20
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
25. Eusi kawih Sabilulungan.
a. Pada kahiji: Kawih sabilulungan ngajak ka masarakat Sunda sangkan hirup
sabilulungan, gotong-royong jeung silihrojong keur némbongkeun beungkeutan persatuan. Ku hirup sabilulungan kakuatan rayat
téh bakal leuwih kuat jeung rongkah. Kitu deui mun geus sajiwa, moal aya pacogrégan antara rayat jeung rayat.
b. Pada kadua: Ngajak hirup sauyunan, silihpikahéman, jeung silihtulungan sangkan
beungkeutan persatuan beuki kuat. Rayat bakal raharja sarta samakta samagréng ku pakarang mawa kana sikep teuneung
ludeung enggoning nanjeurkeun kawibawaan.
26. Sabada réngsé, kelompok tilu jeung kelompok opat, giliran ka hareup,
ngawihkeun jeung macakeun hasil paniténna kana kawih Sabilulungan. Kagiatan anu ieu ogé ditungtungan ku diskusi kelas.
27. Kelompok dua jeung kelompok tilu babarengan nyindekkeun hasil
diskusi.
3. Kawih Ka Bulan
Pancén kelompok lima jeung genep NO
KAGIATAN
28. Guru merenahkeun kelompok lima jeung kelompok genep pikeun
nalungtik jeung medar kawih Ka Bulan. Sarua kelompok ieu gé tempat diukna ulah dideukeutkeun.
29. Guru nyontoan ngawih atawa nyetél kasét kawih Ka Bulan.
30. Murid kelompok lima jeung genep diajar kawih sabilulungan nepi ka
bisana.
31
Murid néangan kecap-kecap anu teu kaharti dina kamus sarta dilarapkeun kana kalimah:
1. Pareng, hartina kabeneran bisa ngalaksanakeun maksud Larapna dina kalimah:
a. Mun pareng nyaba ka Jakarta, arék meuli kerak telor sing loba. b. Mun kabeneran kalaksanakeun mah hayang sakola ka Amérika.
21
Bab II
PITUDUH HUSUS
2. sagara, hartina laut Larapna dina kalimah:
a. Pamayang ngala lauk di sagara. b. Pamayang ngala lauk di laut.
3. ngaronjatkeun, hartina ningkatkeunngamajukeun Larapna dina kalimah:
a. Pamaréntah nyieun rupa-rupa tarékah pikeun ngaronjatkeun budaya Sunda.
b. Pamaréntah nyieun rupa-rupa tarékah pikeun ningkatkeun budaya Sunda.
32. Témajejer kawih Ka Bulan nyaéta kanyaah kana budaya Sunda.
33. Purwakanti kecap dina kawih Ka Bulan nyaéta:
-. Nincak ka bulan murwakanti dina sora a - hayang mawa, baraya murwakanti dina sora a
- moal réa barangbawa murwakanti dina sora a - dibawa, kabaya murwakanti dina sora a
- hayu batur murwakanti dina sora u - bulan, nagara murwakanti dina sora a
- urang rumah tangga murwakanti dina sora a - loba siga di dunya murwakanti dina sora a
- bulan mah, béja, béda, dunya murwakanti dina sora a - ukur batu murwakanti dina sora u
- ngahaja, baraya murwakanti dina sora a - nandéan, cimata murwakanti dina sora a
- nincak ka bulan murwakanti dina sora a - hayang, budaya Sunda murwakanti dina sora a
- ketuk tilu murwaanati dina sora u - sanajan pindah ka bulan murwakanti dina sora a
- ka bulan urang ka bulan murwakanti dina sora a
34. Eusi kawih Ka Bulan téh nyaritakeun hiji jalma anu ngalamun sugan hiji
waktu diparengkeun nincak ka bulan. Cenah rék mawa nini aki jeung baraya. Lian ti éta mah moal mawa nanaon deui iwal samping jeung kabaya
anu jadi ciri pakéan wanoja Sunda. Tuluy manéhna ngajak nyieun nagara. Tapi lamun pareng rumah tangga ulah loba budak jiga keur di dunya,
meureun bisi heurin usik jiga di dunya. Najan hésé cai, teu jadi pasualan, rék mandi mah ngumpul waé ceurik babarengan. Cimatana ditandéan
kana batok, keur mandi. Mun geus nyieun nagara di bulan, manéhna boga tékad rék ngaronjatkeun budaya Sunda. Jadi, ketuk tilu jaipongan
ogé moal leungit sanajan geus cicing di bulan. Tah kitu lalamunan anu nyieun kawih téh.
22
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
35. Diskusi anu katilu, giliran kelompok lima jeung genep anu maju,
ngawihkeun jeung macakeun hasil paniténna kana kawih Ka Bulan. Sarua kagiatan ieu ogé ditungtungan ku diskusi kelas.
36. Kelompok lima jeung kelompok genep babarengan nyindekkeun hasil
diskusi.
4. Kawih Mojang Priangan