kali sagemblengna sarta ditambahan ku rarangkén tukang –na. Disebutna ngarajék binarung ngararangkénan. Kaasup kecap rajékan dwimurni. ngeunah + R + -na 2. sabalad-balad: asal kecapna balad, disebut dua kali sagemblengna sarta ditambahan ku rarangkén hareup sa-. Ngarajék binarung ngararangkénan. Kaasup kecap rajékan dwimurni. sa- +R+ balad 3. sapopoé : asal kecapna poé, disebut dua kali engang mimitina wungkul ditambahan ku rarangkén hareup sa-. Disebutna kecap rajékan dwipurwa binarung ngararangkénan. sa + R + poé 4. ngaburu-buru: asal kecapna buru, disebut dua kali sagemblengna sarta ditambahan ku rarangkén hareup nga-. Ngarajék binarung ngararngkénan. Kaasup kecap rajékan dwimurni. nga- + R + buru 5. patarik-tarik: asal kecapna tarik, disebut dua kali sarta ditambahan ku rarangkén hareup pa- . Ngarajék binarung ngararangkénan. Kaasup kecap rajékan dwimurni. pa- + R + tarik 6. pinuh-pinuh : asal kecapna pinuh, disebut dua kali sagemblengna. Kecap rajékan dwimurni. R + pinuh 7. brak-bruk asal kecapna bruk, disebut dua kali bari dirobah vokalna. Disebutna kecap rajékan dwiréka. R + bruk 8. béak-béak: asal kecapna béak, disebut dua kali sagemblengna. Disebutna kecap rajékan dwimurni. R + béak 120 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII

E. Nulis Carita Pondok