107
Bab II
PITUDUH HUSUS
8. Basa anu dipaké dina surat ondangan hajat basa lemes 9. anu kudu aya dina surat ondangan hajat tapi dina conto di luhur
teu disebutkeun: a. tujul surat
b. turut mengundang c. acara hiburan
D. Medar Surat
NO KAGIATAN
19. Murid ngabandungan katerangan guru ngeunaan surat. Dina kateranganna
guru nétélakeun kaayaan jeung pungsi surat dina kahirupan manusa jaman kiwari anu geus singsarwa digital. Upamana pungsi surat tinulis
geus diganti ku surat éléktronik email. Kitu deui pungsi surat resmi jeung pribadi geus diganti ku sms atawa bbm. Guru méré conto deui
ondangan, boh pribadi boh resmi, dina wangun sms atawa bbm.
20. Keur pangeuyeub-euyeub pangaweruh murid, tambahkeun pedaran
kieu: Surat téh mangrupa sarana pikeun nepikeun informasi atawa wawaran
béja anu ditulis biasana dina keretas ka pihak séjén, boh minangka wawakil diri boh wawakil organisasi. Informasi atawa wawaran téh bisa
mangrupa katerangan, laporan, paménta, gagasan, atawa pikiran anu rék ditepikeun ka pihak séjén.
Ngarang surat téh salahsahiji kaparigelan ngagunakeun basa tinulis. Dina hiji orgaisasi, kudu aya anu bisa nyieun surat, biasana girang serat,
lantaran surat téh alat komunikasi resmi organisasi antara pangurus jeung pangurus atawa pangurus jeung anggota lamun rék ngayakeun
babadamian. Sabenerna, bisa ogé maké ondangan lisan, ngan lamun nu diondang teu hadir, teu bisa dipénta tanggung-jawabna lntaran
waktu ngondangna teu aya bukti tinulis. Ongkoh deuih mun ku surat, bakal ngagampangkeun dina nyusun administrasi organisasi. Kagiatan
organisasi bakal jelas, iraha ngayakeun riungan jeung naon baé nu dibahas dina riungan, bakal kanyahoan. Ku kituna, moal aya kagiatan
anu patumpang-tindih.
Sakabéh conto surat dina wangun sms anu aya dina buku cecekelan murid, boh nu pribadi boh nu dines, dipedar hiji-hiji babarengan.
Ditéangan ciri-cirina, gaya nulisna, jumlah karakterna, unsur-unsurna, jsb. sangkan murid aktip, dina ngoréhanna maké téhnik diskusi kelas.
108
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
21. Contona:
Uleman “Harmoni Kawih Bandung” Pidangan 20 kawih karya Kang Ubun R. Kubarsah. Dihaleuangkeun ku Rita Tila, Rosyanti, Nénéng
Dinar, Ujang Bejo, Dian Héndrayana, Tedi S. Diar, Daséntra grup. Jumat 8 Nov 2013. Pukul 20.00 – 22.00 WIB. Di Padépokan Seni Mayang
Sunda Jln. PETA No. 209, Bdg. Acara terbuka untuk umum gratis.
PS. Mayang Sunda. Disbudpar Kota Bdg. Dina conto sms ondangan di luhur bisa dipedar :
1. ciri-cirina: - tulisanna pondok - antara maksud jeung maksud ukur dipisahkeun ku
titik - Sakabéh kalimah mangrupa pikiran poko.
2. gaya nulisna: pondok, ringkes, tapi padet. 3. jumlah karakterna: kurang leuwih 300 karakter
4. unsur-unsurna:
a. Jejerna nyaéta ondangan ngahadiran acara Harmoni Kawih Bandung.
b. Acarana nyaéta midangkeun 20 kawih karya Kang Ubun R. Kubarsah.
c. Anu ngaheulangkeunna nyaéta Rita Tila, Rosyanti, Nénéng Dinar, Ujang Bejo, Dian Héndrayana, Tédi S. Diar.
d. Anu ngayakeun acarana nyaéta Daséntra Grup. e. Diayakeunna nyaéta poé Jumaah tanggal 8 Novémber 2013,
pukul 20.00 -22.00 WIB. f. Diayakeunna acara di Padépokan Seni Mayang Sunda Jln. PETA
No. 209 Bandung. g.
Nu ngondangna nyaéta Padépokan Seni Mayang Sunda Disbudpar Kota Bandung
Jadi sanajan ditulis pondok tur ringkes, tapi nyumponan sakabéh unsur anu kudu aya dina surat ondangan.
22. Murid migawé latihan conto surat ngaliwatan sms.
Jawaban latihanana: 1. jejer sms ondangan resmi:
a. ngahadiran acara Harmoni Kawih Bandung b. ngahadiran acara bedah buku Antologi Sajak “KATUMBIRI”
c. ngondang ngahadiran Temu Sastrawan Jabar 2. jejer sms pribadi:
a. jangjian ngajak tepung di Alun-alun Bandung b. ngabudalkeun kakeuheul ka indung ka babaturanana
c. ngajak lalajo band di Alun-alun
109
Bab II
PITUDUH HUSUS
23. soal nomer tilu jeung nomer opat dipigawé langsung ku murid. Guru
mariksa jeung memener lamun aya anu teu luyu jeung aturan nulis surat.
E. Pancén