Niténan Carita Pondok

116 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII

C. Niténan Carita Pondok

NO KAGIATAN 8. Lamun murid geus paham kana eusi carpon Duh Indung, ayeuna dituyun sina niténan carpon Runtah karangan Rahmaida. Kagiatan anu ieu ogé dimimitian ku murid macakeun carpon kalawan bedas. Bisa dibaca ku duaan atawa ku tiluan. 9. Rngsé maca, murid tuluy niténan pedaran ngeunaan unsur-unsur anu aya dina carpon Runtah. 10. Dina carpon Runtah, loba kapanggih kecap anu dibalikan deui. Ku kituna karasa perlu pikeun ngajéntrékeun éta kecap-kecap ditilik tina jihad kabasaan. Kecap anu dibalikan deui téh disebutna kecap rajékan. Aya anu disebut dua kali sageblengna saaslina kecap asal , aya ogé anu disebut dua kali bari jeung dirobah vokalna. Anu teu dirobah disebutna kecap rajékan dwimurni, sedeng anu dirobah disebutna kecap rajékan dwiréka. Dina kecap rajékan dwiréka, pikeun nyirian kecap asalna nyaéta kecap anu kadua. upamana: bulak-balik, anu jadi kecap asalna kecap anu kadua kadua, nyaéta balik. Guru cukup nerangkeun kecap rajékan anu aya dina bacaan baé, iwal aya murid nu nanyakeun kecap séjénna, kakara guru kudu ngajéntrékeun. 11. Pikeun nambahan pangaweruh murid, guru nerangkeun kecap rajékan anu sacara gurat badagna aya dina buku cecekelan murid. Tambahan conto-conto kecapna ngarah murid babari ngarti. 12. Murid migawé latihan ngeunaan kecap rajékan. jawaban latihanana: 1. a. hareup + R + pa- = pahareup-hareup b. bisa + R + sa- = sabisa-bisa c. alus + R + sa-na = saalus-alusna d. tawar +R + di-keun = ditatawarkeun e. bodo + R + di- = dibobodo f. peuting +R + sa- = sapeupeuting g. murah + R + di- = dimurah-maréh h. tilep + R + ka- = katulap-tilep 2. conto kalimah dwimurni 1. Ngalongokan nu gering téh ngan saliwat-saliwat. 2. Isuk-isuk geus mumuluk sangu sapiring. 3. conto kalimah dwiréka 1. Manéhna ngan bulak-balik baé ka cai. 2. Ari meuntas jalan téh kudu luak-lieuk, bisi kadupak mobil. 117 Bab II PITUDUH HUSUS 4. conto kalimah trilingga 1. Nu keur masak mani brang-bréng-brong di dapur 2. Basa titah maca ka hareup, jajantung mani ratug dag-dig-dug. 5. conto kalimah dwipurwa 1. Ari poé peré téh sok kesel, sapopoé ulukutek waé di imah. 2. Sapaparat jalan ngan galécok waé ngobrol. 6. conto kalimah dwimadya 1. Keun baé sababaraha ogé beuli wé, da butuh. 2. Duit ngan sakikituna, hayoh dipénta.

D. Pancén Kelompok