60
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
PANGAJARAN 4
SISINDIRAN
PANGANTEUR
Guru ngayakeun aprsépsi anu matak ngahudang karep diajar murid. Alusna mah lian ti matalikeun pangajaran anu saméméhna jeung anu rék ditepikeun
ayeuna, bisa ogé ditambahan ku heureuy anu patali jeung bahan pangajaran, sangkan suasana diajar henteu kaku sarta uteuk murid jadi santéy. Upamana
ayeuna rék diajar sisindiran, guru bisa nyieun sisindiran kieu:
Ngala tisuk ka Cikumpay Taringgul jalan ka candi
Isuk-isuk enggeus heuay Pasti tadi acan mandi
Cuuuung saha anu can mandi?...... Taringgul jalan ka candi
Dagang jagong teu digaleuh Ngaku-ngaku enggeus mandi
Dina panon aya cileuh....... Lamun murid geus seuseurian, hartina suasana diajar geus kondusip, guru
bisa ngamimitian ngawahan asup kana pangajaran poko.
KAGIATAN DIAJAR
A. Maca Sisindiran dina Paguneman
NO KAGIATAN
1. Méméh diajar, guru nepikeun tujuan pangajaran poé éta nyaéta
saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid paham kana wangun jeung eusi sisindiran, bisa ngabédakeun antara paparikan, rarakitan, jeung
wawangsalan, sarta bisa nulis dina wangun sisindiran.
61
Bab II
PITUDUH HUSUS
2. Guru ngajak murid muka buku dina pangajaran opat, nyaéta sisindiran.
Lantaran dina bagéan maca sisindiran anu dibacana teks paguneneman, guru nunjuk murid anu bakal merankeun Andi, Dadan, Rina, jeung
Nunur. Sésana jadi barudak. Peran guru mah langsung waé ku guruna, sangkan murid bisa nurutan lentong nyaritana. Dina macakeun
sisindiranna, bisa ku lagam biasa, bisa ogé bari dikawihkeun dina lagam pantun.
3. Sanggeus tamat sakali pagunemanana, alusna dibalikan deui. Tapi anu
merankeunna diganti. Lian ti méré kasempetan ka murid sina maca, ogé sangkan murid bisa paham kana eusina. Sugan ari dibalikan deui
dibalikan deui mah aya nu nyerep eusina.
4. Mun geus sababaraha balik dipagunemkeun, kakara guru jeung murid
ngayakeun tanya-jawab ngeunaan sisindiran anu aya dina paguneman tadi. Teu kudu nyosok jero, cukup medar naon anu ditanyakeun ku
murid wungkul.
B. Nyangkem Sisindiran
NO KAGIATAN
Sabada réngsé ngaragakeun paguneman tadi, guru mimiti medar naon anu dimaksud sisindiran. Samémh nincak kana matéri anu aya dina
buku murid, guru ngajéntrékeun heula kieu: Sisindiran dina sastra Sunda sarua jeung pantun dina sastra Indonesia.
Wangunna aya cangkang aya eusi. Diwangun ku opat jajar, dua jajar cangkang dua jajar eusi. Nurutkeun wangunna, aya nu disebut paparikan,
rarakitan, jeung wawangsalan. Kecap paparikan asal kecapna parikan tina basa Jawa. Asal kecapna tina parik anu hartina sarua jeung parek
nyaéta deukeut. Kecap parek ogé aya dina basa Sunda sarta hartina sarua deukeut.
62
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
5. Ngan kecap parikan dina basa Jawa teu ditarjamahkeun jadi parekan
dina basa Sunda, lantaran kecap parekan dina basa Sunda mah miboga harti anu dekeut jeung raja atawa sok disebut ogé selir. Lantaran bisi
saru hartina, nya kecap parikan dina basa jawa dirajék dwipurwa, jadi paparikan.
Rarakitan ngandung harti papasangan. Pantun sok disebut rarakitan lantaran aya anu sapasang-sapasang nyaéta cangkang jeung eusi. Tapi
dina sisindiran basa Sunda mah anu disebut papasangan téh lain cangkang jeung eusina, tapi aya kecap dina cangkang anu dibalikan
deui dina eusi. Jadi sapasang-sapasang atawa sarakit-sarakit. Contona: Sapanjang jalan Soréang
Moal weléh diaspalan Sapanjang tacan kasorang
Moal weléh diakalan
Sedeng wawangsalan sarua kecapna tina basa Jawa, wangsalan. Anu ieu mah teu diwangun ku opat jajar, tapi ngan dua jajar. Sajajar cangkang
jeung sajajar eusi. Dina cangkang rék jiga tatarucingan atawa teteguhan. Sedeng dina jajaran eusi ogé henteu langsung kaciri nonggérak, tapi
nyumput dina kecap anu murwakanti jeung eusi tarucingna.
6. Sabada dibéré panganteur jiga tadi, kakara murid dituyun sina maca
bagéan B Nyangkem Sisindiran dina buku cecekelan murid. Guru kudu parigel ngajéntrékeun naon anu aya dina buku murid, sangkan
murid bener-bener paham kana maksudna. Ieu hal kacida pentingna, lantaran murid diperedih bisa nulis sisindiran.
7. Murid ngimeutan pedaran ngeunaan sisindiran anu aya dina paguneman,
nepi ka bisa nyangkem maksudna. Nu kudu kacangkem téh papasingan sisindiran dumasar kana wangun jeung eusina.
C. Nulis Sisindiran