8
P am
ek ar
D iaj
ar
BAS A
S U
N D
A B
uk u T
ut ur
us G
ur u SMP
MT s Ke
las V
III
H. Péta Konsép
Kaparigelan Basa
Warta
- Rupa-rupa warta
- Maca warta dina majalah
- Maca warta dina televisi
- Analisis teks warta
- Nulis warta Apresiasi Sastra
- Maca rupa-rupa teks biantara
- Struktur biantara - Padika biantara
- Nulis biantara - Nepikeun
biantara - Maca bahasan
budaya Sunda - Analisis bahasan
- Struktur bahasan - Nulis bahasan
- Rupa-rupa surat
- Mikawanoh wangun surat
- Nganalisis struktur surat
- Nulis surat Kawih
- Ngaregepkeun kawih
- Rupa-rupa kawih
- Mahamkeun eusi kawih
- Analisis rumpaka
kawih - Ngahaleuang-
keun kawih - Nembangkeun
guguritan - Mikawanoh
wangun puisi guguritan
- Analisis patokan pupuh
- Nyangkem eusi puisi
guguritan - Nulis puisi
gugutritan - Mikawanoh ciri-
ciri sisindiran - Sisindiran dina
paguneman - Ngaanalisis
sisindiran - Nulis sisindiran
- Maca sisindiran wangun drama
- Maca carita pondok
- Unsur-unsur inttrinsik dina
carita pondok - Pedaran carita
pondok - Ngaanalisis
unsur-unsur carita pondok
- Nulia carita pondok
Pangajaran Kelas VIII
Biantara Bahasan
Surat Guguritan
Sisindiran Carita
Pondok
9
Bab II Bab II
Pituduh
Husus
10
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
PANGAJARAN 1
KAWIH
PANGANTEUR
Dina kawih, aya dua widang ulikan, nyaéta widang seni jeung widang basa. Ngawih mah asupna kana widang seni, sedeng rumpakana asup kana widang basa.
Dina pangajaran kawih di dieu, tangtu baé dina ulikan basa. Hartina, anu kudu digulanggapér ku murid téh rumpakana. Murid kudu paham kana eusina, ngarti
kana kecap-kecap anu dipakéna, mikawanoh mamanis basa atawa purwakarti anu nambahan kaéndahan rumpaka kawih. Parandéné kitu, ari ngahaleuangkeun
kawihna mah, najan teu wajib ogé, kawilang perlu. Murid kudu apal kumaha lagamna éta kawih sangkan beuki karasa kaéndahan rumpakana. Di handap
dibéréndélkeun léngkah-léngkah kagiatan diajar pikeun ngajarkeun kawih. Tapi najan geus aya béréndélanna ogé, teu nutup kamungkinan guru di kelas nyieun
kreativitas séjén sangkan bahan paangajaran babari kacangkem ku murid
KAGIATAN DIAJAR
A. Ngaregepkeun Kawih
NO KAGIATAN
1. Sanggeus panitén murid museur ka guru, kakara guru nepikeun tujuan
pangajaran poé éta. Dina pangajaran hiji mah murid rék diajar kawih. Sanggeus diajar kawih dipiharep murid bisa mahamkeun eusina, mikaharti
kecap-kecapna, néangan purwakantina, jeung ngahaleuangkeunana.
2.
Pikeun museurkeun panitén murid, saméméh der ngawihkeun kawih anu jadi matéri poko pangajaran, aya hadéna guru ngajak murid
ngahaleuangkeun kawih Sunda anu geus dipikawanoh ku murid. Upamana Mobil Butut. Murid dibébaskeun némbongkeun eksprésina
salila ngahaleuang babarengan. Teu nanaon bari tatalu ogé, méh nambahan sumanget ka barudak.
MOBIL BUTUT Mobil butut, kaluaran baheula
Sajaman jeung, bedil sundut harita Ayeuna mah mobil butut geus jarang
Nambangan gé, di kota gé geus dilarang
11
Bab II
PITUDUH HUSUS
Turutut tut tut, mobil majuna ngidul Mogok di jalan, radiatorna ngebul
Kenékna turun, nyiuk cai di solokan Mobilna nginum, kawas kebo dimandian.
3 Réngsé ngahaleuang babarengan, guru ngajéntrékeun yén ayeuna rék
diajar kawih Sunda anu rupa-rupa témana. Tah pikeun kawih anu munggaran, anu bakal disétél téh kawih anu témana kapahlawanan. Tuluy
guru nataharkeun alat pikeun nyetél kawih, bisa VCD jeung TV, atawa laptop jeung infokus. Tapi lamun can sadia alat éléktronik, nya wayahna
guru kudu nyontoan ngahaleuang kawih “Pahlawan Toha.” Murid sina ngabandungan sing saregep.
4 Lamun murid can apaleun kawihna, pangajaran ulah waka dituluykeun.
Terus baé bulak-balik diajar ngawih babarengan. Mimitina sakelas babarengan. Mun murid geus rada apaleun, tuluy dua baris dua baris.
Geus kitu tuluy sabaris-sabaris. Ku cara kitu, murid bakal téréh apalna.
B. Mahamkeun Eusi Kawih