Sisindiran Kiai Kurdi Sisindiran H. Hasan Mustapa Sisindiran Jaman Jepang Sisindiran dina Tembang Sunda Papatét

161 Bab IV BAHAN PANGJEMBAR Cukleuk leuweung cukleuk lamping, jauh ka sintung kalapa, lieuk deungeun lieuk lain, jauh ka indung ka bapa. Peupeujeuh ari ka dayeuh, meuli kupat jeung goréngan, peupeujeuh ari geus euweuh, ulah gupat kagoréngan.

4. Sisindiran Gondang

Jeruk paséh pipir balé, ulam peueut iwung bitung, nu kasép calik di balé, baeu disaur ka lisung. Ngala supa di Jumaah, ditalian ku sampora, neda suka neda maap, kuring arék amit nyora. Juragan nu ngajul jeruk, kuring anu ngadéngdéngan, juragan ulah rék giruk, kuring anu ngagandéngan. Merak rambay di Pakuan, tutunggangan widadari, munding tilu hirup deui, midangdam henteu karuhan, rék ceurik ka teu-teu ari, seubeuh hirup nimu deui. Ngala supa di Jumaah, diwadahan na téténong, neda suka neda maap, urut kuring loba omong.

5. Sisindiran Kiai Kurdi

Aya beurit dina gigih, kaséréd tuluy kokoréh, ku arit moal kapanggih, ku koréd moal kakoréh. 162 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII Kitri dipaké cipati, palita dianggo cuka, ku santri moal kapanggih, ku pandita moal kabuka. Nya lunglum diapké bantun, dipaké ku jalma pikun, mun rék katujum ku pantun, nu turun ti kun payakun.

6. Sisindiran H. Hasan Mustapa

Jaksi belang jaksi hideung, pandan laut kukuncungan, Bisi melang bisi nineung, imut heula urang di panungtungan. Pileuleuyan urang cangkang béas, huut sajeroning kéjo, pileuleuyan urang bisi waas, imut heula urang sajeroning nénjo. Cau gunung kolé dayeuh, cadas ngampar meureun goléndangan, jauh ka gunung mending ka dayeuh, loba ketan dikacangan. Euleung euy, euleung, dikurkur di unggal lembur, disayangan kari cangkang, eureun euy, eureun, ditutur kalah malabur, ditéang kalah kalangkang. Euleung euy, euleung, salah baca salah maca, tibalik nyirianana, eureun euy, eureun, salah ngaca salah kaca, tibalik sarianana.

7. Sisindiran Jaman Jepang

Cau ambon cau raja, cau lampung cau batu, boga raja urang nippon, urang kampung henteu nyatu. 163 Bab IV BAHAN PANGJEMBAR Melak jarak jeung kaliki, diatur di sisi jalan, keur harak sagala beuki, paré batur dikunjalan. Ngala acung ngala ileus, diiring ku tatabeuhan, gering nangtung badan leuleus, katambah ku babareuhan. Sukaréla modél Jepang, diiring serdadu Syantung, mun béla ulah kapalang, abdi eukeur nuju bingung. Gulali kuéh kelepon, jawadah awur-awuran, Ustrali éléh ku Nippon, henteu weléh tatambalan. Hirup kumbuh gotong royong, bekerja bersama-sama, hirup ripuh beuteung kosong, bujalna ka mana-mana.

8. Sisindiran dina Tembang Sunda Papatét

Ka mana jalan Téspong ka Bandung da puguh jauh, ka cai aim da tiris, tiris sieun kahujanan, ka mana abdi nya nepong, ka indung da puguh jauh, ka gusti abdi aringgis, inggis sieun kaédanan. Ka mana abdi nya mandi, mun walungan dipindahakeun, ka gunung abdi teu wantun, barala sieun berhala, ka saha abdi nya ngabdi, mun dunungan rék ninggalkeun, ka indung puguh geus ngantun, baraya taya nu béla. Nimang 164 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII Néléngnéngkung, néléngnéngkung, geura gedé geura jangkung, geura nyiar élmu luhung, geura makayakeun indung. Lunta ka tungtung Cipandak, dugi kana babantarna, cintana indung ka anak, sesah milari pantarna. Ngalanglang tungtung Cipandak, lepas ningal sagarana, melangna indung ka anak, langkung ti ka salirana. Geus subuh di Mégamendung, isuk ka tungtung Cimanggu, geus puguh waktu ngakandung, diuk nangtung téh kaganggu.

9. Sisindiran dina Kawih Soloyong